[Urang Sunda] Re:Yang salah itu lingkungan! (lain, .... nu salah mah silaing...!)

2008-12-17 Terurut Topik sobarh
He..he..eta patarosan meni merelek salima-lima, panasarannya kang?
Heug lah diwaler: sumuhun, simkuring urang Subang.

Obay
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Junaedi Tanuwijaya 
j_tanuwij...@... wrote:

 Punten, bade tumaros pami ieu teh Kang Sobar Hidayat atanapi sok 
disebat Obay anu ti Subang sanes?
 
 
 
 
 
 From: sobar hidayat sob...@...
 To: urangsunda@yahoogroups.com
 Cc: kombes...@...
 Sent: Thursday, December 18, 2008 8:35:55 AM
 Subject: [Urang Sunda] Re:Yang salah itu lingkungan! (lain,  nu 
salah mah silaing...!)
 
 
 Kang Kombes (Jibogi komisaris besar),
 
 Cing atuh ngalungkeun jejer teh anu nyambung. Ieu mah dititenan teh 
nu lain-lain wae.� Nyaho ieu teh milis basa sunda, der make basa 
malayu bari jeung teu make panganteur.
 Sareukseuk euy.
 
 Obay
 ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~
 
 . 
 Yang salah itu lingkungan! 
 Posted by: JIBOGI kombes...@yahoo. com � jibogi 
 Tue Dec�16,�2008 5:02�pm (PST) 
 Yang salah itu lingkungan yang menganggap anak2 kecil nyanyi lagu 
orang dewasa itu lucu dan menggemaskan. ...padahal
 daku juga ga setuju tuh..dengan gitu anak kecil bisa 'dewasa
 terlalu cepat' tanpa melalui fase-fase normal menyenangkan hidup 
mereka
 yang suatu saat nanti ga akan bisa kembali. diskusikan topik ini 
di : http://kombes. com/forum. php?c=topic op=index cid=31tid= 11





[Urang Sunda] Re: Ebook Novel Laskar Pelangi (Marlia Hadi)

2008-11-26 Terurut Topik sobarh
Neng Marlia,

Sanes Teuteup panginten, kedahna tetep.
Tah dua kecap diluhur teh benten hartosna.

Teuteup = nempo (Neng Popon di teuteup di hareup sieup)
Tetep = angger atawa sabangsaning panyakit kulit. (Si Udin tetep 
bogoh ka neng Popon sanajan kungsi ditampik oge) (Neng Popon 
pananganna beureum ku tetep, gegetret teu eureun-eureun)

Obay.
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Marlia hadi [EMAIL PROTECTED] 
wrote:

 Teuteup we teu kengin kang!
 
 
 
 
 
 From: Achmad Wanen Sadikin (AWS) [EMAIL PROTECTED]
 To: urangsunda@yahoogroups.com
 Sent: Tuesday, November 25, 2008 9:58:35 AM
 Subject: RE: [Urang Sunda] Ebook Novel Laskar Pelangi
 
 
 ssst ulah rame nya..keun lamun rek ngabajak ge, tapi entong produk
 indonesia..keun produk asing nu dibajak mah.. hehe
 
  _ _ __
 
 From: Reka Bohay
 
 Waaahh.. menyebarkan pembajakan atuh ieu mah euy...





[Urang Sunda] Re: (kuncen #3) milari calon kuncen wakil sumedang

2008-11-23 Terurut Topik sobarh
Mang, naha geuning ngucenanteh dumasar kana wewengkon?
Apan ari kusnet mah ngarumpak kana batas-batas geografis kusabab 
internet media na?

Cing ah diguar naon kasang tukangna

Obay.
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Kuncen urang sumedang jeung nu ngawakilan sumedang, kang Iim Boim
 Abdurrachim-ketua HBH Jatinangor, tos tara aktif nginternet da 
dikantorna nu
 ayeuna teu acan aya internet. Urang sumedang kaitung seueur di 
kusnet. Jadi
 perlu ngangkat kuncen anyar urang sumedang.
 
  
 
 Saha nu kersa?
 
  
 
 Mangga lapor ka kuncen #2,  ua Sasmita
 
  
 
 Tugas kuncen salah salimana, muka groups.yahoo.com/group/urangsunda
 
 Mariksa e-mail nu 'pending' keneh, mana nu layak asup (approved)  
mana nu
 henteu (delete).nu henteu diantarana sarupaning iklan situs porno, 
jsb.
 
