Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-24 Terurut Topik roro_rohmah
Hay Jay… Ngorong wa….ih, Jijay! Abdi ge bade ngiring ngarang ngorong ah… 
heheh.

Komoning jiga Kang Maman, MJ, Wa Sas, Kang Syam nu geus kahot kana nulis atawa 
baraya-baraya nu lian, karek sakalieun abus ka Majalah Mangle ge, kuring sok 
asa nyaan we jadi "penulis". Jadi wayahna we kudu ngamaklum mun kuring 
ngaisitrenkeun diri jadi penulis heheh. Bae ah, najan ngan saukur penulis 
leuleutikan ge kayaning na milis & blog. 

Mun MJ mah ngarang teh ngagambarkeun kaayaan make tulisan, beda deui jeung 
kuring mun diterapkeun di pakulian, pasti dicarekan da kudu saluyu jeung 
kahayang dunungan. Rada mahiwal, geus pasti ningali tarangna kerung, bari 
diomongan,"Tong ngarang!" Untungna teh pagawean teu kabeh kitu, aya ngarangna 
oge.  Da mun dipikir-pikir mah hirup nu sabenerna teh lolobana mah ngarang...

Masalahna mah kieu, kuring mah tibatan dititah ngabuciay bari jeung ngabudah, 
mending keneh dititah nulis. Ku nulis mah, nu salah bisa dibenerkeun, nu kurang 
bisa ditambahan, bisa dipikir dibulak balik heula, laju dibeuweung diutahkeun, 
ngan kade tong diletak deui. Matak loba jelema nu salah sangka mun ningali 
kuring nu sabenerna jiga nu kimong (beuki ngomong) tapi mun diajak ngomong 
bebelepbepan.

Apal ka Faiz? Budakna Helvy Tiana Rossa ningan… tah, eta mah bisa nulis teh 
alatan turunan ti indungna. Ari kuring? Bisa jadi ti kolot kuring, tapi mun 
ningali indung kuring da baroraah sok nulis, ngan ulukutek we ngurus pagawean 
rumah tangga. Teuing tah mun ti Bapa kuring… tapi sarua, da tara kungsi nulis 
di koran, majalah, komo nyieun buku mah bararoraah. Jadi timana atuh? Nya geus 
tikudratna we sok garetek ese hayang nulis. 

Kuring mah nganuhunkeun pisan ka guru Bahasa Indonesia di SD (SMP-SMA mah teu 
pati loba ngarang), kujalan manehanana kuring ayeuna bisa saeutik-eutikeun 
nulis. Baheula mah, unggal usik ngarang… unggal aya pelajaran kosong ngarang, 
can jeung PRna ngarang deui wae. Rek ujian, diwanti-wanti mun manggih soal 
ngarang, kudu nulis saloba-lobana bari jeung tulisanana kudu alus, lumayan keur 
nambahan peunteun soal nu lian. Tuntungnamah nya ngarang we ngaler ngidul…

Ceuk guru kuring, modal nulis teh ngan saukur maca. Hiji hil nu mustahal, mun 
tara atawa langka maca geus pasti mugen dina prakna. Kumaca salian nambahan 
elmu pangaweruh, urang bisa ningali gaya tulisan batur jeung loba kecap-kecap 
anyar nu bisa dipulungan. 

Sabenerna mah leuwih lancar keneh nulis make Bahasa Indonesia. Ku sabab 
"mangkarunyakeun" ka basa Sunda nu beuki lila beuki ngaleungit beakeun ku 
jaman, nya kuring balik deui ka basa indung. Nya, di Kusnet ieu kuring ngarasa 
cop kana hate, bisa nulis make basa Sunda "Sersan" alias Serius & santai. Jadi 
teu serius teuing, nu ngabalukarkeun matak lieur kana uteuk. Keur mah lieur ku 
pagawean, kudu lieur deui mikiran milis. Santai, ngabodor tapi teu kamalinaan 
teuing. Nu dipikaresep, rada ngarti kana pasualanana, engklokan. Nu teu ngarti 
& matak jangar, rupus. Cag!loba teuing mah sing olabs...hihiw...

Hayu ah… tos sonten…
ro2.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Jay"  wrote:
>
> Sami kang...
> uing ge baheula mah tara ngorong teh..
> ayeuna meni rajeun kan ngorong.
> 
> heu heu
> 
> -Jay-

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik mangjamal

ieu tambahan, mangrupa proses kreatif alias pangalaman si kuring nulis. 

