Re: [Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi

halah Tepak dua jeung sabilulungan euy. he..he..he..
hayangna mah ngarengkenek pasang kuda-kuda.
ngan geus kuda-kuda kudu kumaha, teuing ..

aya anu bisa silat di kusnet?
cikan bagi-bagi lah.
caranamah via Youtube we.

sang guru, ngarekam gerakana. terus diupload ka youtube.
engke di milis edarkeun linkna.

teu kudu sieun dianggap 'agul ku payung butut'. kabehanana ge ngarti, 
ieu teh dina raraga ngarumat budaya sunda.


prung ah

roro_rohmah wrote:


Mangga, didangukeun heula di http://indowebster.com/penca_1, 
 2,3,4,9. Koneksina "ngabuburit" 
padahal tos wengi heheh... Ke pami leres, diteraskeun deui 5 nu kirangna.


Wilujeng ngadangukeun,
ro2

--- In urangsunda@yahoogroups.com 
, Irpan rispandi 
 wrote:

>
> Ceu, coba filena di upload ka indowebster.com.
> ieu mah websitena di indonesia.
> jadi urang anu di indonesia, moal beurat teuing nga-downloadna.
>
> nuhun ceu he..he..he..
>
> Dian Tresna Nugraha wrote:
> >
> > Cobian lebetkeun ka imeem.com >
> >
> > Dian.
> >
> > 2009/3/24 Roro Rohmah  > >
> >
> > Kang Irpan, numawi ieu the nuju hual hiul we, bararingung...
> > Tos aya, mung hese ngalebetkeunana kana file di yahoogroups. Tadi
> > ge naroskeun ka Kang Kumi, saurna badag teuing. Sadayana 55.5MB
> > aya 10 lagu, kumaha atuh?
> >
> > ro2
> >
> > >>> mr.rispa...@...  03/24/09
> > 03:32PM >>>
> > aceuk,
> > kendang penca teh kumaha tea ?
> >
> > (keur menta teh maksa deuih nya ceu, teu boga ka era he..he..he.)
> >
> >
> >
>
>
> --
> Sent NOT from my BlackBerry®
> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>





--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



[Urang Sunda] bewara kasadayana

2009-03-24 Terurut Topik andri hasan
Ass...Nepangkeun sim kuring pun Andri Hasan, Presenter Bewara Bandung 
PJTV...Sim kuring ngiring bingah kuayana milis ieu..unggal dinten sim kuring 
tiasa nambihan pangaweruh ngenaan basa sunda. atuh ka anggota nu kagungan akun 
pesbuk mangga wae sim kuring di add bae di dri_...@yahoo.com atanapi Andri 
Hardiansyah



  Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman 
ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Re: [Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi

nuhun aceuk.
file-file anu di upload hiji-hiji (track 1,2,3,4 & 9)  bisa di download.
tapi anu di http:/indowebster.com/penca, filena euweuh. ceuk si 
idowebster, cenah melakukan pelanggaran.



roro_rohmah wrote:


Atos diupload. Punten nembe sapalih, kompina ngadat.
Cing cobian dangukeun heula, leres eta?
di http:/indowebster.com/penca.

ro2

--- In urangsunda@yahoogroups.com 
, Irpan rispandi 
 wrote:

>
> Ceu, coba filena di upload ka indowebster.com.
> ieu mah websitena di indonesia.
> jadi urang anu di indonesia, moal beurat teuing nga-downloadna.
>
> nuhun ceu he..he..he..
>





--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



[Urang Sunda] neruskeun2: Istilah Pancakaki

2009-03-24 Terurut Topik ikmal
Abah Amin sent a message to the members of BANYOLAN  SUNDA.


Subject: Istilah Pancakaki

Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu 
kaasup baraya kénéh.

a. Rundayan atawa Turunan
- anak => turunan kahiji.
- incu => turunan kadua, anakna anak.
- buyut => anak incu.
- bao => anakna buyut.
- janggawaréng atawa canggahwaréng => anakna bao.
- kait siwur => anak janggawaréng.

b. Ka luhur
- bapa => lalaki nu boga anak, salaki indung.
- indung => awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
- aki => bapana indung atawa bapa.
- nini => indungna indung atawa bapa.
- buyut => indung/bapana aki atawa nini.
- bao => indung/bapana buyut.
- janggawaréng => indung/bapana bao.
- kaitsiwur => indung/bapana janggawaréng.

c. Ka gigir
- adi => dulur sahandapeun
- lanceuk => dulur saluhureun.
- emang/paman => adina bapa atawa indung (lalaki),
- bibi => awéwé adina bapa atawa indung.
- ua => lanceuk bapa atawa indung.
- alo => anak lanceuk.
- toa => anak adi.
- kapiadi => anakna emang/bibi.
- kapilanceuk => anakna ua.
- incu ti gigir => incuna adi
- aki ti gigir => lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.
- nini ti gigir => awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.
- ua ti gigir => anakna lanceuk aki/nini.
- emang ti gigir => anakna adi aki/nini (lalaki)
- bibi ti gigir => awéwé, anakna adi aki/nini.

d. Istilah Séjénna

- adi beuteung => adina pamajikan/salaki.
- dulur sabrayna => dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua.
- dulur teges => dulur enya, saindung, sabapa.
- indung téré => pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang.
- bapa téré => salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir.
- anak téré => anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.
- dulur patétéréan => anak indung atawa anak bapa téré.
- cikal => anak panggedéna.
- pangais bungsu => lanceukna bungsu.
- bungsu => anak pangleutikna.
- baraya laér => baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
- teu hir teu walahir => teu baraya saeutik-eutik acan.
- bau-bau sinduk => baraya kénéh, sanajan geus laér.
- dulur pet ku hinis => dulur teges.
- baraya => sakur nu aya pancakakina.
- karuhun => luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu 
ngarundaykeun urang.




[Urang Sunda] neruskeun : Ngaran Rupa-Rupa Kasakit

2009-03-24 Terurut Topik ikmal
Abah Amin sent a message to the members of BANYOLAN  SUNDA.


Subject: Ngaran Rupa-Rupa Kasakit

- balas bogo => kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.
- batuk gangsa => batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),
- batuk bangkong => batuk kosong.
- bisul => kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
- bisul beunyeur => bisul leutik, matana siga beunyeur.
- borok => raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
- botoleun => kasakit dina dampal suku, liangan.
- budug => kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.
- bungkul => sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
- cacar, kuris => kasakit kulit nu babari tépa.
- cenang => sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,
- conge => kasakit jero ceuli, kaluar nanah.
- éwateun => kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.
- geregeseun => kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero 
rarangan (kencing batu).
- gondok => kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh 
ngagandoy, tumerapna sok nahun.
- gondongeun => kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu 
lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
- hapur => kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, 
babari tépa.
- hapur kembang => hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.
- hapur beusi => hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.
- hileudeun => kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.
- jengkoleun => kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
- jangar, rieut => nyeri sirah jejeletétan.
- keremieun => kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
- késrék=> kasakit kulit sapérti éksim garing.
- kokoloteun => kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan 
atawa wedak.
- leuncangeun => kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, 
dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
- mejen => hésé ngising, kabebeng.
- mengi => asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.
- mimiseun => kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
- muriang => awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.
- peujit koréseun => kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
- reunghaseun => kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran 
keuna ku geutah reunghas.
- rieut => nyeri sirah.
- rorombéheun => kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, 
kulitna bareulah.
- sakalor => kasakit sarap, épilépsi.
- salatri => kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, 
tor kaluar késang tiis.
- kalikiben => rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar 
(nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
- salésma => kasakit irung, influenza, flu.
- sampar => kasakit nu babari tepa.
- sariawan => kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
- sumbilangeun => kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.
- tajam => diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.
- tampek => kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.
- tibar => kasakit sarupa bisul, matana tujuh.
- turuwisen => kasakit sarupa cénang dina biwir panon.
- uuseupeun => kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.
- wasir => ambéyen, nongtot bool.
- sisidueun => gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun 
ceklak-cekleuk.
- jeungjeuriheun => kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak 
pisan.
- radang => kasakit kulit nu nanahan.




