Hadeeeeeee asoooy geboy Mang Hasan.... Maca tulisan Mang Oman, Mang Abdurahman jeung Mang Ocha terus terang nambahan elmu pangaweruh jampe pamake euy hahaha.
Sok ah galuaran kadinyah nu penting ceuk Mamang mah ulah nepi nyieun kasimpulan akhir/ final... Lamun geus kitu nya hese rek neang lolongkrang keur mere teori/ pamikiran anyar :). Ari scientist/ elmuwan beneran mah pan kitu terus ditalungtik nepika nyaho detil jero-2an nana. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 25 Jul 2013 19:11:30 To: Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Re: [Asal-usul Manusa] Sababaraha pamadegan jeung panujulan Eusina mah can dibaca. Ngan uing rek ngajempolan heula Kang Ocha. Dumeh nulisna geus pikaresepeun nu maca (uing). Teu patengtongan deui jiga biasana, pacampur aksara baredegul. 2013/7/25 Roza R. Mintaredja <[email protected]> > ** > > > Kg Oman kidulur, memang ngaguar pasualan Wiwit manusa atawa wiwit > kahirupan can pernah atawa (boa) moal rengse2? > Kabeh boga pamadegan anu argumentasina oge logis. Ngan kakuatan > argumentasi ieu , teu jauh tina sesebutan ciga teori relatifna Einstein. > Conto, dina teori Big Bangna Stephen Hawking. Apanan sakitu > diseungseurikeunana ku para ilmuwan harita ( 21 taun katukang). Aya hanteu > ayana kontak batin dina masalah padungdengan ieu, memang geus wayah buka > misteri, ditambah makin kritisna otak manusa anu pinuh ku pasualan2 > metafisika anu kiwari makin sakitu mahabuna. Sapertos guaran akg yen Adam > dilahirkeun, eta teu jauh jeung dialog endog heula atawa hayam heula. > Saderhanana , Adam turun ti Sorga teh aya logika diturunkeun ti planet > sejen, atw boa galaksi sejen. Adam versi Timur tengah/agama, apanan teu > leuwih ti 20 rewu taun katukang? Ari Homo sapiens (manusia cerdas), nyata > geus aya ti 100 rewu taun katukang. Kumaha posisi manusa Sunda ti Sunda > Land anu umurna 1,5 yuta tan katukang, anu kiwari katelah Phitecantropus, > manusa Jawa kuna ? Tidieu katempo aya friksi antara sajarah "agama" jeung > teori Antropologi/asal usul manusa. Jeung hiji deui anu moal beak2 di guar, > sabab dina kayakinan masing2 umat, nyaeta masalah ka Gustian. Heu... > > Kg Oman lan Baraya sadaya, > Makin loba anu nyarieun atawa ngaguar hal kasebut dina wangunan tertulis > atawa buku, boh sipatna ilmiah, sipat metafisik, sipat teori kamungkinan, > sipat futuristik science. Conto aya dulur ,ngaran Dicky Zaenal Arifin mere > buku ka kuring judul ARCHYTIREMA dina wangunanTrilogi. Geus dicitak dua > kali ti taun 2011Nyaritakeun saha Aki Tirem teh? Aya hiji bangsa anu > disebut Lemurian. Aya basana yeung hurupna ditulis dina buku kasebut. Dina > kamandangna mimiti kahirupan di dunya teh ti kl 1,5 milyar taun > katukang.??? ( umur bumi kl 5 milyar taun ). Eta bangsa Lemurian numutkeun > kamandangna, BISA PULANG ANTING ANTAR GALAKSI. Jadi mun bumi keur > hareudang, maranehna pindah pindah we ka galaksi sejen. Beuh...! > Cag ah, sabari ngabuburit. > hn*R3M > >
