Wa Ntit Mamang mah sanes di Kabupaten Cirebon tapi di Kabupten Kuningan di suku 
Gunung Ciremai hehehe.

Ari Cikalahang mah Desa di Kabupaten Cirebon anu berbatasan jeung Kabupaten 
Kuningan, tah Talaga Remis mah di Kabupaten Kuningan nami desa-na Desa Kaduela 
ari Desa Cikalahang mah di Kabupaten Cirebon, Desa Cikalahang ieu deukeut 
Talagaremis jadi lamun jalan ti Cirebon rek ka Talagaremis pasti ngaliwatan 
jalan desa ieu. 

Di Desa ieu loba Restoran Ikan Goreng/ Bakar anu terkenal ngarana Kharitzma. 
Ari Wisata Air Cikalahang mah teu apal dipalebah mana ngan disapanjang jalan 
menuju Talaga Remis eta loba restoran jeung kolam renang.

Di Talaga Remis oge ayeuna tos aya kolam renang, ayeuna ngeureuyeuh keur di 
tata ku Bupati Kuningan, kabeneran ieu masa bakti terakhirna hayang mere kado 
ka Warga Kuningan ceunah jadi ayeuna jalan-2 di Kuningan loba nu di aspal ku 
hotmix, obyek wisata nu aya di kuningan mulai ditata supaya hade ti mimiti 
Waduk Darma, Kolam Terapi Cigugur, Balong Dalem, Pendakian Linggajati Cibunar, 
Taman Monyet Cibeureum, Cipaniis River Park oge Talaga Remis Endah Romantis, 
ayeuna oge keur ngabangun Taman Kota di urut Terminal baheula. Eduuun lah 
hiji-2na Bupati nu meunang Kalpataru ti Presiden jeung kapikir mere kado ka 
masyarakatna di akhir masa jabatan iwal ti Bupati Kuningan.

Bupati Kuningan cukup Visioner diantarana karya/ kado manehna ngajaga cai 
nyieun kurang leuwih 40-an situ/ embung keur wadah cai di Kuningan. Nyieun 
Kebon Raya barijeung diarejek ku batur ceunah nanaonan ceunah nyieun Kebon Raya 
manehna tetep keukeuh soalna boga visi nu hade apal jaga bakal gede mangfaatna 
keur Generasi Nu Bakal Datang Urang Kuningan, Nyieun Jalan Lingkar keur 
mempersiapkeun supaya jaga henteu macet, nyieun Taman Kota ayeuna geus aya 3 nu 
geus jadi jeung ayeuna nambah deui 1 di urut terminal jadi total 4, nyieun 
program ngarana Pepeling ~ Penganten Peduli Lingkungan jadi setiap panganten 
diwajibkeun melak tangkal samemeh akad nikah, nyieun stadion sepak bola cukup 
representatif anu kamari diinjeum ku Persita Tangerang jadi tempat maen Liga 
Super Indonesia, nyieun Islamic Center anu agreng, jeung terakhir anu Mamang 
nyaho Pa Bupati nolak Industri Badag Textil ti Korea atawa China poho soalna 
Kuningan lain Kabupaten Industri anu pastina engke bakal loba limbah anu 
ngaruksak lingkungan, tempo weh Bandung Kumaha Citarum rusakna pan gara-2 
Pabrik Tekstil anu miceun limbah ka walungan, jrrd.  

Jadi sabenerna di Jawa Tengah Boga Jokowi anu berprestasi tah di Jawa Barat 
sabenerna aya Bupati Kuningan Aang Hamid Suganda anu berpestasi oge, ngan 
memang kurang ka ekspos prestasina ku media oge ku nu liana.

Hiji hal anu ceuk Mamang dipiboga ku Bupati teh nyaeta niat ngamajukeun 
Kuningan, Mamang sering ngobrol informal sedih ceunah baheula mah urang 
Kuningan euweuh jeung teu warani ngaku Urang Kuningan, ngakuna mun teu Urang 
Cirebon nya Urang Bandung, tah ku ayana pangwangunan anu dironjatkeun 
nimbulkeun kapercayaan diri ka Urang Kuningan jeung Urang Kuningan ayeuna loba 
anu Reueus jadi Urang Kuningan. 

Anu hade ti Bupati oge semangatna jeung di Kota Kuningan asa jarang manggih 
pengemis teu siga di Bogor di parapatan ngajajar nu menta-menta.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: "Tito Suryana" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 25 Jul 2013 16:07:59 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] WISATA AIR CIKAHALANG SUMBER CIREBON

leres Kang Rahmat nu disebatkeun jalana, wisata air namina cikalahang sanes 
cikahalang lokasina caket sekitar telega remis.....
saleresna aya mandahna nu ngageugeuh daerah wisata kab cirebon nyaeta Mang Keby

Salam,
Tito Suryana / WITEL JABAR TIMUR
-----------------------------------------------------------
Business Account Manager
Flexi : 0231 333 4000
Email : [email protected] 
------------------------------------------
  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, July 25, 2013 3:59 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] WISATA AIR CIKAHALANG SUMBER CIREBON


    

  Wa Tito anu mukim di cirebon tiasa ngajelaskeun perkawis ieu?
  Mun teu lpat mah talaga remsi aya di jalur jalan Rajagaluh (Majalengka) - 
Sumber - Cirebon. Biasana jalan ieu teh janten jalur alternatif anu bade mudik 
ka Jawa  arah ti Bandung.
  Upami ngangge kendaraan ti Bandung, di parapatan Kadipaten ka kidulkeun 
(belok kanan) ka arah Majalengka, lurus wae. Ti Majalengka nyandak jalan anu ka 
arah Sukahaji - Rajagaluh - Sumber. Taroskeun wae palih mana talaga remis. 
Upami ti arah Palimanan,  ti parapatan  nyandak jalan ka arah Cirebon (ka 
kenca), caket pasar palimanan aya jalan ka Sumber. 

  Ti Majalengka atanapi ti Palimanan, tiasa naroskeun palihmana talaga remis. 
Ampir sadayana tos tarerangeun tempat wisata talaga remis. 

  mrachmatrawyani






------------------------------------------------------------------------------
  From: Euis Sukawati <[email protected]>
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, July 25, 2013 12:41 AM
  Subject: [Urang Sunda] WISATA AIR CIKAHALANG SUMBER CIREBON



    
  Bade naros perkawis wisata air cikahalang the palebah mana telaga 
remis…kintun2 saderek aya nu uninga…

  Hatus nuhun pisan tina bantosanana
  euis




  

Kirim email ke