Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Hatur nuhun ka K'Yayat sareng K'Hana. 
K'Hana... ka sim kuring mah teu kedah nyebat akang,
cekap we Supta da sim kuring mah anom keneh :), nembe
lebet ITB taun 2000, K'Hana tos makalangan, sim kuring
mah nembe borojol panginten.    

Perkawis database alumni, saleresna mah tos lumayan
seueur anu ka-data teh, mung alamatna seueur nu teu
lengkep sareng tos teu "aptudet" deui. Kukituna
bantosan ti alumni teh diperyogikeun pisan. Tah...
ayeuna K'Hana tos bade ngawitan, kumaha nu sanesna?
bantosan ah K'Hana karunya :).

Hatur nuhun.

Wassalam,
supta
 
--- - hana - <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ass. wr. wb.
> 
> Nepangkeun sim kuring Hana Timoti (pameget, da sok
> disangki istri wae) ti jurusan TK'95, aktif di LSS
> ti taun 95 dugikeun 2000.
> Bade ngiring ngarewong ieu teh K'Yayat sareng
> K'Supta...
> 
> Tos biasa panginten, tiap bade aya kagiatan salah
> sahiji sumber dana teh nyaeta ti alumni. Nya
> sakantenan panginten sareng nyebarkeun uleman
> kagiatanana oge. Mun teu lepat tiap kapengurusan oge
> tos aya emutan kangge ngadamel data base alumni.
> Tapi kumargi kapengurusanana gentos tiap tahun, eta
> si data base teh teu rengse2 wae. 
> panuju sareng K'Supta, urang kempelkeun data2 alumni
> tina milis ieu weh sautak-saeutik mah, da pasti tos
> aya emutan kangge ngempelkeun data base sadaya
> anggota LSS ku admin portal LSS ge, leres teu K'Dian
> ?
> 
> Hayu ah, K'Yayat, K'Supta, urang kempelkeun data
> alumni LSS teh, wios nu tahun 90-an ku sim kuring
> dikempelkeunana...
> Hatur nuhun...
> 
> Wass.,
> -hana-
> 
> On Fri, 2 Aug 2002 09:50:55    yayat wrote:
> >Ass. wr.wb.
> >   Kasanggakeun informasi anu manawi teu acan robih
> :
> >   1. Kang Ara Wirawan Pakih/TM-68 - Ceu Sriwulan
> Purnamasari/FA-72 di Jl.
> >Cancer 15 Bandung. Didamelna di PT Descona Yasa
> >       Jl. Lodaya no... Bandung, Ceu Sri nyepeng
> apotek upami teu lepat mah.
> >   2. Kang Uum Komaruddin/TM70 ti payun mah janten
> Kepala Biro Personalia
> >PT Pertamina Pusat di Jakarta.
> >   3. Ceu Heyi Makmun/SR72  caket pisan eta mah,
> ayeuna teh anjeuna
> >ngawulang di Seni Rupa ITB, Seni Rupa STISI di
> Bandung.
> >   4. Ceu Dina Darlina/FA72 upami teu lepat mah
> corogena teh Kang Idin
> >Rafiudin anu janten Ketua DPRD Jawa Barat (wartosna
> mah parantos pupus?).
> >   5. Aya deui di Jakarta anu cikal bakal LSS teh
> nyaeta Kang Yayun Wahyoe,
> >ti payun nyepeng pimpinan teras di PT Angkasa Pura.
> >   Sakitu samentawis informasina.
> >   Wass. wr. wb.
> >
> >Supta <[EMAIL PROTECTED]> on 08/02/2002 08:01:55
> AM
> >Please respond to [EMAIL PROTECTED]
> >To:   BuCur <[EMAIL PROTECTED]>
> >cc:
> >Subject:  Re: Kanggo Kang Yayat
> >This message was sent from: BuCur.
>
><http://www.lssitb.org/forum/baca.php?f=1&i=132&t=125>
> >Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> >Kanggo kang Yayat atanapi saha wae anu uninga
> alamat alumni anu disebatan
> >ku
> >kang Yayat sapertos Kang Mulyadi FT, Kang Ara TM,
> Kang Uus MA, Kang Uum TM,
> >Ceu Heyi Makmun SR, Ceu Wiwit TP, Ceu Dina FA, Ceu
> Sriwulan FA atanapi
> >alumni anu sanesna angk. sabaraha wae, disuhunkeun
> pisan infona.
> >Kieu lalakonna mah ceunah, LSS teh nuju milarian
> dana kanggo Lomba Debat
> >sareng Pagelaran 2002, tah kumargi sesah pisan
> milarian seponsor tunggal
> >teh
> >sareng waktosna tos samporet pisan, kukituna
> ayi-ayi nu di LSS teh bade
> >ngabujengan alumnina, manawi we aya bantosan
> 'sakedik duakedik' mah :).
> >Kitu
> >tah akang-akang sareng teteh-teteh.
> >Hatur nuhun.
> >Wassalam.
> 
> 
> 
> Join 18 million Eudora users by signing up for a
> free Eudora Web-Mail account at
http://www.eudoramail.com


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Yahoo! Health - Feel better, live better
http://health.yahoo.com

Reply via email to