Wooow hade Kang Oman analisana :). Ari ceuk Mamang mah ayat hoiroy yaroh jeung saroy yaroh sarua atawa mirip karma... Aya deui pan paribasa "teng manuk teng anak merak kukuncungan" tea... Suka teu suka kolot mangaruhan anak incu da nyakitu barudak mah sok nurutan kolotna.
Leres Kang Oman... Sagala kagorengan bakal meunang wawalesna eta intina... Pan jelas tah kumaha analisa DPKLTS mere solusi keur anu hade biayana teu nepi 1Trilyun tapi Para Pajabat Sarakah nu boga niat goreng bet keukeuh nyieun Bendungan Jatigede anu biayana 7 Trilyun eta taun 2004 samemeh pemilu pan? Wapresna JK, Gubernurna Dani Setiawan? Sigana dana 7 Trilyun eta ceu kokomna alias komisyongna dipake keur biaya JK jeung Dani nyalon tah? Naon wawalesna Mejuuuuuus juuuuus JK jeung Dani Setiawan eleeeeh di Pemilu duanana meunang wiwirang. Dani Setiawan malah salaku urang sunda meunang azab leuih edun... Dipanjara tah. JK kulantaran lain urang sunda nya meureun ngan diwiwirang wungkul. Estuning ieu teh Tanda Kabesaran Alloh SWT pan ceuk Mamang oge di Jatigede teh aya Kabuyutan Simbol Katuhanan, Aya Batu Menhir Simbol Keesaan Alloh SWT. Ibrahim AS, Ismail AS jeung Kanjeng Nabi Muhammad SAW wae ngahormat jeung teu wani ngaruksak kana Simbol-2 Alloh SWT, Ka'bah pan didinya aya Batu Menhir hiji, cobi geura aos Ibrahim nyimpen Batu hiji didinya simbol Monoteismeu. Pan samemehna Ka'bah teh Baitulloh Kuil/ Imah Alloh loba berhalana tah ku Ibrahim berhala-2 laina dipiceun disesakeun 1 batu, terus diwangun deui kucara ngajangkungan pondasina. Nu ngaruksak Kabuyutan-2 di Jatigede oge Tatar Sunda lainna eta sarua jeung ngarumpak Sunah Rosul jeung Ibrahim, tinggal antosan weh wawalesna ti Nu Kawasa :). Pa ma ya mal miskola darotin hoiroy yaroh... Wa ma ya mal miskola darotin saroy yaroh hehehe. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 20 Aug 2013 16:20:34 To: urang sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: [email protected]<[email protected]> Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Para Pejabat Yg Setuju Bendungan Jatigede Kena Karma Hayu urang balik eui kana enas-enasna, ulah cul dogdog tinggal igel. Keun soal paistilahan urang beberes bari jalan, anu penting kaharti maksudna, yen, dina hal ieu, satiap anu ngaguniksa atawa ngaruksak patilasan-patilsan anu kasebut kabuyutan atawa sabangsana eta baris papanggih jeung wawales naas di dunya keneh. Kitu mataholang caritaan mang Kabayang anu katangkep ku si kuring. Kana naon anu dicaritakeun ku mang Kabayan, si kuring yakin jeung ngaminkeun. Sabab ngaruksak kabuyutan sarua jeung ngaruksak sumber kahirupan sarerea atawa - saeutikna - kabutuh jalma rea. Nya dina sababaraha agama/kayakinan, wawales kana kajahatan samodel kitu baris kapanggih awit di dunya keneh. Loba conto-contona. Believe or not, tah ieu kajadian di (ex) Rancamaya-Badigul, Bogor, anu ayeuna geus jadi perumahan elit jeung lapangan golf, sakumaha warta di dieu: http://jojopradipta.blogspot.com/2011/12/114-orang-tewas-jadi-tumbal-keramat.html Kajadian anu sarupa karandapan ku anu ngaruksak Leuweung Sancang jeung kabuyutan-kabuyutan sejenna. Ngeunaan Uga Jatigede, aya oge kacaritakeun ti hiji sepuh di Bandung. Saur anjeunna, eta bendungan bari jadi dicaian heula (hartina: patilasan-patilasan kakeueum). Ngan, moal lila, bendungan baris jebol (bedah), anu saterusna jadi bahla pikeuna anu aya di hillirna. Naon cenah anu matak ngabedahkeunana? Saur eta sepuh: sarombongan munding ti Galunggung. Kuring teu pati percaya kana eta uga kolot, sabab kumaha bisana munding ti Galunggung ngamuk di Jatigede (anu aya oge ayeuna salah saurang kalahiran wewengkon Galunggung ditewak ku KPK alatan gratifikasi). Tapi, sakapeung uga mah ngandung siloka, boa maksud munding di dinya teh lain harti saujratna. Anu penting ayeuna, hayu kumaha carana sangkan eta uga teu kajadian, sangkan ulah aya bencana alatan bendungan jebol. Atawa, saeutikna- lamun bendungan kaburu dicaian, utamana - sangkan ulah loba teuing korban alatan bencana bedahna bendungan. Salah sahiji usaha dina hal ieu nyaeta ngitung sakumaha gedena resiko anu baris karandapan lamun etan bendungan jebol. Tah, tina resiko anu dipikawanoh nya urang nyieun tindakan pikeun ngamitigasi (ngurangan sangkan resiko teh jadi kacida saeutikna). Cag. manar 2013/8/19 mang kaby <[email protected]> > ** > > > ** Singkaaap... Ari pamahaman Mamang mah Karma teh teu nurun euy xixixi. > > Pan ieu keur kampanye jadi memang bahasa diatur tea... Iraha kudu selow > bin woles iraha kudu ngadudut bari nyeureud hehehe. > > Lamun bahasana datar-2 pan moal menarik batur moal aya anu maca hehehe... > Ceuk bahasa marketing mah... AIDA ~ Attention, Interest, Desire, Action. > > Tah ceuk Kang Odjat issue ieu geus nepi ka Alumni ITB Australia xixixi. > Gara-2 Mamang anu ngacaprux hehehe. > > Tangtuna anu leuwih hade bahasa ilmiah jrrd na engke ti para ahli :D. > > Taaaah ieu keur dikondisikeun supaya tong sagawayah yeuh heureuy jeung > Jatigede hehehe... Maenya urang eleh ku Urang Arab... Ceunah waaaah ulah > macem-2 mun engke naek haji deukeut Ka'bah mah sok loba mamalana xixixi. > Sok geura anu karek baralik naek haji sok loba nyarita oooh diditu mah > kitu... Sianu kitu dibales kitu jrrd hehehe. Para provider Haji alus pisan > nyieun strategi komunikasina :). > nuhuuuuns, > mang kabayan > www.udarider.com > ------------------------------ > *From: * YADI supriadi wendy <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Mon, 19 Aug 2013 10:37:49 +0700 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [Urang Sunda] Para Pejabat Yg Setuju Bendungan Jatigede > Kena Karma > > > > On 2013-08-19 10:30, mang kaby wrote: > > > Tah laina naon anu dipelak eta anu dipanen teh sami sareng karma? > > > > > ari karma mah mungkin bakal nurun dugi ka tujuh turunan. Tah dina Islam > mah teu kitu. Tiap jalma mung nanggung dosana moal nanggung dosa nu > sejen. > -- > -- > Wassalam, > > Yadi Supriadi Wendy > .: dikirim ku kadeudeuh :. > > >