  
 
 nuhun
 
 mj





[Urang Sunda] Re: Raja Jawa Hayang jadi Presiden

2008-11-20 Terurut Topik sobarh
Kang Maman,
 
Moal daraekeun urang Sudan jeung urang Argentina-na oge sabab 
maranehanana geus nyahoeun adat urang Indonesia.
 
Pan geus kawentar atuh sipat jalma diirong tina laku jeung omongana, 
contona yeuh:
Urang Jepang: Teu loba omong, loba gawe.
Urang India: Loba omong, saeutik gawe
Urang amerika: Loba omong, loba gawe
Urang Rwanda: Teu loba omong, teu loba gawe.
 
Kumaha urang Indonesia..??
Lain nu diomongkeun, lain anu digawean.
 
Jadi lieur lah jadi presiden Indonesia mah...
 
Obay
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Maman Gantra [EMAIL PROTECTED] 
wrote:

 Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. 
Tapi, nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana 
ngadon rapat di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu 
dilakonan sangkan Sultan bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, 
tangtu bae, mangsa Pemilu taun hareup.
  
 Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun 
kuring, sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. 
Malah, satengahing molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu 
ngomentaran. Siga nu heueuh.
  
 Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya 
kana calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. 
Lain perkara Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina 
dirina. Paling heunteu saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga pangalaman 
goreng jeung manehna. Mangsa kuring jadi reporter di hiji majalah, 
jeung manehna salah sahiji komisaris di eta majalah). 
  
 Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu 
inohong. Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-
kirana pantes heunteu ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih 
alus mun urang nunjuk urang Sudan atawa urang Argentina salaku 
Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna daraekeun). 
  
 
 Maman Gantra
 Jalan Salemba Tengah 51,
 Jakarta 10440.
 0812-940-5441





[Urang Sunda] [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih hate.....

2008-11-17 Terurut Topik sobarh
From: sobar hidayat [EMAIL PROTECTED]
Subject: [wargasubang] Usum CPNS, usum hujan, usum nyogok, peurih 
hate.
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Monday, November 17, 2008, 6:26 PM
 
Ieu yeuh anu matak leneng kana sirah, marojengjana hate alatan ku 
dibukana panarimaan CPNS. Lain pedah hayang jadi PNS, tapi hate 
kuring keur didoja alatan CPNS. Kieu yeuh dongengna.
 
Kuring teh boga tatangga anu kacida hadena, lain hade sausum, ieu mah 
estuning hade manah tibarang wawuh jeung kuring ti baheula.
 
Kamari ieu pasosore manehna nganjang ka imah kuring bari ngagigiwing 
sertifikat tanah imah manehna. Mangga cep sabaraha we diartosanna, 
bapa mah moal panteng janget nawiskeun ieu tanah teh, estuning kumaha 
encep ceuk tatangga bari ngeluk.
 
Sanggeus disaliksik, singhoreng manehna teh perlu duit keur waragad 
nyogok ngasupkeun anakna ka PNS. Si tatangga teh boga anak dua lalaki 
kabeh. Anu kahiji geus rimbitan tapi can pageuh, masih gumantung ka 
kolot. Harepan manehna ka budak kadua ieu anu rek diasupkeun jadi 
PNS. Ari duit anu diperlukeun teh 150 juta.
 
Kamana engke bapa sareng kulawarga upami bumi diical mah? tanya 
kuring ka manehna.
Numawi bapa nawiskeun ka encep teh supados tiasa dikontrak ku bapa 
upami tos kapimilik ku encep, da kabatur mah biheung tiasa dikontrak.
 
Ngarakacak hate mah ngadenge ngalengisna tatangga, ngan kuring jadi 
ngahuleng. Kahiji kumaha lamun duit geus abus tapi teu lulus? Meureun 
banda beak bari jeung euweuh hasil. Kaduana lamun enya bisa asup, 
meureun si budak teh kudu bisa malikeun modal anu lain saeutik? Pan 
eta teh bibit-bibit korupsi.
 
Kuring ngan ukur bisa kerung, teu wasa mere harepan jeung teu wasa 
mere jawaban. Galecok jeroning hate nganaha-naha tatangga jeung 
nganaha-naha kaayaan, anu kaluar ngan ukur ke bade diemutan 
heula... 
 
Manehna balik diiringkeun ku hujan ngaririncik. .
  
Obay (anu keur perang sabil na hate)
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~




[Urang Sunda] [wargasubang] Ganas atawa Danas........????

2008-11-14 Terurut Topik sobarh
Ua Duq,

Ari lembur kuring teh di Dangdeur, Subang. Di lembur kuring mah 
kompak nyarebutna teh GANAS lain DANAS.