[Urang Sunda] nepangkeun

2009-03-24 Terurut Topik mang_ajid
Sampurasun...
Nepangkeun, simkuring hoyong ngiringan balakecrakan.



[Urang Sunda] Perbandingan Tilu Perang Bubat, Kopi jeung Wado

2009-03-24 Terurut Topik Jay
Ngobrolkeun Bubat,
Jol kana Kopi,
ditungtungan dongeng Wado...


hi hi


-Jay-



[Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik roro_rohmah
Atos diupload. Punten nembe sapalih, kompina ngadat. 
Cing cobian dangukeun heula, leres eta?
di http:/indowebster.com/penca.

ro2

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Irpan rispandi  wrote:
>
> Ceu, coba filena di upload ka indowebster.com.
> ieu mah websitena di indonesia.
> jadi urang anu di indonesia, moal beurat teuing nga-downloadna.
> 
> nuhun ceu he..he..he..
> 





[Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik roro_rohmah
Mangga, didangukeun heula di http://indowebster.com/penca_1, 2,3,4,9. Koneksina 
"ngabuburit" padahal tos wengi heheh... Ke pami leres, diteraskeun deui 5 nu 
kirangna.

Wilujeng ngadangukeun,
ro2

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Irpan rispandi  wrote:
>
> Ceu, coba filena di upload ka indowebster.com.
> ieu mah websitena di indonesia.
> jadi urang anu di indonesia, moal beurat teuing nga-downloadna.
> 
> nuhun ceu he..he..he..
> 
> Dian Tresna Nugraha wrote:
> >
> > Cobian lebetkeun ka imeem.com 
> >
> > Dian.
> >
> > 2009/3/24 Roro Rohmah  > >
> >
> > Kang Irpan, numawi ieu the nuju hual hiul we, bararingung...
> > Tos aya, mung hese ngalebetkeunana kana file di yahoogroups. Tadi
> > ge naroskeun ka Kang Kumi, saurna badag teuing. Sadayana 55.5MB
> > aya 10 lagu, kumaha atuh?
> >  
> > ro2
> >  
> > >>> mr.rispa...@...  03/24/09
> > 03:32PM >>>
> > aceuk,
> > kendang penca teh kumaha tea ?
> >
> > (keur menta teh maksa deuih nya ceu, teu boga ka era he..he..he.)
> >
> >
> > 
> 
> 
> -- 
> Sent NOT from my BlackBerry®
> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>




Bls: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik yadi kusnadi
Serang = Sawah
kaSerang = KaSawah

( Seurang= maju ngalawan musuh )
 
baktos,
Iday







Dari: Yuliadi 
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Rabu, 25 Maret, 2009 08:46:25
Topik: RE: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?


Serang= kampung uing…halahalah..
Serang= maju ngalawan musuh
Serang= lapangan (?)
Kaserang?
Kaserangan?
 
 
-Original Message-
From: Irpan rispandi
[mailto:mr.rispandi @gmail.com] 
Sent: Tuesday, March 24, 2009 5:16
PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda]
Mulungan kecap.. Re: Sunda?
 
babasan
= paribasa
nyosok jero = lebih mendalam
kumelendang = maknana
deukeut-deukeut kana 'berkeliaran' ,  
carem =  punah/musnah
pabetekan = peperenian, tempat
nyimpen tetek bengek meureun he..he..he..
helok = heran/aneh
kateuteuari
= percumah
nengklokan 
(maksudna 'ngengklokan' meureun) = menimpali 
bantet = istilah keur sesuatu anu gagal, misalna ngagoreng kurupuk teu
ngembang, maka kurupukna disebut kurupuk bantet.
munasabah = sudah pasti


Dian Tresna Nugraha wrote: 
Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan
atanapi ngawaler seratan ti kang Maman Gantra. Mung ieu mah salah sahiji
"karesep" kuring, lamun aya seratan munel kawas nu ti kang Maman,
nyaeta mulungan kecap-kecap tur babasan anu pikeun kuring mah ’aheng’,
’anyar’, atanapi ’arang langka’ dipake.
 
Di handap ieu kuring nyutat kecap nu
sakaterang, oge nanya kecap nu tacan kawangwangan.
 
 
teu nyaho di temah wadi = ?
 ?
teu embol-embol deui = teu
datang-datang deui
 
kabeungharan
kecap
walagri = cageur
rahayu = sejahtera?
bumen-bumen = dumuk, cicing, (id:
mendiami)
 
 
 ?
walurat = darurat?
ijigimbrang = ajrag-ajragan?
kalan-kalan = sakapeung
 
 
iinternetan = mindeng nginternet
mimilisan = mindeng ngamilis
remen = mindeng
tumanya <= /tanya/ +
/um/   (kecap pagawean) 
miboga <= kecap pagawean tina: /ng/
+ /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/
garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/
<= /kasep/ + /um/)
meleg-meleg = ?
diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk,
dioyag-oyag
 ? 
tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap
pagawean), muka dampal leungeun ka luhur siga baramaen nu menta-menta.
manan  mending  = batan 
mending ... (basa wewengkon mana?)
 ?
karuhan = tangtu
can karuhan = can tangtu
 
ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun,
ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman tina sora embe ngaberele)
antukna = tungtungna, ahirna
sumarambah = /sarambah/ +
/um/ ?
tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ?
(atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu disundakeun? )
tideresa = ?
ringrang = gedag, gimir, eundeuk?
malawading = liberal?
 
2009/3/23 Maman Gantra 
Sunda?
  
 



-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!
   


  
___
Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

[Urang Sunda] neruskeun5 :Ngaran Anak Sasatoan

2009-03-24 Terurut Topik ikmal
Abah Amin sent a message to the members of BANYOLAN  SUNDA.


Subject: Ngaran Anak Sasatoan

Anak anjing : kirik/kicik
Anak bagong : begu
Anak bandeng : nanar
Anak banteng : bangkanang
Anak bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : kuntit
Anak bogo : cingok
Anak boncel : bayong
Anak buhaya : bocokok
Anak deleg : boncel
Anak embe : ceme
Anak gajah : menel
Anak hayam : ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak kancra : badal
Anak keuyeup : bonceret
Anak kuda : belo
Anak kukupu : hileud
Anak kutu : kuar
Anak lancah : aom
Anak lauk : kebul/burayak
Anak lele : nanahaon
Anak lubang : leungli
Anak maung : juag/aum
Anak monyet : begog
Anak munding : eneng
Anak reungit : utek-utek
Anak sapi : pedet
Anak ucing : bilatung




[Urang Sunda] neruskeun4: Ngaran Kekembangan

2009-03-24 Terurut Topik ikmal
Abah Amin sent a message to the members of BANYOLAN  SUNDA.


