[Baraya_Sunda] KHAZANAH Almarhum?

2008-11-21 Terurut Topik mh
Geus jadi kabiasan uing unggal poe Saptu, sok ngahajakeun ngalongokan
rubrik 'khazanah' online, rubrik rutin mingguan koran PR nu soak
ngabahas perkara basa jeung budaya. Mun keur rajin sok ngahaja ku uing
di-kliping, utamana artikel-artikelna.

Ngan wae sababara minggu kaliwat, kaasup ayeuna, teuing kunaon
langganan uing teh suwung. Cing baraya tukang wartawan, tukang web PR,
atawa saha we nu apal, kunaon nya? Boa-boa ieu rubrik teh 'almarhum'
kitu?

salam,
mh


Re: [Baraya_Sunda] Re: Survey: Basa Sunda 'ON/OFF'

2008-11-21 Terurut Topik Sarabunis
Wah, asyik kang, Teori Input-Output Basa Sunda.
Seueur Urang sunda nu ngabiasakeun budakna ti leuleutik (ti diajar ngomong)
sina komunikasi dina basa Indonesia. Kadang lucu, Indung-bapana mah ngobrol
ku basa sunda, pas jeung budak mah ku Indonesia. Hayang disebut gaya, budak
dilatih
ngindonesia ti balita keneh, duh.

Wassalam,
Sarabunis Mubarok___ Singaparna

- Original Message -
From: "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]>
To: 
Sent: Friday, November 21, 2008 6:21 AM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Survey: Basa Sunda 'ON/OFF'


panuju..input basa Sunda teh hedse..Kuring sering ka bandung..mun dahar di
Ampera atanapi bancakan jsbn...Tapi keukeuh wae para pramuniaga ngomongna
Endonesia...Dimimitian ditaros Basa Sunda ..ngajawab sakedap..terusanna
balik deui ka Basa Endonesa..."mang sabaraha simut garuda Indonesia
ieu".anya ka si Uang di pasar gembrong margahayu Sukarno  hatta..." Lima
belas rebuan, weuteuh disegel keneh".."Alah si Ujang piraku ka
langganan..sakitu, kirangan rek meuli satengah losin".."Waduh belum bisa
Pa...ngambilnya nggak dapet..lagi kosong juga barang na, kalau yang Saudi
Airline ada nih murahan...Dua belas ribu..." Sigana basa dagang oge tos
kabiasaan make Endonesia...meureun langganan manehna paling loba nu ngomong
Endonesa.

On 11/21/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com ,
> "Sarabunis Mubarok"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Alhamdulillah basa hate simkuring basa Sunda, najan ngimpi ngobrol
> make basa
> > inggris ge narasina tina hate masih ku basa sunda.
> >
> >
>
> Kang SM,
>
> Puguh eta anu jadi kaheran teh. Narasi ngimpi kuring BET make basa
> deungeun. Jadi lain saukur dina raraga ngobrol!
>
> Kuring boga teori siga kieu. SIgana mah anu kaalaman ku kuring teh
> kusabab INPUT na. Input basa Sunda kuring bisa disebut nihil. 20 taun
> tanpa input basa (utamana mah basa lisan!) bakal mangaruhan kamampuh
> basa urang. Lian ti kitu input basa tulisan Sunda ge kaitung
> corengcang. Jadi weh ngimpi ge make basa deungeun.
>
> Salah sahiji jalan jang mere input basa Sunda kuring teh ku jalan
> baceo di ieu milis. Susuganan basa Sunda kuring ulah nepi ka garing.
>
> Lah, aya ku panasaran kana pangalaman baraya sejen na anu cindekem
> saluareun Tatar Sunda. Sok atuh, geuran purak dongeng na!;))
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>




Re: [Baraya_Sunda] Re: [Urang Sunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden

2008-11-21 Terurut Topik ua duq
cek saha sakalimah mang? eta mah dongeng maha panjang nu nepi ka kiwari can
aya ahli nu bisa nangtukeun, sabaraha karakter panjang eta dongeng.
tangtangan tah, sugan aya nu hayang jiga edson smith nu nimukeun bilangan
prima panggedena. sok ah sugan aya nu tertarik. kieu cenah dongeng lengkepna
mah:

aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo mun asak mah, boga anak hiji,
hayang dipangdongengkeun, kieu dongengna teh:
aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo mun asak mah, boga anak hiji,
hayang dipangdongengkeun, kieu dongengna teh:
aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo mun asak mah, boga anak hiji,
hayang dipangdongengkeun, kieu dongengna teh:
aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo mun asak mah, boga anak hiji,
hayang dipangdongengkeun, kieu dongengna teh:
aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo mun asak mah, boga anak hiji,
hayang dipangdongengkeun, kieu dongengna teh:
jst.

(cekap sakitu we nya... heuheu... untung eta ge aya ˆC jeung ˆ V)
--
eh mun jadi raja jawa nyalon presiden, aya nu apal aran naon nu bakal
kacitak dina kertas colokeun?

:))

dudi

On Fri, Nov 21, 2008 at 3:04 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Na siga anu kaindit ku dangding bendo nya ieu warta "raja Jawa hayang
> jadi presiden" teh? heuheu. Duka teuing kang Maman, anu keur diteangan
> teh "prabu", ari anu mucunghul bet "raja".
>
> Nguping kecap "raja" anu sok ras kainget teh taya lian ti dongeng
> "Raja jeung Gedang". Eta geuning, dongeng sakalimah tea:"aya hiji
> raja, kabeukina gedang atah, komo nu asak mah".
>
> manar
>
> ,_._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~


[Non-text portions of this message have been removed]




http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
(Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED] 
mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/



[Baraya_Sunda] Re: [Urang Sunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden

2008-11-21 Terurut Topik oman abdurahman
Na siga anu kaindit ku dangding bendo nya ieu warta "raja Jawa hayang
jadi presiden" teh? heuheu. Duka teuing kang Maman, anu keur diteangan
teh "prabu", ari anu mucunghul bet "raja".

Nguping kecap "raja" anu sok  ras kainget teh taya lian ti dongeng
"Raja jeung Gedang". Eta geuning, dongeng sakalimah tea:"aya hiji
raja, kabeukina gedang atah, komo nu asak mah".

manar




On Thu, Nov 20, 2008 at 10:41 PM, Maman Gantra
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. Tapi,
> nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat"
> di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan
> bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun
> hareup.
>
> Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring,
> sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing
> molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu
> heueuh.
>
> Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana
> calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain
> perkara Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling
> heunteu saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna.
> Mangsa kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji
> komisaris di eta majalah).
>
> Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong.
> Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes
> heunteu ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang
> nunjuk urang Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa,
> jeung maranehna daraekeun).
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>