(proses kreatif) menulis novel untuk mengibur

Enam novel telah saya tulis: Louisiana Louisiana (2003), Rakkaustarina(2004), 
Fetussaga (2005)-ketiganya diterbitkan Grasindo, lalu Epigram(2006), Dong Mu 
(2007) keduanya diterbitkan GPU,dan Opik Sok Cool, nih(MIzania, 2008), ditambah 
satu buku non-fiksi Pengantar Desain Mebel(Kiblat, Bandung). 

Tulisan lain berupa artikel desain atau kebudayaan dimuat di koran. Artikel ini 
kompensasi saya karena merasa tidak bisamembuat cerpen. Di setiap acara ngobrol 
soal novel, selalu ada yangtanya bagaimana membuat novel. Jawaban standar saya, 
ya ketik saja,karena cara saya memang begitu. Ketik saja. Nanti juga jalan 
sendiri.Kelima novel itu dibuat dengan jurus sebisanya saja karena saya 
tidaktahu rumus atau teori menulis novel. Cita-cita saya memang ingin 
jadipenulis, tapi penulis cek :)

Novel yang terbit 2007, Dong Mu, terilhami oleh dua orang insinyurIndonesia 
yang bekerja di luar negeri: Kang Suhermanto Duliman, ahlinuklir yang bekerja 
di Badan Tenaga Atom Dunia (IAEA) dan kang YayaRukayadi, ahli bioteknologi di 
Seoul Korea Selatan. Keduanya selainnarasumber bahan Dong Mu juga sekalian saya 
jadikan nama tokohutamanya. Dimata saya mereka adalah wajah lain kita: 
orang-orangIndonesia yang memberi bukti bahwa bangsa kita–dengan 
pendidikan,perjuangan dan lingkungan yang baik- dapat mencapai kualitas 
tinggi,tidak kalah dengan bangsa lain. Kedua orang ini, dan pastinya 
masihbanyak yang lain di dalam maupun di luar negeri, memberi saya harapanatas 
kualitas bangsa dan saya harus sebarkan semangat ini. Denganlatar itulah saya 
berani minta endorsment pada Menteri Negara Risetdan Teknologi, Pak Kusmayanto 
Kadiman.

Tentu agar menjadi novel harus ada cerita. Kebetulan sekali di dunianyata, 
Korea Utara melakukan percobaan rudal yang dicurigai berhululedak nuklir dan 
menghebohkan media dan dunia (terutama negaratetangganya dan Barat). Saya ikuti 
terus perkembangan berita itu dariKompas. `Riset' kecil juga dilakukan: baca 
buku tentang nuklir karyadosen Fisika ITB, (alm) Pak Hans Wospakrik, Dari 
Atomos Hingga Quarks(KPG), keluyuran di internet soal dua Korea, nanya sarjana 
fisikayang saya kenal. Beruntung setahun sebelumnya saya dikirim bukutentang 
Seoul dan Korea Selatan oleh seorang staf lokal KBRI Seoul.Cerita tentang 
operasi militer, kebetulan saya suka cerita (buku danfilm) perang, yang terbaru 
saya baca adalah Perang Eropa dan PerangPasifik karya PK Ojong.

Sebagai seorang amatir dalam mengarang novel, apalagi genre thriller/detektif 
atau spionase –misalnya Dong Mu begitu- tentu saja sayatidak bisa membuat 
cerita dengan kompleksitas atau kerumitan ceritayang tinggi seperti novel luar. 
Dong Mu tentu berbeda dengan novelyang di negaranya berjibun cerita detektif 
dan spionase. Dalam novelitu saya merasa harus bercerita latar biografis 
tokoh-tokohnya karenayang paling ingin saya ceritakan adalah proses mereka jadi 
`orang'yang semoga memberi semangat pada yang baca dan meskipun bekerja diluar 
negeri, bisa menunjukkan kecintaannya pada Tanah Air dengankeahlian 
masing-masing. Di Dong Mu, saya meledek Amerika yang selaluhero di Holywood dan 
presidennya kege-eran -merasa jadi presiden dunia- itu dengan membuat agen CIA 
jadi pecundang dan dibebaskan orangsipil Indonesia!