Subject: Ngaran Kekembangan

Kembang awi : eumbreuk
Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled : tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau : jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh




Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik wahyu spl
serang = sawah 





From: Yuliadi 
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, March 25, 2009 8:46:25 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?


Serang= kampung uing…halahalah..
Serang= maju ngalawan musuh
Serang= lapangan (?)
Kaserang?
Kaserangan?
 
 
-Original Message-
From: Irpan rispandi [mailto:mr.rispandi @gmail.com] 
Sent: Tuesday, March 24, 2009 5:16 PM
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?
 
babasan = paribasa
nyosok jero = lebih mendalam
kumelendang = maknana deukeut-deukeut kana 'berkeliaran' ,  
carem =  punah/musnah
pabetekan = peperenian, tempat nyimpen tetek bengek meureun he..he..he..
helok = heran/aneh
kateuteuari = percumah
nengklokan  (maksudna 'ngengklokan' meureun) = menimpali 
bantet = istilah keur sesuatu anu gagal, misalna ngagoreng kurupuk teu 
ngembang, maka kurupukna disebut kurupuk bantet.
munasabah = sudah pasti


Dian Tresna Nugraha wrote: 
Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan atanapi ngawaler seratan ti kang Maman 
Gantra. Mung ieu mah salah sahiji "karesep" kuring, lamun aya seratan munel 
kawas nu ti kang Maman, nyaeta mulungan kecap-kecap tur babasan anu pikeun 
kuring mah ’aheng’, ’anyar’, atanapi ’arang langka’ dipake.
 
Di handap ieu kuring nyutat kecap nu sakaterang, oge nanya kecap nu tacan 
kawangwangan.
 
 
teu nyaho di temah wadi = ?
 ?
teu embol-embol deui = teu datang-datang deui
 
kabeungharan kecap
walagri = cageur
rahayu = sejahtera?
bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)
 
 
 ?
walurat = darurat?
ijigimbrang = ajrag-ajragan?
kalan-kalan = sakapeung
 
 
iinternetan = mindeng nginternet
mimilisan = mindeng ngamilis
remen = mindeng
tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean) 
miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/
garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/)
meleg-meleg = ?
diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag
 ? 
tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal leungeun ka luhur 
siga baramaen nu menta-menta.
manan  mending  = batan  mending ... (basa wewengkon mana?)
 ?
karuhan = tangtu
can karuhan = can tangtu
 
ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman tina 
sora embe ngaberele)
antukna = tungtungna, ahirna
sumarambah = /sarambah/ + /um/ ?
tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu disundakeun? 
)
tideresa = ?
ringrang = gedag, gimir, eundeuk?
malawading = liberal?
 
2009/3/23 Maman Gantra 
Sunda?
  
 



-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



  

Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Kang Iman
Serang = Sawah






2009/3/25 Yuliadi 

> Serang = kampung uing…halahalah..
>
> Serang = maju ngalawan musuh
>
> Serang = lapangan (?)
>
> Kaserang ?
>
> Kaserangan?
>
>
>
>
>
> -Original Message-
> *From:* Irpan rispandi [mailto:mr.rispa...@gmail.com]
> *Sent:* Tuesday, March 24, 2009 5:16 PM
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?
>
>
>
> *babasan = paribasa
> *nyosok jero = lebih mendalam
> kumelendang = maknana deukeut-deukeut kana 'berkeliaran',
> carem =  punah/musnah
> pabetekan = peperenian, tempat nyimpen tetek bengek meureun he..he..he..
> helok = heran/aneh
> kateuteuari = percumah
> nengklokan  (maksudna 'ngengklokan' meureun) = menimpali
> bantet = istilah keur sesuatu anu gagal, misalna ngagoreng kurupuk teu
> ngembang, maka kurupukna disebut kurupuk bantet.
> munasabah = sudah pasti
>
>
> Dian Tresna Nugraha wrote:
>
>  Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan atanapi ngawaler seratan ti kang
> Maman Gantra. Mung ieu mah salah sahiji "karesep" kuring, lamun aya seratan
> munel kawas nu ti kang Maman, nyaeta mulungan kecap-kecap tur babasan anu
> pikeun kuring mah ’aheng’, ’anyar’, atanapi ’arang langka’ dipake.
>
>
>
> Di handap ieu kuring nyutat kecap nu sakaterang, oge nanya kecap nu tacan
> kawangwangan.
>
>
>
>
>
> teu nyaho di temah wadi = ?
>
>  ?
>
> teu embol-embol deui = teu datang-datang deui
>
>
>
> *kabeungharan kecap*
>
> walagri = cageur
>
> rahayu = sejahtera?
>
> bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)
>
>
>
>
>
>  ?
>
> walurat = darurat?
>
> ijigimbrang = ajrag-ajragan?
>
> kalan-kalan = sakapeung
>
>
>
>
>
> iinternetan = mindeng nginternet
>
> mimilisan = mindeng ngamilis
>
> remen = mindeng
>
> tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean)
>
> miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/
>
> garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/)
>
> meleg-meleg = ?
>
> diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag
>
>  ?
>
> tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal leungeun ka
> luhur siga baramaen nu menta-menta.
>
> manan  mending  = batan  mending ... (basa wewengkon mana?)
>
>  ?
>
> karuhan = tangtu
>
> can karuhan = can tangtu
>
>
>
> ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman tina
> sora embe ngaberele)
>
> antukna = tungtungna, ahirna
>
> sumarambah = /sarambah/ + /um/ ?
>
> tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu
> disundakeun?)
>
> tideresa = ?
>
> ringrang = gedag, gimir, eundeuk?
>
> malawading = liberal?
>
>
>
> 2009/3/23 Maman Gantra 
>
> Sunda?
>
>
>
>
>
>
>
>
>  --
>
> Sent NOT from my BlackBerry®
>
> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
>
> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>
>  
>


RE: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Yuliadi

Serang = kampung uing...halahalah..
Serang = maju ngalawan musuh
Serang = lapangan (?)
Kaserang ?
Kaserangan?


-Original Message-
From: Irpan rispandi [mailto:mr.rispa...@gmail.com]
Sent: Tuesday, March 24, 2009 5:16 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

babasan = paribasa
nyosok jero = lebih mendalam
kumelendang = maknana deukeut-deukeut kana 'berkeliaran', 
carem =  punah/musnah
pabetekan = peperenian, tempat nyimpen tetek bengek meureun he..he..he..
helok = heran/aneh
kateuteuari = percumah
nengklokan  (maksudna 'ngengklokan' meureun) = menimpali
bantet = istilah keur sesuatu anu gagal, misalna ngagoreng kurupuk teu
ngembang, maka kurupukna disebut kurupuk bantet.
munasabah = sudah pasti


Dian Tresna Nugraha wrote:
Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan atanapi ngawaler seratan
ti kang Maman Gantra. Mung ieu mah salah sahiji "karesep" kuring, lamun
aya seratan munel kawas nu ti kang Maman, nyaeta mulungan kecap-kecap
tur babasan anu pikeun kuring mah 'aheng', 'anyar', atanapi 'arang
langka' dipake.

Di handap ieu kuring nyutat kecap nu sakaterang, oge nanya kecap
nu tacan kawangwangan.


teu nyaho di temah wadi = ?
 ?
teu embol-embol deui = teu datang-datang deui

kabeungharan kecap
walagri = cageur
rahayu = sejahtera?
bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)


 ?
walurat = darurat?
ijigimbrang = ajrag-ajragan?
kalan-kalan = sakapeung


iinternetan = mindeng nginternet
mimilisan = mindeng ngamilis
remen = mindeng
tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean)
miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ +
/boga/
garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/)
meleg-meleg = ?
diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag
 ?
tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal
leungeun ka luhur siga baramaen nu menta-menta.
manan  mending  = batan  mending ... (basa wewengkon
mana?)
 ?
karuhan = tangtu
can karuhan = can tangtu

ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun
(injeuman tina sora embe ngaberele)
antukna = tungtungna, ahirna
sumarambah = /sarambah/ + /um/ ?
tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/
anu disundakeun?)
tideresa = ?
ringrang = gedag, gimir, eundeuk?
malawading = liberal?

2009/3/23 Maman Gantra mailto:mamangantra2...@yahoo.com> >
Sunda?






--
Sent NOT from my BlackBerry(r)
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



This e-mail is confidential and may contain legally privileged information. If 
you are not the intended recipient, you should not copy, distribute, disclose 
or use the information it contains. Please e-mail the sender immediately and 
delete this message from your system. E-mails are susceptible to corruption, 
interception and unauthorized amendment; we do not accept liability for any 
such changes, or for their consequences. You should be aware, that PT TITAN 
Petrokimia Nusantara might monitor your e-mails and their content.

Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Sirit Uncuing
Ih.meni riweuh pisan ieu mah
he he he he


Baktos



2009/3/24 siriweuh 

>--- In urangsunda@yahoogroups.com , Sirit
> Uncuing  wrote:
> >
> > Eta teh panginteun kieu...
> > ari sakeudahna mah si robert teh kedah ngajorowok 'tulung'(minimalna)
> > Ari Ceuk Ceu Eha abongkena tas kursus basa inggris jadi we di sangka
> > too long, kitu panginten...
> >
> > Baktos
> >
> >
> >
> > 2009/3/24 Dian Tresna Nugraha dian.nugr...@...
> >
> > >
> > >
> > >
> >
> emang naon benten na tolong sareng too long???
> ilahar na pasti ngeunah diraosna.
> sumuhun kitu?
>
>  
>


Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik siriweuh
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Sirit Uncuing  wrote:
>
> Eta teh panginteun kieu...
> ari sakeudahna mah si robert teh kedah ngajorowok 'tulung'(minimalna)
> Ari Ceuk Ceu Eha abongkena tas kursus basa inggris jadi we di sangka
> too long, kitu panginten...
> 
> Baktos
> 
> 
> 
> 2009/3/24 Dian Tresna Nugraha dian.nugr...@...
> 
> >
> > 
> >
>
emang naon benten na tolong sareng too long???
ilahar na pasti ngeunah diraosna.
sumuhun kitu?




Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik ua duq
nyobian kang

2009/3/24 Dian Tresna Nugraha 

>*babasan*
>
> teu nyaho di temah wadi = ?
>
> nyosok jero = ?
>
> teu embol-embol deui = teu datang-datang deui
>
>
>
> *kabeungharan kecap*
>
> walagri = cageur
>
> rahayu = sejahtera?
>
> bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)
>
> kumelendang =
>
> carem = geus euweuh ti beungeut taneuh. biasana dikubur atawa kakubur
>
> pabetekan = ?
>
> walurat = darurat?
>
> ijigimbrang = ajrag-ajragan?
>
> kalan-kalan = sakapeung
>
> helok =
>
> kateuteuari =
>
> iinternetan = mindeng nginternet
>
> mimilisan = mindeng ngamilis
>
> remen = mindeng
>
> tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean)
>
> miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/
>
> garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/) memang kedahna
> mah kumasep, mung gumasep tos jadi bentuk nu diaku ku sakumna
>
> meleg-meleg = ?
>
> diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag = langkung pas upama
> ngoyak-ngoyagna make linggis ampir jiga didongkel ngan remen
>
> nengklokan = ? ngengklokan kitu?
>
> tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal leungeun ka
> luhur siga baramaen nu menta-menta.
>
> manan  mending  = batan  mending ... (basa wewengkon mana?)
>
> bantet = ?
>
> karuhan = tangtu
>
> can karuhan = can tangtu
>
> munasabah = ... ? pasti?
>
> ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman tina
> sora embe ngaberele)
>
> antukna = tungtungna, ahirna
>
> sumarambah = /sarambah/ + /um/ ? tah ieu mah jadi bingung da asal kecapna
> mun teu lepat tina rambah
>
> tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu
> disundakeun?)
>
> tideresa = ? cilaka
>
> ringrang = gedag, gimir, eundeuk? teu buleud hate
>
> malawading = liberal?
>
>
> 2009/3/23 Maman Gantra 
>
>>Sunda?**
>>
>>
>>
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc


Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Sirit Uncuing
Eta teh panginteun kieu...
ari sakeudahna mah si robert teh kedah ngajorowok 'tulung'(minimalna)
Ari Ceuk Ceu Eha abongkena tas kursus basa inggris jadi we di sangka
too long, kitu panginten...

Baktos



2009/3/24 Dian Tresna Nugraha dian.nugr...@gmail.com

>
> 
>


[Urang Sunda] Re:Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Ikmal
Ngengklokan kabeungharan kecap anu di serat kang dian, iyeu ge 
sakaterang abdi gan

baktos,

ikmal

==
teu nyaho di temah wadi = teu apal kana asal muasalna

nyosok jero = abus leuwih jero

kumelendang = hirup

carem = punah

pabetekan = peperenian, tempat nyimpen barang lawas

helok = heran, amazing

kateuteuari = percumah

meleg-meleg =  diteurey langsung teu dicapek heula

nGengklokan = mairan

bantet = bantat, gagal

sumarambah = nyaliara, merambah (ind.)

tideresa = ? (duka tah)

malawading = beda ti batur/ beda ti kabiasaan



Re: [Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi

*babasan = paribasa
*nyosok jero = lebih mendalam
kumelendang = maknana deukeut-deukeut kana 'berkeliaran', 
carem =  punah/musnah

pabetekan = peperenian, tempat nyimpen tetek bengek meureun he..he..he..
helok = heran/aneh
kateuteuari = percumah
nengklokan  (maksudna 'ngengklokan' meureun) = menimpali
bantet = istilah keur sesuatu anu gagal, misalna ngagoreng kurupuk teu 
ngembang, maka kurupukna disebut kurupuk bantet.

munasabah = sudah pasti


Dian Tresna Nugraha wrote:


Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan atanapi ngawaler seratan ti 
kang Maman Gantra. Mung ieu mah salah sahiji "karesep" kuring, lamun 
aya seratan munel kawas nu ti kang Maman, nyaeta mulungan kecap-kecap 
tur babasan anu pikeun kuring mah ’aheng’, ’anyar’, atanapi ’arang 
langka’ dipake.


 

Di handap ieu kuring nyutat kecap nu sakaterang, oge nanya kecap nu 
tacan kawangwangan.


 


*
*

teu nyaho di temah wadi = ?

 ?

teu embol-embol deui = teu datang-datang deui

 


*kabeungharan kecap*

walagri = cageur

rahayu = sejahtera?

bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)



 ?

walurat = darurat?

ijigimbrang = ajrag-ajragan?

kalan-kalan = sakapeung



iinternetan = mindeng nginternet

mimilisan = mindeng ngamilis

remen = mindeng

tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean)

miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/

garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/)

meleg-meleg = ?

diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag

 ?

tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal leungeun 
ka luhur siga baramaen nu menta-menta.


manan  mending  = batan  mending ... (basa wewengkon mana?)

 ?

karuhan = tangtu

can karuhan = can tangtu


ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman 
tina sora embe ngaberele)


antukna = tungtungna, ahirna

sumarambah = /sarambah/ + /um/ ?

tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu 
disundakeun?)


tideresa = ?

ringrang = gedag, gimir, eundeuk?

malawading = liberal?



2009/3/23 Maman Gantra >


Sunda?**

 







--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



[Urang Sunda] Mulungan kecap.. Re: Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Dian Tresna Nugraha
Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan atanapi ngawaler seratan ti kang
Maman Gantra. Mung ieu mah salah sahiji "karesep" kuring, lamun aya seratan
munel kawas nu ti kang Maman, nyaeta mulungan kecap-kecap tur babasan anu
pikeun kuring mah ’aheng’, ’anyar’, atanapi ’arang langka’ dipake.



Di handap ieu kuring nyutat kecap nu sakaterang, oge nanya kecap nu tacan
kawangwangan.



*babasan*

teu nyaho di temah wadi = ?

nyosok jero = ?

teu embol-embol deui = teu datang-datang deui



*kabeungharan kecap*

walagri = cageur

rahayu = sejahtera?

bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)

kumelendang =

carem = ?

pabetekan = ?

walurat = darurat?

ijigimbrang = ajrag-ajragan?

kalan-kalan = sakapeung

helok =

kateuteuari =

iinternetan = mindeng nginternet

mimilisan = mindeng ngamilis

remen = mindeng

tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean)

miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/

garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/)

meleg-meleg = ?

diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag

nengklokan = ?

tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal leungeun ka
luhur siga baramaen nu menta-menta.

manan  mending  = batan  mending ... (basa wewengkon mana?)

bantet = ?

karuhan = tangtu

can karuhan = can tangtu

munasabah = ... ?

ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman tina
sora embe ngaberele)

antukna = tungtungna, ahirna

sumarambah = /sarambah/ + /um/ ?

tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu
disundakeun?)

tideresa = ?

ringrang = gedag, gimir, eundeuk?

malawading = liberal?


2009/3/23 Maman Gantra 

>Sunda?**
>
>
>


Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Dian Tresna Nugraha
Tah.. rada nyambung ayeuna mah.
Nuhun.. kedahna mah dibaca 'tu long' panginten nya :-)

Dian.

2009/3/24 Irpan rispandi 

> Too Loong = panjang teuing 'taeun-na'
>
>
> Dian Tresna Nugraha wrote:
>
>  Duh... naha nya maca serat nu ieu meni asa bodo pisan.
>
> Tetep teu ngartos naon hubunganana jorowokna si Robert jeung teu walakayana
> ceu Eha.
> Hemeng..
>
> Dian.
>
>  2009/3/24 Sirit Uncuing 
>
>>   janteun kieu eta teh...penting na urang sadaya diajar basa sunda
>> teh teu aya iwal bilih urang keur kokojayan di walungan cimanuk ti
>> keureuleup teu aya anu nulungan..aya dongengna eta teh...
>> kieu geura...:
>>
>> Ceuk beja anu dibejakeun deui. Harita si Robert nu aslina urang cikokol
>> tangerang aya dina bala'i, manehna keukeuleubeukan di walungan cimanuk. Anu
>> cenah mah manehna keur nguseup ngan useup na nyangreud kana gulung-gulung
>> samak, antukna ti geujeubur ka walungan nu sakitu tarik na.
>> Tapi Gusti Allah teu nganteup kitu wae, si robert dibere kasempetan pikeun
>> mucunghul huluna, nya teu antap parah deui eta kasempetan teh dimangpaatkeun
>> pikeun ngajorowok.
>> 'TOOLOOONG', kitu ceuk si robert.
>>
>> teu kungsi ngadua kalian jorowokna si robert langsung kadengeeun ku ceu
>> Eha nu harita keur ngarambet di sawah tatangga na...
>>
>> 'Aaah sabodo teuingrek panjang rek pondok oge, kuring mah kunu
>> si Bapana oge sok teu walakaya wae', ceuk Ceu Eha bari ngingeut ngingeut
>> basa kamari kursus di LPBB (lembaga pendidikan bahasa bule)
>>
>> 'komo uing aceuk...geus teu keuyeung kikituan teh,
>> da keur rieut mikiran budak, tiluan nana ngenta dipangmelikeun kaos
>> HALING KU AING', Bi Apsih mairan...
>>
>> Baktos
>>
>>
>
>


Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi

Too Loong = panjang teuing 'taeun-na'

Dian Tresna Nugraha wrote:


Duh... naha nya maca serat nu ieu meni asa bodo pisan.

Tetep teu ngartos naon hubunganana jorowokna si Robert jeung teu 
walakayana ceu Eha.

Hemeng..

Dian.

2009/3/24 Sirit Uncuing mailto:brat1b...@gmail.com>>

janteun kieu eta teh...penting na urang sadaya diajar basa sunda
teh teu aya iwal bilih urang keur kokojayan di walungan cimanuk ti
keureuleup teu aya anu nulungan..aya dongengna eta teh...
kieu geura...:
 
Ceuk beja anu dibejakeun deui. Harita si Robert nu aslina urang

cikokol tangerang aya dina bala'i, manehna keukeuleubeukan di
walungan cimanuk. Anu cenah mah manehna keur nguseup ngan useup na
nyangreud kana gulung-gulung samak, antukna ti geujeubur ka
walungan nu sakitu tarik na.
Tapi Gusti Allah teu nganteup kitu wae, si robert dibere
kasempetan pikeun mucunghul huluna, nya teu antap parah deui eta
kasempetan teh dimangpaatkeun pikeun ngajorowok.
'TOOLOOONG', kitu ceuk si robert.
 
teu kungsi ngadua kalian jorowokna si robert langsung kadengeeun

ku ceu Eha nu harita keur ngarambet di sawah tatangga na...
 
'Aaah sabodo teuingrek panjang rek pondok oge, kuring mah kunu

si Bapana oge sok teu walakaya wae', ceuk Ceu Eha bari ngingeut
ngingeut
basa kamari kursus di LPBB (lembaga pendidikan bahasa bule)
 
'komo uing aceuk...geus teu keuyeung kikituan teh,

da keur rieut mikiran budak, tiluan nana ngenta dipangmelikeun kaos
HALING KU AING', Bi Apsih mairan...
 
Baktos
 







--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik Dian Tresna Nugraha
Duh... naha nya maca serat nu ieu meni asa bodo pisan.

Tetep teu ngartos naon hubunganana jorowokna si Robert jeung teu walakayana
ceu Eha.
Hemeng..

Dian.