Sigana anu nyebut GANAS mah minoritas meureun nya...hi..hi..hi

Tong boroning jeung batur ketang, dalah jeung pamajikan sorangan oge 
sok paadu renyom wae ngamasalahkeun mana nu bener Ganas atawa Danas.

Ah...tapi da kuring mah geus biasa nyebut GANAS.
Ceuk aing GANASGANAS!!
Ha..ha..ha...

Obay.


--- In urangsunda@yahoogroups.com, ua duq [EMAIL PROTECTED] 
wrote:

 kalemahan pedagang sisijalan oge pedagang tradisional lianna, 
kalolobaanana
 teu pati/ mirosea kualitas barang jualeunna. loba nu sok ngabohong. 
cara ka
 kang sobar ieu, mere ngasaan danas (di lembur mah tara aya nu ganas 
da,
 sumpah) ka nu rek meuli mah amis, sedeng nu dijualna danas haseum. 
balukarna
 loba nu rek meuli danas (oge barang sejenna) leuwih milih indit ka 
pasar
 modern, hypermart, supermarket jst.
 
 On Fri, Nov 14, 2008 at 8:52 AM, sobarh [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
From: sobarh [EMAIL PROTECTED] sobarh%40yahoo.com
  Subject: [wargasubang] Ganas Subang Simadu
  To: [EMAIL PROTECTED] wargasubang%40yahoogroups.com
  Date: Friday, November 14, 2008, 8:05 AM
 
  Baraya sadaya,
 
  Minggu kamari kuring balik ka lembur. Sanggeus nyacapkeun kasono 
kanu
  jadi kolot, tuluy gura giru ngabiur ka Cicadas rek meuli ganas si
  madu pesenan babaturan sa kantor.
 
  Di kantor kuring mah sohor ganas si madu ti Subang teh saprak
  rombongan kantor meuli ganas di Cicadas waktu ondangan ka bandung
  liwat Subang. Eta ganas teh waktu dipurak rame-rame di mobil 
rasana
  amis pisan kawas peueut.
 
  ,___
 
 
 
 
 -- 
 d-: dudi herlianto :-q
 ~nyoba ngilu ngabauan dunya~





[Urang Sunda] Re: [wargasubang] Ganas atawa Danas........???? (kanggo kang Rusdi)

2008-11-14 Terurut Topik sobarh
Kang Rusdi,

Eta mah sami sareng nuang kulub ganas anu karek dijait tina paci...
Hahuh...hanas.. heneh heuning'

Obay.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, rusdi yunus [EMAIL PROTECTED] 
wrote:

 .. teu terangeun.!
  nu leresmah NANAS cikan cobian ngadaharna di gurun pasir tengah 
poe ereng - erengan usum halodo teu pangiyuhan pasti karaosna NANAS 
PISAN
 
  wassalam:
 
 
 Rusdi Yunus
 Rakyat SUBANG gotong royong subang maju
 
 
 
 
 
 From: sobarh [EMAIL PROTECTED]
 To: urangsunda@yahoogroups.com
 Sent: Friday, November 14, 2008 15:20:18
 Subject: [Urang Sunda] [wargasubang] Ganas atawa Danas
 
 
 Ua Duq,
 
 Ari lembur kuring teh di Dangdeur, Subang. Di lembur kuring mah 
 kompak nyarebutna teh GANAS lain DANAS.
 
 Sigana anu nyebut GANAS mah minoritas meureun nya...hi..hi. .hi
 
 Tong boroning jeung batur ketang, dalah jeung pamajikan sorangan 
oge 
 sok paadu renyom wae ngamasalahkeun mana nu bener Ganas atawa Danas.
 
 Ah...tapi da kuring mah geus biasa nyebut GANAS.
 Ceuk aing GANASGANAS. ...!!
 Ha..ha..ha.. .
 
 Obay.
 
 --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, ua duq dudi.herlianto@ ... 
 wrote:
 
  kalemahan pedagang sisijalan oge pedagang tradisional lianna, 
 kalolobaanana
  teu pati/ mirosea kualitas barang jualeunna. loba nu sok 
ngabohong. 
 cara ka
  kang sobar ieu, mere ngasaan danas (di lembur mah tara aya nu 
ganas 
 da,
  sumpah) ka nu rek meuli mah amis, sedeng nu dijualna danas 
haseum. 
 balukarna
  loba nu rek meuli danas (oge barang sejenna) leuwih milih indit 
ka 
 pasar
  modern, hypermart, supermarket jst.
  