Jurus Menulis: Minat dan Latihan
Hanya bermodal senang baca sejak kecil, ditambah kehadiran komputerdan 
internet, keinginan untuk menghibur orang, lalu insomnia, membuatminat menulis 
yang lama pingsan, siuman kembali setelah menulis tesis(2001). Pada usia 35, 
lahir novel pertama saya Louisiana Lousianadengan setting di negeri kelahiran 
HC Andersen, Denmark. Kebetulantahun 1997, sempat keluyuran di negeri itu dan 
tetangganya.Pengalaman pernah di sana saya jadikan latar, tapi ceritanya, 
sihcampuran antara kisah nyata dan rekaan. Tapi latar Finlandia dalamnovel 
Rakkaustarina saya peroleh dari buku, e-mail teman yang kuliahdi sana dan 
internet. Malah sepotong pengalaman teman saya itu sayaadopsi ke Rakkaustarina.

Tahun 1980an akhir, ketika mulai tinggal di Bandung untuk kuliah,saya coba 
minat menulis itu dengan ngarang cerpen roman remaja –masihpakai mesin ketik- 
lalu dikirim ke majalah remaja. Sukses, tidaksatupun pernah dimuat! Minat itu 
langsung pingsan karena kebetulankuliah Seni Rupa di ITB tiga perempatnya 
menggambar. Ketika untuk pertama kalinya saya lulus kuliah (semester pertama 
1994) minat menulis siuman dipicu menulis skripsi. Yang pertama saya 
lakukanadalah mengirim lamaran untuk jadi wartawan ke Majalah Tempo. 
Lucunya-atau sialnya- justeru di minggu itu Tempo dibredel rejim Orde Baru! 
Minat menulis kembali pingsan karena saya lalu bekerja di konsultan desain 
interior di Jakarta lalu Bandung yang 90% pekerjaannya menggambar. 

Minat menulis tumbuh lagi ketika saya `terdampar' dikampus Itenas, karena 
diajak mengurus majalah kampus tigabulanansebagai tukang nyari berita plus 
kontrib

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik K7/P1
ceuk kang irpan ge: Kadek Siah Ku Aing, he...he...

pesta bajingan duka atuh nya.ayakeun entongsok lah balakan
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
http://inawan.multiply.com
Mobile : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
ta...@yahoogroups.com
urangtasik.multiply.com

2009/4/23 Jay 

>
>
> tong nyaritakeun korong ah, geuleuh !
> hi hi
>
> Kang Runa damang ? saurna bade nikah nya ?
> ni wanian ..
>
> Aya pesta melepas masa bajingan, eh bujangan teu ?
> hi hi
>
> -Jay-
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com , "K7/P1"
>  wrote:
> >
> > meunang sabaraha kilo hasil ngorong teh?
> > ::ri_1::
> > Hompage : http://inawan.blogspot.com
> > http://inawan.multiply.com
> > Mobile : +62-818-109410
> > www.urang-sunda.or.id.
> > su.wikipedia.org
> > urangsunda@yahoogroups.com 
> > ta...@yahoogroups.com 
> > urangtasik.multiply.com
> >
> >
> > 2009/4/23 Jay 
> >
> > >
> > >
> > > Sami kang...
> > > uing ge baheula mah tara ngorong teh..
> > > ayeuna meni rajeun kan ngorong.
> > >
> > > heu heu
> > >
> > > -Jay-
> > >
> > >
> > > --- In urangsunda@yahoogroups.com 
> > >  40yahoogroups.com>, "syam
>
> > > ridwan"  wrote:
> > > >
> > > > Baheula nu panghoream horeamna, lamun dititah ngarang ku guru, loba
> > > mikir, tapi mun nek gutrut nulis sok ngojot, eta meureun ku teu biasa
> tea.
> > > >
> > > > Rumasa diajar kutrat kotret nulis hususna nulis basa sunda, nya
> dimilis
> > > ieu, modalna mah pede we, da dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa
> > > dimajalah,rangkedut ge tetep dimuat, paling paling nu teu purun maca
> > > langsung didilet.
> > > >
> > > > Nepika kiwari diajar nulis teh angger we lelengkah halu, meureun ku
> loba
> > > heureuy tea, heureuy forever.
> > > >
> > > > Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek nulis dimilis sok make tips kieu:
> > > > 1.Biasana datangna ideu teh sok ngadadak, tah meh teu poho gancang
> catet
> > > ari dicatet dina pikiran mah sok aya pohona, catet dina keretas atawa
> dina
> > > memo hape.Catet jejerna wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul
> dina
> > > memori ingetan urang. Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan
> kitu, eh
> > > lolobana mah catetan bon ketah.
> > > >
> > > > 2. Biasana nulis teh gumantung ka den emood, keur bad emood mah nulis
> teh
> > > tara baleg, komo keur bad emood dibarengan jeung lapar, katambah deuih
> tas
> > > panggih jeung popotongan keur dikaleng batur he he
> > > >
> > > > 3.Kawantu basa sunda mah kaasup bahasa antik, jadi nempatkeun "é" "e"
> > > jeung "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung sakuringeun mah
> > > samemeh ditulis teh sok tes pokal heula, diceuleuweungkeun, atawa bisi
> nu
> > > gigireun luncat bakating ku reuwas, cukup digerenengkeun atawa dijero
> hate
> > > bae.
> > > >
> > > > 4.Samemeh dicemplungkeun ka milis, sok dibaca heula meunang tilu
> balikan
> > > mah, bisi aya kecap atawa basa anu kurang entep seureuhna, pangpangna
> mah
> > > bisi aya nu salah kamar tea. Geus yakin mah beledug we disend bari teu
> poho
> > > nenjrag bumi heula tilu kali.
> > > >
> > > > 5. Tips anu kalima, balik deui ka tips anu kahiji.
> > > >
> > > > Sok ah geura der narulis, boa kahareup mah tulisan tulisan nu aya
> dimilis
> > > ieu, jadi bahan forward-eun ka milis batur, teu cara ayeuna.
> > > >
> > > > syam ridwan
> > > > sunda ngawadul sunda ngarahul
> > > >
> > > > - Original Message -
> > > > From: mangjamal
> > > > To: urangsunda@yahoogroups.com 
> > > >  40yahoogroups.com>
> > > > Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
> > > > Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup
> atawa
> > > pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung
> blog,
> > > kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda.
> > > > .
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > --
> > > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik Jay
tong nyaritakeun korong ah, geuleuh !
hi hi

Kang Runa damang ? saurna bade nikah nya ?
ni wanian ..

Aya pesta melepas masa bajingan, eh bujangan teu ?
hi hi

-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "K7/P1"  wrote:
>
> meunang sabaraha kilo hasil ngorong teh?
> ::ri_1::
> Hompage : http://inawan.blogspot.com
> http://inawan.multiply.com
> Mobile : +62-818-109410
> www.urang-sunda.or.id.
> su.wikipedia.org
> urangsunda@yahoogroups.com
> ta...@yahoogroups.com
> urangtasik.multiply.com
> 
> 
> 2009/4/23 Jay 
> 
> >
> >
> > Sami kang...
> > uing ge baheula mah tara ngorong teh..
> > ayeuna meni rajeun kan ngorong.
> >
> > heu heu
> >
> > -Jay-
> >
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com , "syam
> > ridwan"  wrote:
> > >
> > > Baheula nu panghoream horeamna, lamun dititah ngarang ku guru, loba
> > mikir, tapi mun nek gutrut nulis sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.
> > >
> > > Rumasa diajar kutrat kotret nulis hususna nulis basa sunda, nya dimilis
> > ieu, modalna mah pede we, da dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa
> > dimajalah,rangkedut ge tetep dimuat, paling paling nu teu purun maca
> > langsung didilet.
> > >
> > > Nepika kiwari diajar nulis teh angger we lelengkah halu, meureun ku loba
> > heureuy tea, heureuy forever.
> > >
> > > Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek nulis dimilis sok make tips kieu:
> > > 1.Biasana datangna ideu teh sok ngadadak, tah meh teu poho gancang catet
> > ari dicatet dina pikiran mah sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina
> > memo hape.Catet jejerna wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina
> > memori ingetan urang. Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh
> > lolobana mah catetan bon ketah.
> > >
> > > 2. Biasana nulis teh gumantung ka den emood, keur bad emood mah nulis teh
> > tara baleg, komo keur bad emood dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas
> > panggih jeung popotongan keur dikaleng batur he he
> > >
> > > 3.Kawantu basa sunda mah kaasup bahasa antik, jadi nempatkeun "é" "e"
> > jeung "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung sakuringeun mah
> > samemeh ditulis teh sok tes pokal heula, diceuleuweungkeun, atawa bisi nu
> > gigireun luncat bakating ku reuwas, cukup digerenengkeun atawa dijero hate
> > bae.
> > >
> > > 4.Samemeh dicemplungkeun ka milis, sok dibaca heula meunang tilu balikan
> > mah, bisi aya kecap atawa basa anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah
> > bisi aya nu salah kamar tea. Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho
> > nenjrag bumi heula tilu kali.
> > >
> > > 5. Tips anu kalima, balik deui ka tips anu kahiji.
> > >
> > > Sok ah geura der narulis, boa kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis
> > ieu, jadi bahan forward-eun ka milis batur, teu cara ayeuna.
> > >
> > > syam ridwan
> > > sunda ngawadul sunda ngarahul
> > >
> > > - Original Message -
> > > From: mangjamal
> > > To: urangsunda@yahoogroups.com 
> > > Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
> > > Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa
> > pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog,
> > kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda.
> > > .
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > --
> > >
> >
> >  
> >
>

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik irpan rispandi

kuring rek nambahan kang,
tips anu nomer sekian: Passion, emosi, status psikologis anu keur
karasa sawaktu nulis. biasana anu kieu mah seniman. nulis sajak atawa
cerpen sok ngalibatkeun emosi anu keur dirandapanana. hasilna, nya
mangrupa sajak anu pikabungaheun atawa malah pikasediheun.

kabeneran kuring ayeuna keur hayang kakadek.
(di) Kadek siah ku aing !!!

he..he..he...

syam ridwan wrote:

  Baheula nu panghoream horeamna,
lamun dititah ngarang ku guru, loba mikir, tapi mun nek gutrut nulis
sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.
   
  Rumasa diajar kutrat kotret nulis
hususna nulis basa sunda, nya dimilis ieu,  modalna mah pede we, da
dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa dimajalah,rangkedut ge tetep
dimuat, paling paling nu teu purun maca langsung didilet.
   
  Nepika kiwari diajar nulis teh
angger we lelengkah halu, meureun ku loba heureuy tea, heureuy forever.
   
  Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek
nulis dimilis sok make tips kieu:
  1.Biasana datangna ideu teh sok
ngadadak, tah meh teu poho gancang catet ari dicatet dina pikiran mah
sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina memo hape.Catet jejerna
wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina memori ingetan
urang.  Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh lolobana
mah catetan bon ketah.
   
  2. Biasana nulis teh gumantung ka
den emood, keur bad emood mah nulis teh tara baleg, komo keur bad emood
dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas panggih jeung popotongan
keur dikaleng batur he he
   
  3.Kawantu basa sunda mah kaasup
bahasa antik, jadi nempatkeun "é"
  "e" jeung "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung
sakuringeun mah samemeh ditulis teh sok tes pokal heula,
diceuleuweungkeun, atawa bisi nu gigireun luncat bakating ku reuwas,
cukup digerenengkeun atawa dijero hate bae.
   
  4.Samemeh dicemplungkeun ka milis,
sok dibaca heula meunang tilu balikan mah, bisi aya kecap atawa basa
anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah bisi aya nu salah kamar tea.
Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho nenjrag bumi heula tilu
kali.
   
  5. Tips anu kalima, balik deui ka
tips anu kahiji.
   
  Sok ah geura der narulis, boa
kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis ieu, jadi bahan forward-eun
ka milis batur, teu cara ayeuna.
   
  syam ridwan
  sunda ngawadul sunda ngarahul
   
-
Original Message - 
From:
mangjamal 
To:
urangsu...@yahoogroups.com

Sent:
Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
    Subject:
Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon
hirup atawa pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana
milis jeung blog, kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make
basa Sunda. 

.
 