2009/3/24 Sirit Uncuing 

>   janteun kieu eta teh...penting na urang sadaya diajar basa sunda teh teu
> aya iwal bilih urang keur kokojayan di walungan cimanuk ti keureuleup teu
> aya anu nulungan..aya dongengna eta teh...
> kieu geura...:
>
> Ceuk beja anu dibejakeun deui. Harita si Robert nu aslina urang cikokol
> tangerang aya dina bala'i, manehna keukeuleubeukan di walungan cimanuk. Anu
> cenah mah manehna keur nguseup ngan useup na nyangreud kana gulung-gulung
> samak, antukna ti geujeubur ka walungan nu sakitu tarik na.
> Tapi Gusti Allah teu nganteup kitu wae, si robert dibere kasempetan pikeun
> mucunghul huluna, nya teu antap parah deui eta kasempetan teh dimangpaatkeun
> pikeun ngajorowok.
> 'TOOLOOONG', kitu ceuk si robert.
>
> teu kungsi ngadua kalian jorowokna si robert langsung kadengeeun ku ceu Eha
> nu harita keur ngarambet di sawah tatangga na...
>
> 'Aaah sabodo teuingrek panjang rek pondok oge, kuring mah kunu
> si Bapana oge sok teu walakaya wae', ceuk Ceu Eha bari ngingeut ngingeut
> basa kamari kursus di LPBB (lembaga pendidikan bahasa bule)
>
> 'komo uing aceuk...geus teu keuyeung kikituan teh,
> da keur rieut mikiran budak, tiluan nana ngenta dipangmelikeun kaos
> HALING KU AING', Bi Apsih mairan...
>
> Baktos
>
>


Re: [Urang Sunda] Sunda?

2009-03-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Hoyong terang sejarah perpeloncoan aya di RANI-GRACIAS http://staff.blog.ui.edu

baktos,

mrachmatrawyani


 

















  

Re: [Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi

Ceu, coba filena di upload ka indowebster.com.
ieu mah websitena di indonesia.
jadi urang anu di indonesia, moal beurat teuing nga-downloadna.

nuhun ceu he..he..he..

Dian Tresna Nugraha wrote:


Cobian lebetkeun ka imeem.com 

Dian.

2009/3/24 Roro Rohmah >


Kang Irpan, numawi ieu the nuju hual hiul we, bararingung...
Tos aya, mung hese ngalebetkeunana kana file di yahoogroups. Tadi
ge naroskeun ka Kang Kumi, saurna badag teuing. Sadayana 55.5MB
aya 10 lagu, kumaha atuh?
 
ro2
 
>>> mr.rispa...@gmail.com  03/24/09

03:32PM >>>
aceuk,
kendang penca teh kumaha tea ?

(keur menta teh maksa deuih nya ceu, teu boga ka era he..he..he.)






--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



[Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Roro Rohmah
Mangga, ke bade dicobian di bumi, da di pakulian mah diblok.

Haturnuhun,
ro2.

>>> dian.nugr...@gmail.com 03/24/09 03:50PM >>>

Cobian lebetkeun ka imeem.com

Dian.


Re: [Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Dian Tresna Nugraha
Cobian lebetkeun ka imeem.com

Dian.

2009/3/24 Roro Rohmah 

>Kang Irpan, numawi ieu the nuju hual hiul we, bararingung...
> Tos aya, mung hese ngalebetkeunana kana file di yahoogroups. Tadi ge
> naroskeun ka Kang Kumi, saurna badag teuing. Sadayana 55.5MB aya 10 lagu,
> kumaha atuh?
>
> ro2
>
> >>> mr.rispa...@gmail.com 03/24/09 03:32PM >>>
> aceuk,
> kendang penca teh kumaha tea ?
>
> (keur menta teh maksa deuih nya ceu, teu boga ka era he..he..he.)
>


[Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Roro Rohmah
Kang Irpan, numawi ieu the nuju hual hiul we, bararingung...
Tos aya, mung hese ngalebetkeunana kana file di yahoogroups. Tadi ge naroskeun 
ka Kang Kumi, saurna badag teuing. Sadayana 55.5MB aya 10 lagu, kumaha atuh?

ro2

>>> mr.rispa...@gmail.com 03/24/09 03:32PM >>>
aceuk,
kendang penca teh kumaha tea ? 

(keur menta teh maksa deuih nya ceu, teu boga ka era he..he..he.)


Re: [Urang Sunda] Re: penca

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi

aceuk,
kendang penca teh kumaha tea ?

(keur menta teh maksa deuih nya ceu, teu boga ka era he..he..he.)

Irpan rispandi wrote:


Nuhun aceuk.


roro_rohmah wrote:

Ke, Ceuceu asa gaduh... wang pilarian heula di bumi. Pami tos aya 
disimpen na file meh sadayana tiasa ngorowot.


Mangga diantos,
ro2

--- In urangsunda@yahoogroups.com 
, Irpan rispandi 
 wrote:

>
> Baraya,
> sugan aya anu ngoleksi mp3 kendang penca.
> kuring menta.
>
> nuhun saacanna.
>
>
> --
> Sent NOT from my BlackBerry®
> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>




--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!




--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



Re: wadoooo... Re: [Urang Sunda] Perbandingan Tilu Perang Bubat...Catetan ti kuring

2009-03-24 Terurut Topik herlandgum
Ceu Roro, foto na matak sono ka lembur nini sareng aki euy.

Tos lami kuring teu ngincak Wado, padahal pun raka ge di Wado. Paling oge
nguping ti pun raka upami dongkap ka Jakarta yen Wado teh ayeuna kieu jeung
kitu, tos seeur pisan perobihan na. Tosa rame siga di kota ceunah.

Hmm...janten sono... hatur nuhun Ceu foto na.

Salam,
Herlan.

2009/3/24 Roro Rohmah 

>Kakantun foto2na, nyanggakeun na file nangkod.
>
> ro2
> AsWad
>
>
> >>> dudi.herlia...@gmail.com 03/24/09 07:29AM >>>
> dit, nuhun ah, aya deui reperensi ngeunaan wado. kabeneran eta ngaran
> deukeut pisan jeung hirup kuring mangsa abg. wado teh ngaran kacamatan
> kuring nepi ka sma :))). salian kuring nu kungsi jadi urang dinya teh nya:
> ceu roro. nya ceu? (bari ngiceupan! heuheu)
>
> 
>


wadoooo... Re: [Urang Sunda] Perbandingan Tilu Perang Bubat...Catetan ti kuring

2009-03-24 Terurut Topik Roro Rohmah
Naon Jang Ndud, kucap-kiceup kitu? Turungisen nya? Hihiw*
Ceuceu ge teu bisa ngaleuleungit nu ngaran Wado, da digubragkeun ka alam dunya 
ge di Wado (untung teu pejet ge*heheh). Kungsi "ngasaan" diuk salila 3 taun di 
bangku SMPN Wado. Pajaratan nu jadi Bapa, nini, aki katut kulawarga lianna 
jeung nu masih jarumeneng keneh ge lolobana mah di Wado. 

Sakapeung mah mun keur ngawangkong jeung indung uing, ngadongengkeun kahirupan 
jaman baheula, sok waas hayang balik deui ka Wado. Tiis ceuli, herang mata. 
Hayang sampeu, hui, dangdaunan kari ngala. Ari kabeneran euweuh, kari menta. 
Tapi kumaha deui? Uing kudu nyiar kipayah neangan sahuap sakopeun buburuh di 
Cina-Bandung, da di Wado mah teu bisa* ma enya ari kudu ngojeg mah? Heuheu*

Basa lebaran kamari, uing & kulawarga mudik, nyekar sakalian silaturahmi ka 
kulawarga nu aya di Wado. Ti palebah astana Cialang-alang atra pisan Gunung 
Cikadu nu geus ditanceban munara Telkomsel. Sawah guludug ngoletrak, nungguan 
dicaian ku hujan. Breh ka lebah kaler katingali ti kajauhan wewengkon nu bakal 
kaeleb ku Waduk Jatigede (gbr aya na file nangkod, iseng motoan make hp). 