  On Fri, Nov 14, 2008 at 8:52 AM, sobarh sobarh@ wrote:
  
 From: sobarh sobarh@ sobarh%40yahoo. com
   Subject: [wargasubang] Ganas Subang Simadu
   To: wargasubang@ yahoogroups. com wargasubang% 40yahoogroups. 
com
   Date: Friday, November 14, 2008, 8:05 AM
  
   Baraya sadaya,
  
   Minggu kamari kuring balik ka lembur. Sanggeus nyacapkeun 
kasono 
 kanu
   jadi kolot, tuluy gura giru ngabiur ka Cicadas rek meuli ganas 
si
   madu pesenan babaturan sa kantor.
  
   Di kantor kuring mah sohor ganas si madu ti Subang teh saprak
   rombongan kantor meuli ganas di Cicadas waktu ondangan ka 
bandung
   liwat Subang. Eta ganas teh waktu dipurak rame-rame di mobil 
 rasana
   amis pisan kawas peueut.
  
   ,___
  
  
  
  
  -- 
  d-: dudi herlianto :-q
  ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
 
 
 
 
 
   New Email addresses available on Yahoo!
 Get the Email name you#39;ve always wanted on the new @ymail and 
@rocketmail. 
 Hurry before someone else does!
 http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/





[Urang Sunda] [wargasubang] Ganas Subang Simadu

2008-11-13 Terurut Topik sobarh
From: sobarh [EMAIL PROTECTED]
Subject: [wargasubang] Ganas Subang Simadu
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Friday, November 14, 2008, 8:05 AM

Baraya sadaya,

Minggu kamari kuring balik ka lembur. Sanggeus nyacapkeun kasono kanu 
jadi kolot, tuluy gura giru ngabiur ka Cicadas rek meuli ganas si 
madu pesenan babaturan sa kantor.

Di kantor kuring mah sohor ganas si madu ti Subang teh saprak 
rombongan kantor meuli ganas di Cicadas waktu ondangan ka bandung 
liwat Subang. Eta ganas teh waktu dipurak rame-rame di mobil rasana 
amis pisan kawas peueut.

Tah ti mimiti harita tiap poe jumaah babaturan kantor sok naranyakeun 
kuring arek balik kalembur atawa moal cenah. Kabeh ngirong rek nitip 
pangmeulikeun ganas simadu ka kuring.

Nya ahirna kajadian minggu kamari kuring nampa tugas. Kacida 
beuratna eta tugas teh sabab pamor Subang ditandonkeun 
jeung kredibilitas kuring salaku urang Subang.

Di Cicadas kuring ukay-ukey milihan ganas dibantuan ku anak 
pamajikan, neangan ganas anu amis alias simadu. Dasar lain ahli 
ganas, sanggeus ngorowekan tujuh ganas, euweuh hiji oge anu amis. 
Ahirna pamajikan nyarankeun supaya pindah ka tukang dagang anu ngarti 
ganas menta pangmilihkeun, da tukang dagang anu ieu mah teu 
ngartieun. Eta cenah pedah ganas teh aslina kiriman ti Jalan Cagak.

Pindah ka tukang dagang sejen, karek oge gok geus mere keureutan 
ganas, diasaan amis. Wah..hebat yeuh tukang dagang teh, tuluy menta 
pangmilihkeun nu amis lima belas hulu, dibeungkeut lima sikian.

Poe senen kuring jigrah pedah ngarasa tugas kacumponan jeung moal 
pierauen. Anu dua beungkeut dipasrahkeun kanu nitip meuli, 
sabeungkeut deui keur di imah.

Di kantor ibur, ganas teh teu amis hiji-hiji acan. Euleuh.. 
kuring 
ngembang kadu. Gancang nelepon pamajikan ka imah supaya ngasaan ganas 
nu di imah hiji-hiji. Te kungsi lila pamajikan nelepon ngabejaan yen 
ganas di imah mah kabeh aramis.

Geus ayeuna mah bawa kabeh kadieu make taksi kuring paparentah ka 
pamajikan. Atuda paur bisi di demo ku sakantor..he. .he..he.. ..

Ahirna kabeh kaupahan ku datangna pamajikan kuring mawa ganas amis. 
Itung-itung panyombo kanu ting puereudeuy ngadahar ganas simadu palsu.

Tah parawargi sadaya., sigana urang Subang kudu motekar mere 
label kualitas dina ganas supaya konsumen teu kabelejog jiga kuring.

Cag.
Obay.



 
Messages in this topic (1) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Links | Database | Polls | Members | 
Calendar 
MARKETPLACE

--
--
From kitchen basics to easy recipes - join the Group from Kraft Foods 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch 
format to Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe