Perkawis dosa turunan teh dikenal di masyarakat Katolik/Kristen. Eta oge panginten pamahaman anyar sapertos na mah, supados ngiatkeun yen Yesus teh salaku panebus dosa turunan eta. Tapi sapertos na mah teu aya ajaran kitu ari ti Yesus na mah. Mung biasana jalmi sapertos Yesus atanapi Muhammad sok ngagero: "hiap datang ka kaula, sing saha anu hayang tumpur dosa, dihampura ku gusti, hiyap datang ka kaula". Tapi eta artina lain Yesus atawa Muhammad anu nebus dosana, atawa anu numpurkeun dosana. Ngan Yesus jeung Muhammad bisa ngajarkeun carana, jalan supaya dosa urang tumpur diganti ku sirung kahadean. Anu ngersakeun mah tetap weh anu maha pangersa, anu maha awal, anu maha akhir.
Upami dina karma mah teu aya dosa turunan. Malahan mah Gautama Sakyamuni mah frontal pisan nyariosna: " tong asal pecaya omongan jalma saencan ku anjeun dibuktikeun. oge tong asal percaya kana omongan kaula saencan ku anjeun dibuktikeun benerna/salahna omongan kaula". Eta tangtangan ti Gautama supaya urang ulah taklid, urang kudu praktek sorangan pikeun ngasah diri. Diri moal bisa di asah ku maca buku atawa ngadenge khotbah. Buku jeung khotbah bisa ajadi bahan awal pikeun nyaho jalan. Tapi jalan eta kudu di lengkahan ku praktek sorangan. Lamun henteu moal aya hasilna. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: YADI supriadi wendy <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 10:37 Montag, 19.August 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Para Pejabat Yg Setuju Bendungan Jatigede Kena Karma On 2013-08-19 10:30, mang kaby wrote: > Tah laina naon anu dipelak eta anu dipanen teh sami sareng karma? > > ari karma mah mungkin bakal nurun dugi ka tujuh turunan. Tah dina Islam mah teu kitu. Tiap jalma mung nanggung dosana moal nanggung dosa nu sejen. -- -- Wassalam, Yadi Supriadi Wendy .: dikirim ku kadeudeuh :.
