Ass. wr. wb.

Nepangkeun sim kuring Hana Timoti (pameget, da sok disangki istri wae) ti jurusan 
TK'95, aktif di LSS ti taun 95 dugikeun 2000.
Bade ngiring ngarewong ieu teh K'Yayat sareng K'Supta...

Tos biasa panginten, tiap bade aya kagiatan salah sahiji sumber dana teh nyaeta ti 
alumni. Nya sakantenan panginten sareng nyebarkeun uleman kagiatanana oge. Mun teu 
lepat tiap kapengurusan oge tos aya emutan kangge ngadamel data base alumni. Tapi 
kumargi kapengurusanana gentos tiap tahun, eta si data base teh teu rengse2 wae. 
panuju sareng K'Supta, urang kempelkeun data2 alumni tina milis ieu weh sautak-saeutik 
mah, da pasti tos aya emutan kangge ngempelkeun data base sadaya anggota LSS ku admin 
portal LSS ge, leres teu K'Dian ?

Hayu ah, K'Yayat, K'Supta, urang kempelkeun data alumni LSS teh, wios nu tahun 90-an 
ku sim kuring dikempelkeunana...
Hatur nuhun...

Wass.,
-hana-

On Fri, 2 Aug 2002 09:50:55    yayat wrote:
>Ass. wr.wb.
>   Kasanggakeun informasi anu manawi teu acan robih :
>   1. Kang Ara Wirawan Pakih/TM-68 - Ceu Sriwulan Purnamasari/FA-72 di Jl.
>Cancer 15 Bandung. Didamelna di PT Descona Yasa
>       Jl. Lodaya no... Bandung, Ceu Sri nyepeng apotek upami teu lepat mah.
>   2. Kang Uum Komaruddin/TM70 ti payun mah janten Kepala Biro Personalia
>PT Pertamina Pusat di Jakarta.
>   3. Ceu Heyi Makmun/SR72  caket pisan eta mah, ayeuna teh anjeuna
>ngawulang di Seni Rupa ITB, Seni Rupa STISI di Bandung.
>   4. Ceu Dina Darlina/FA72 upami teu lepat mah corogena teh Kang Idin
>Rafiudin anu janten Ketua DPRD Jawa Barat (wartosna mah parantos pupus?).
>   5. Aya deui di Jakarta anu cikal bakal LSS teh nyaeta Kang Yayun Wahyoe,
>ti payun nyepeng pimpinan teras di PT Angkasa Pura.
>   Sakitu samentawis informasina.
>   Wass. wr. wb.
>
>Supta <[EMAIL PROTECTED]> on 08/02/2002 08:01:55 AM
>Please respond to [EMAIL PROTECTED]
>To:   BuCur <[EMAIL PROTECTED]>
>cc:
>Subject:  Re: Kanggo Kang Yayat
>This message was sent from: BuCur.
><http://www.lssitb.org/forum/baca.php?f=1&i=132&t=125>
>Assalamu'alaikum Wr. Wb.
>Kanggo kang Yayat atanapi saha wae anu uninga alamat alumni anu disebatan
>ku
>kang Yayat sapertos Kang Mulyadi FT, Kang Ara TM, Kang Uus MA, Kang Uum TM,
>Ceu Heyi Makmun SR, Ceu Wiwit TP, Ceu Dina FA, Ceu Sriwulan FA atanapi
>alumni anu sanesna angk. sabaraha wae, disuhunkeun pisan infona.
>Kieu lalakonna mah ceunah, LSS teh nuju milarian dana kanggo Lomba Debat
>sareng Pagelaran 2002, tah kumargi sesah pisan milarian seponsor tunggal
>teh
>sareng waktosna tos samporet pisan, kukituna ayi-ayi nu di LSS teh bade
>ngabujengan alumnina, manawi we aya bantosan 'sakedik duakedik' mah :).
>Kitu
>tah akang-akang sareng teteh-teteh.
>Hatur nuhun.
>Wassalam.



Join 18 million Eudora users by signing up for a free Eudora Web-Mail account at 
http://www.eudoramail.com

Reply via email to