Assalaamu'alaikum wr. wb.
Bismillaahirramhaanirrahiim.

Sim kuring katarik ku diskusi perkawis karma.
Umat Islam anu parantos 'kadidik' ku pangajaran anu rada 'intensif' biasana sok 
alergi upami istilah karma dicacandak dina sebab akibat kajadian hiji musibah.
Sok disebatkeun di Islam mah teu aya istilah karma.

Upami disebat di Islam teu aya istilah karma, tangtosna nya moal aya, da sacara 
bahasa karma teh sanes basa Arab.  Islam anu diturunkeun di arab tangtosna moal 
kantos nganggo istilah karma.  Ari karma teh asalna tina bahasa Sangsakerta. 
Aya oge istilah kamma, nya eta istilah dina bahasa Pali, anu hartosna sami 
sareng karma.  Bahasa Sangsakerta sareng Pali teh dua bahasa anu dianggo 
nuliskeun riwayat-riwayat (hadits upami bahasa arab na mah, ucapan) sang Buddha 
Gautama.

Kumargi leres karma teh moal aya dina perbendaharaan bahasa Arab, kumaha upami 
urang guar ulah tina bahasa, tapi tina maksud sareng makna?
Istilah karma/kamma sacara maknawi nyaeta hukum kausalitas, atanapi hukum sebab 
akibat anu aya dina realitas alam semesta.  Biasana dina basa arab mah hukum 
kausalitas eta teh disebatna sunatullah.  Ari istilah sunatullah, teu aya dina 
bahasa sangsakerta/pali; oge istilah karma teu aya dina bahasa arab.

Karma sacara maknawi teh rumit pisan. Sami sareng sunatullah oge rumit.  Maksad 
rumit teh, upami urang ngabahas karma, teu tiasa mung ningali hiji jalur 
kausalitas.  Margina kausalitas anu aya di alam universum ieu teh henteu 
linear.  Janten memang teu tiasa upami ku urang disebat yen hiji musibah anu 
diderita ku hiji jalmi teh disebabkeun ku kalakuan salah/dosa anu tertentu.  
Urang mung tiasa ngaduga-duga, kumargi timbulna hiji akibat dina 
karma/sunatullah teh tiasa disebabkeun ku akibat-akibat berantai, saling 
mempengaruhi, anu panjang pisan jalurna sareng henteu linear.

Buddha Gautama ngajarkeun yen hiji akibat (buah) anu ditimbulkeun ku rantai 
kalakuan (sebab) teh bakal timbul lamun geus asak (geus waktuna nyumponan). 
Asakna eta karma bisa jadi masih dina masa kahirupan urang ayeuna keneh, oge 
tiasa wae asakna engke dina masa kahirupan saenggeus urang maot.  Tapi nu 
penting dipahami teh yen karma teh mangrupa rantai kalakuan urang, boh kalakuan 
fisik oge kalakuan pikiran/batin. Hiji kalakuan bakal aya hasilna, anu hasilna 
oge bakal jadi sabab/ngadorong kalakuan anu salajengna; terus eta bakal 
ngaruntuy tepikeun ka asak hiji karma jadi buah, urang bakal narima akibat 
'final'.

Upami dina Islam oge diajarkeun yen hiji kalakuan hade bakal aya hasilna, oge 
hasil kalakuan goreng bakal aya hasilna; walau eta kalakuan teh ngan saukur 
sagede 'siki zarah' (atom, leutik pisan), niscaya bakal aya hasilna.  Sanes nu 
kitu teh kausalitas oge?  Memang di Islam teu diterangkeun runtuyan kausalitas 
sacara detil, saolah-olah sagala kalakuan hade jeung goreng teh terputus 
hiji-hiji, masing-masing, terus engke di akherat aya balesana hiji-hiji oge.  
Tapi lamun ku urang ditafakuran, sacara ilmu psikologi, sagala kapribadian teh 
dibentuk ku kabiasaan hirup. Jadi pribadi urang poe ieu teh hasil akumulasi 
psikologis kalakuan urang pribadi di waktu-waktu kamari ti mimiti bayi keneh 
tepi keun ka dewasa.  Kulantaran eta diperlukeun hiji didikan supaya diri urang 
ngajadi jalma hade.  Pan saur rasulullah Muhammad: "Sakabeh jabang bayi lahir 
suci, kolotna anu ngajadikeun eta bayi (engkena) jadi nasrani atawa yahudi".  
Janten atuh sagala oge aya
 sababna.

Tah sagala sabab sareng kausalitas anu aya, tangtosna sagala rupi oge mulih 
deui kana sabab utama.  Ari sabab utama teh naon/saha?  Sabab utama teh nyaeta 
anu ngersakeun: "anjeuna anu maha awal, sareng anjeuna oge anu maha akhir".

Janten, saur sim kuring mah; daripada urang ngabiasakeun diri ngaributkeun 
istilah bahasa, mendingan ngabiasakeun diri nyukcruk makna-na.  Mudah-mudahan 
eta makna-na ku urang faham teras salajengna ngajantenkeun sabab urang ngajadi 
jalma anu bijaksana.  Lamun urang ngabiasakeun apriori, prasangka goreng, ka 
ajaran agama batur, eta teh bibit-bibit karma/sunatullah goreng pikeun diri 
urang sorangan. "Saenyana, euweuh hiji kaum di dunya ieu anu teu dikirim utusan 
ka kaum eta, ku gusti nu maha suci"; mawa pangajaran pikeun bahan pikiran 
positip jalma-jalma anu neangan kabijaksanaan.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============




________________________________
 Von: mang kaby <[email protected]>
An: UrangSunda <[email protected]> 
Gesendet: 10:30 Montag, 19.August 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Para Pejabat Yg Setuju Bendungan Jatigede Kena Karma
 


  
Tah laina naon anu dipelak eta anu dipanen teh sami sareng karma?

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  YADI supriadi wendy <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Mon, 19 Aug 2013 09:14:32 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [Urang Sunda] Para Pejabat Yg Setuju Bendungan Jatigede Kena Karma
  
On 2013-08-19 00:03, mang kaby wrote:
> Subhanalloh Mamang baru dapat info ternyata Para Pejabat yang setuju
> Proyek Bendungan Jatigede telah kena Karma.
>
>
Mang Kaby,
dina kapercayaan Islam mah teu dikenal terminologi "karma" teh, eta mah 
ayana di kapercayaan Hindu. Nu aya, saha nu melak cabe bakal panen cabe, 
atawa saha nu nebarkeun angin bakal manen badey.

-- 
--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.

 

Kirim email ke