Sakumaha nu didongengkeun ku Jang Ndud, kaayaan Wado geus beda pisan. Loba imah 
anyar, gedong sigrong clu cle dinu tadina sawah hejo ngemplo, malah mah aya pom 
bensin sagala. Loba motor tinggeleyer, boh nu pribadi boh tukang ngojeg. Loba 
jelema nu ngayakinkeun yen Wado bakal jadi kota. Salian eta, uing yakin pasti 
aya oge nu katalangsara, nu kabeneran teu katingali ku panon uing, da maklum 
nganjangna ngan sajorelat. Uing mah ngan bisa ngadu'a, mugia rencana pamerentah 
ku ayana Waduk Jatigede (ceunah mah geus ti taun 60an keneh), masing aya pleus 
jeung minusna ge tapi tujuan mah ngan hiji nyaeta mawa kamaslahatan keur 
sararea. Amin.

ro2
AsWad
nb : bilih bade ningalian kaayaan Wado taun 80an tiasa ditingali di 
http://rosmailyas.multiply.com.





>>> dudi.herlia...@gmail.com 03/24/09 07:29AM >>>

dit, nuhun ah, aya deui reperensi ngeunaan wado. kabeneran eta ngaran deukeut 
pisan jeung hirup kuring mangsa abg. wado teh ngaran kacamatan kuring nepi ka 
sma :))). salian kuring nu kungsi jadi urang dinya teh nya: ceu roro. nya ceu? 
(bari ngiceupan! heuheu)


Re: [Urang Sunda] Perbandingan Tilu Perang Bubat...Catetan ti kuring

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi
Soksanajan kuring menentang pengkastaan jelema, tapi tetep ngabedakeun 
jelema mah perlu. Anu hade lampah jeung anu goreng lampah kudu puguh 
bedana, aya indikator jeung alat ukurna.
tah didieu urang ngalarapkeun penghargaan pikeun anu lakulampahna hade 
atawa malah berprestasi dina hal kahadean.


H Surtiwa wrote:


Panuju..hargaan jelema..sebagey jelema tong ningali atribut jeung 
kasta sosial...tah ieu baeula slogan jeung sumanget keur di Kampus. 
basa kerja prekatek di pausahaan BUMN ..geuningan dibedakeun 
kastana...Janten mun urang ngalaman dibedakeun kulantaran hal2 
eta..nya sing sabar wae...eta mah pakta teu paduli bener atawa henteu 
dasarna...


On 3/24/09, *ua duq* > wrote:


haha... maksadna nu teu ngalakukeun nu positif/teu berprestasi
meunang dikasaran? haha teu kitu atuh.
cek kuring mah tong ningali nu karitupatut: hape, baju, kadaharan,
liburan, prestasi. kabeh ge ukur atribut! hargaan we kabeh salaku
sasama manusa we...

haha

d

2009/3/24 Irpan rispandi mailto:mr.rispa...@gmail.com>>

Mindset anu kudu diwangun.
ceuk kuring mah urang kudu ningali urang arab di abad ka 7 M.
antara menak jeung cacah taya bedana.
dina basa oge teu beda, euweuh lemes atawa kasar (tapi ketang
kuring teu ngarti basa arab he.he.he. bener teu euweuh lemes
kasar?)

kamari mah geus we sa-kamari-eun. mimiti ti ayeuna, urang ulah
ningali jeung ngahargaan jalma teh ku HP anu dipakena, ku
restoran tempat manehna dahar, ku baju merekna naon, ku carita
liburanna di mana, dsb.
tapi mendingan ngahargaanna ku 'naon hal positif / prestasi'
anu geus dilakukeun ku manehna, dsb.

masalah basa, memang rada hese lamun arek langsung berubah ka
basa loma. pasti resistensina gede. tapi hayu urang ajakan tah
ka anu 'teureuh', turunan menak tea. ulah ngimpi wae kituh.
ayeuna mah lain usum menak. ulah diagul-agul tah teureuh teh.




A Gunawan wrote:


Irpan rispandi  wrote:
[ieu mah malah memperkuat teori 'mindset bangsa terjajah'.]

Pananyana, mindset nu kumaha nu kudu diwangun teh? Pra
Kolonial, Kolonial, Poskolonial? Dina pra kolonial upamana nu
nganggap yen Sunda kungsi merdeka,, panta-panta teh dipake,
"Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki. hulun bakti di
pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado. wado
bakti di mantri, mantri bakti di nu nangganan. nu nangganan
bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di
dewata, dewata bakti di hyang. (SSKK: II)"
Kolonial mah kapan geus karuhan, katingali kumaha kaayaan
bangsa Sunda harita, tapi teu kurang-kurang nu ku urang
dianggap stereotip ideal urang Sunda saperti HHM dina
Dangdingna, Kusumahningrat dina Tembangna, Musa dina Nulis
Realisna, Oto dina Organisasina ngalalakon dina jaman harita.
Tapi jujur, kuring ge sok ngarenghap jero, mun macaan
surat-surat ti karuhun urang nu ditujulkeun ka TUAN
GOUPERNEMEN tea, aya nu menta diangkat jadi bupati tea, aya
nu hayang kapake tea, aya nu ngadoni si itu, ngadoni si ieu,
tapi meureun kumaha? Kitu takdirna boa ceuk kang
AG








--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!



Re: [Urang Sunda] Perbandingan Tilu Perang Bubat...Catetan ti kuring

2009-03-24 Terurut Topik H Surtiwa
Panuju..hargaan jelema..sebagey jelema tong ningali atribut jeung kasta
sosial...tah ieu baeula slogan jeung sumanget keur di Kampus. basa kerja
prekatek di pausahaan BUMN ..geuningan dibedakeun kastana...Janten mun urang
ngalaman dibedakeun kulantaran hal2 eta..nya sing sabar wae...eta mah pakta
teu paduli bener atawa henteu dasarna...

