Ass. wr.wb.

   Kasanggakeun informasi anu manawi teu acan robih :

   1. Kang Ara Wirawan Pakih/TM-68 - Ceu Sriwulan Purnamasari/FA-72 di Jl.
Cancer 15 Bandung. Didamelna di PT Descona Yasa
       Jl. Lodaya no... Bandung, Ceu Sri nyepeng apotek upami teu lepat
mah.

   2. Kang Uum Komaruddin/TM70 ti payun mah janten Kepala Biro Personalia
PT Pertamina Pusat di Jakarta.

   3. Ceu Heyi Makmun/SR72  caket pisan eta mah, ayeuna teh anjeuna
ngawulang di Seni Rupa ITB, Seni Rupa STISI di Bandung.

   4. Ceu Dina Darlina/FA72 upami teu lepat mah corogena teh Kang Idin
Rafiudin anu janten Ketua DPRD Jawa Barat (wartosna mah parantos pupus?).

   5. Aya deui di Jakarta anu cikal bakal LSS teh nyaeta Kang Yayun Wahyoe,
ti payun nyepeng pimpinan teras di PT Angkasa Pura.

   Sakitu samentawis informasina.

   Wass. wr. wb.
---------------------- Forwarded by M.YAYAT DIMYATI/DEPPROD/SG/SGGROUP on
08/02/2002 09:37 AM ---------------------------


Supta <[EMAIL PROTECTED]> on 08/02/2002 08:01:55 AM

Please respond to [EMAIL PROTECTED]

To:   BuCur <[EMAIL PROTECTED]>
cc:
Subject:  Re: Kanggo Kang Yayat

This message was sent from: BuCur.
<http://www.lssitb.org/forum/baca.php?f=1&i=132&t=125>
----------------------------------------------------------------

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Kanggo kang Yayat atanapi saha wae anu uninga alamat alumni anu disebatan
ku
kang Yayat sapertos Kang Mulyadi FT, Kang Ara TM, Kang Uus MA, Kang Uum TM,
Ceu Heyi Makmun SR, Ceu Wiwit TP, Ceu Dina FA, Ceu Sriwulan FA atanapi
alumni anu sanesna angk. sabaraha wae, disuhunkeun pisan infona.

Kieu lalakonna mah ceunah, LSS teh nuju milarian dana kanggo Lomba Debat
sareng Pagelaran 2002, tah kumargi sesah pisan milarian seponsor tunggal
teh
sareng waktosna tos samporet pisan, kukituna ayi-ayi nu di LSS teh bade
ngabujengan alumnina, manawi we aya bantosan 'sakedik duakedik' mah :).
Kitu
tah akang-akang sareng teteh-teteh.

Hatur nuhun.

Wassalam.


----------------------------------------------------------------
Sent using Phorum software version 3.3 <http://phorum.org>





Reply via email to