On 3/24/09, ua duq  wrote:
>
>   haha... maksadna nu teu ngalakukeun nu positif/teu berprestasi meunang
> dikasaran? haha teu kitu atuh.
> cek kuring mah tong ningali nu karitupatut: hape, baju, kadaharan, liburan,
> prestasi. kabeh ge ukur atribut! hargaan we kabeh salaku sasama manusa we...
>
> haha
>
> d
>
> 2009/3/24 Irpan rispandi 
>
>>Mindset anu kudu diwangun.
>> ceuk kuring mah urang kudu ningali urang arab di abad ka 7 M.
>> antara menak jeung cacah taya bedana.
>> dina basa oge teu beda, euweuh lemes atawa kasar (tapi ketang kuring teu
>> ngarti basa arab he.he.he. bener teu euweuh lemes kasar?)
>>
>> kamari mah geus we sa-kamari-eun. mimiti ti ayeuna, urang ulah ningali
>> jeung ngahargaan jalma teh ku HP anu dipakena, ku restoran tempat manehna
>> dahar, ku baju merekna naon, ku carita liburanna di mana, dsb.
>> tapi mendingan ngahargaanna ku 'naon hal positif / prestasi' anu geus
>> dilakukeun ku manehna, dsb.
>>
>> masalah basa, memang rada hese lamun arek langsung berubah ka basa loma.
>> pasti resistensina gede. tapi hayu urang ajakan tah ka anu 'teureuh',
>> turunan menak tea. ulah ngimpi wae kituh. ayeuna mah lain usum menak. ulah
>> diagul-agul tah teureuh teh.
>>
>>
>>
>> A Gunawan wrote:
>>
>>Irpan rispandi  wrote:
>> [ieu mah malah memperkuat teori 'mindset bangsa terjajah'.]
>>
>> Pananyana, mindset nu kumaha nu kudu diwangun teh? Pra Kolonial, Kolonial,
>> Poskolonial? Dina pra kolonial upamana nu nganggap yen Sunda kungsi
>> merdeka,, panta-panta teh dipake,
>> "Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki. hulun bakti di pacandaan, sisya
>> bakti di guru, wang tani bakti di wado. wado bakti di mantri, mantri bakti
>> di nu nangganan. nu nangganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu,
>> ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. (SSKK: II)"
>> Kolonial mah kapan geus karuhan, katingali kumaha kaayaan bangsa Sunda
>> harita, tapi teu kurang-kurang nu ku urang dianggap stereotip ideal urang
>> Sunda saperti HHM dina Dangdingna, Kusumahningrat dina Tembangna, Musa dina
>> Nulis Realisna, Oto dina Organisasina ngalalakon dina jaman harita.
>> Tapi jujur, kuring ge sok ngarenghap jero, mun macaan surat-surat ti
>> karuhun urang nu ditujulkeun ka TUAN GOUPERNEMEN tea, aya nu menta diangkat
>> jadi bupati tea, aya nu hayang kapake tea, aya nu ngadoni si itu, ngadoni si
>> ieu, tapi meureun kumaha? Kitu takdirna boa ceuk kang Maman tea mah.
>> Mun tea mah aya poskolonial, kari ngabandingkeun meureun memeh 45 jeung
>> sanggeus 45, kitu ge meureun, tapi, sanggeus pemilu 55 asana mimiti nu
>> nyarepeng kalungguhan di wewengkon Sunda teh lain urang Sunda,,pami tos
>> kitu, kumaha?
>> Ari lalawanan dijajah teh ngajajah, mun dina mengbal ofensif, lain
>> defensif. Total Footbal jiga Persib,,lets play the game ceuk Kang Oman mah.
>> Ngan meureun kiwari saheulaanan pemainna loba nu kartu merah, jadi kurang
>> pamaen,,rek kumaha meunang ngalawan Sriwijaya lamun nu reana ukur bobotoh,,
>> lain pamaen. Ari bobotoh, rek dina mengbal rek dina ngadu hayam ge angger
>> bobotoh,, moal kapilem. Nu kapilem mah pemain jeung wasit (nu siger tengah
>> cek Mang Jamal mah)..
>> Nu matak, basa kamari Persib eleh ku Sriwijaya, kuring ambek
>> kapegung,,geus mah eleh udud sabungkus lapur, katurug-turug hayang kawin,
>> jaba nyeri huntu,, haduh, hayang mites-miteskeun tah suku pemaen Sriwijaya,,
>> ngan kumaha, da semet jadi bobotoh..
>>
>> AG
>>
>>
>  
>


Re: [Urang Sunda] kopi urut bubat..jst

2009-03-24 Terurut Topik H Surtiwa
Leres .eta sok ningali ..kolot baheula..etagegedoh anu masih kenes amis
kulantaran gulana loba..saparantos cai kopina seep diuyup..clom
curuk..nyolek gegedohblem dihuapkeun..bari jeung kumat
kemot..waasnya.suga mah nikmat.

On 3/24/09, ua duq  wrote:
>
>   bah kuring mah malah leuwih resep kopi tradisional nu masih keneh
> nyesakeun gegedoh. seungit jeung rasa leuwih asup keur kuring. nu di godog
> ge sami deuih kuring mah teu pati resep. kopi tradisional nu digodog eta
> rasana jadi sarua jeung kopi nu bebas gegedoh tea. kuring mah cekap ditubruk
> ku cipanas (sesa digolakeun) we kopina. tong digulaan teu disusuan...
>
> duq
> penikmat kopi pait sakali kali, mun keur lieur heuheu
>
> 2009/3/24 H Surtiwa 
>
>>   Kopi tradisional seungitna langkung nyeceb..ngan kumargi ngan ukur
>> digiling biasa (hard grind) sanaos..bubukna lemes pisan..tetep wae upami
>> ditinyuh teh aya kopi anu henteu terdispersi (naon Sundana ?)..aya anu
>> ngambangna...Tapi mun parantos didamel bubuk "instant" eta larutan heibat
>> ..pokona "free of solid"...Indocafe..Torabika...oge hade
>>
>> On 3/23/09, mangjamal  wrote:
>>>
>>>
>>> ,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>
>  
>


[Urang Sunda] menak goblog

2009-03-24 Terurut Topik Irpan rispandi
Wasit goblog , eh menak goblog, sarakah, 
$#$%))*&A#&^(@#^...@#$*&)%&$J*&)#&%)@#*(&$...@*#$&*&N$&@#&*G$$&*&#!


Senin, 23/03/2009 19:24 WIB
Penggelapan Ekstasi
Jaksa Esther dan Devi Ditetapkan Jadi Tersangka
E Mei Amelia R - detikNews
 
Jakarta - Jaksa Penuntut Umum (JPU) Esther Tanak dan Devi Verawati resmi 
ditetapkan sebagai tersangka dalam penggelapan barang bukti ekstasi 
sebanyak 343 butir. Keduanya ditetapkan sebagai tersangka karena 
terbukti mengedarkan ekstasi.

"Setelah pemeriksaan selesai, telah diperoleh bukti permulaan yang 
cukup, maka Esther dan Devi kita tetapkan sebagai tersangka. Dan mulai 
hari ini keduanya ditahan," ujar Direktur Narkoba Polda Metro Jaya 
Kombes Pol Arman Depari saat jumpa pers di Mapolda Metro Jaya, Senin 
(23/3/2009).

Dari tangan keduanya, polisi menyita barang bukti berupa 343 butir 
ekstasi berwarna ungu berlogo "S", 2 buah handphone Nokia dan Blackbery 
serta nota pembelian kendaran xenia B 1807 JM. Upaya lebih lanjut, Polda 
Metro akan melakukan pemeriksaan ulang barang bukti yang berkaitan 
dengan kasus.

"Tindak lanjut yang akan kita lanjutkan adalah minta izin dari Ketua PN 
Jakarta Utara untuk memeriksa ulang barang bukti yang ada kaitannya 
dengan perkara yang kita sidik," katanya.

"Kedua tersangka dikenakan Pasal  60 ayat 1 tentang Pengedar, pasal 60 
ayat 2 tentang kepemilikan, jo pasal 71 UU Psiotropika tentang melakukan 
tindak pidana psikotropika secara  bersama-sama," katanya.

Sementara itu, Jaksa Sophi Marisa hanya ditetapkan sebagai saksi karena 
tidak terbukti terlibat. "Tapi tadi dia datang. Kita mintai keterangan 
tambahan saja," tuturnya.

Sebelumnya, polisi juga telah menahan seorang pegawai sipil di Polsek 
Pademangan, Zaenanto dan anggota Polsek Pademangan, Aiptu Irvan karena 
kedapatan memiliki 300 butir ekstasi. "Yang 43 didapat di lokasi yang 
sama, dia buang.  Dari keterangan Irvan, ekstasi tersebut didapat dari 
Esther," jelasnya.

Menanggapi anggotanya yang terlibat dalam tindak pidana ini, Kapolda 
Metro Jaya Irjen Pol Wahyono, dalam kesempatan yang sama mengatakan akan 
menindak tegas anggotanya itu. "Anggota yang terlibat semua ada 
ketentuannya, proses berjalan. Kita berikan sanksi yg tegas tanpa 
kompromi," kata Wahyono.

-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!