Messages in this topic  (7)  
   Reply  (via web
post)  |  Start a new topic  
 
-- 

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik K7/P1
meunang sabaraha kilo hasil ngorong teh?
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
http://inawan.multiply.com
Mobile : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
ta...@yahoogroups.com
urangtasik.multiply.com

2009/4/23 Jay 

>
>
> Sami kang...
> uing ge baheula mah tara ngorong teh..
> ayeuna meni rajeun kan ngorong.
>
> heu heu
>
> -Jay-
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com , "syam
> ridwan"  wrote:
> >
> > Baheula nu panghoream horeamna, lamun dititah ngarang ku guru, loba
> mikir, tapi mun nek gutrut nulis sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.
> >
> > Rumasa diajar kutrat kotret nulis hususna nulis basa sunda, nya dimilis
> ieu, modalna mah pede we, da dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa
> dimajalah,rangkedut ge tetep dimuat, paling paling nu teu purun maca
> langsung didilet.
> >
> > Nepika kiwari diajar nulis teh angger we lelengkah halu, meureun ku loba
> heureuy tea, heureuy forever.
> >
> > Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek nulis dimilis sok make tips kieu:
> > 1.Biasana datangna ideu teh sok ngadadak, tah meh teu poho gancang catet
> ari dicatet dina pikiran mah sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina
> memo hape.Catet jejerna wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina
> memori ingetan urang. Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh
> lolobana mah catetan bon ketah.
> >
> > 2. Biasana nulis teh gumantung ka den emood, keur bad emood mah nulis teh
> tara baleg, komo keur bad emood dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas
> panggih jeung popotongan keur dikaleng batur he he
> >
> > 3.Kawantu basa sunda mah kaasup bahasa antik, jadi nempatkeun "é" "e"
> jeung "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung sakuringeun mah
> samemeh ditulis teh sok tes pokal heula, diceuleuweungkeun, atawa bisi nu
> gigireun luncat bakating ku reuwas, cukup digerenengkeun atawa dijero hate
> bae.
> >
> > 4.Samemeh dicemplungkeun ka milis, sok dibaca heula meunang tilu balikan
> mah, bisi aya kecap atawa basa anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah
> bisi aya nu salah kamar tea. Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho
> nenjrag bumi heula tilu kali.
> >
> > 5. Tips anu kalima, balik deui ka tips anu kahiji.
> >
> > Sok ah geura der narulis, boa kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis
> ieu, jadi bahan forward-eun ka milis batur, teu cara ayeuna.
> >
> > syam ridwan
> > sunda ngawadul sunda ngarahul
> >
> > - Original Message -
> > From: mangjamal
> > To: urangsunda@yahoogroups.com 
> > Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
> >
> >
> >
> >
> >
> > mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa
> pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog,
> kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda.
> > .
> >
> >
> >
> >
> > --
> >
>
>  
>

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik Jay
Sami kang...
uing ge baheula mah tara ngorong teh..
ayeuna meni rajeun kan ngorong.

heu heu

-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam ridwan"  wrote:
>
> Baheula nu panghoream horeamna, lamun dititah ngarang ku guru, loba mikir, 
> tapi mun nek gutrut nulis sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.
> 
> Rumasa diajar kutrat kotret nulis hususna nulis basa sunda, nya dimilis ieu,  
> modalna mah pede we, da dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa 
> dimajalah,rangkedut ge tetep dimuat, paling paling nu teu purun maca langsung 
> didilet.
> 
> Nepika kiwari diajar nulis teh angger we lelengkah halu, meureun ku loba 
> heureuy tea, heureuy forever.
> 
> Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek nulis dimilis sok make tips kieu:
> 1.Biasana datangna ideu teh sok ngadadak, tah meh teu poho gancang catet ari 
> dicatet dina pikiran mah sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina memo 
> hape.Catet jejerna wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina memori 
> ingetan urang.  Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh 
> lolobana mah catetan bon ketah.
> 
> 2. Biasana nulis teh gumantung ka den emood, keur bad emood mah nulis teh 
> tara baleg, komo keur bad emood dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas 
> panggih jeung popotongan keur dikaleng batur he he
> 
> 3.Kawantu basa sunda mah kaasup bahasa antik, jadi nempatkeun "é" "e" jeung 
> "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung sakuringeun mah samemeh 
> ditulis teh sok tes pokal heula, diceuleuweungkeun, atawa bisi nu gigireun 
> luncat bakating ku reuwas, cukup digerenengkeun atawa dijero hate bae.
> 
> 4.Samemeh dicemplungkeun ka milis, sok dibaca heula meunang tilu balikan mah, 
> bisi aya kecap atawa basa anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah bisi aya 
> nu salah kamar tea. Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho nenjrag 
> bumi heula tilu kali.
> 
> 5. Tips anu kalima, balik deui ka tips anu kahiji.
> 
> Sok ah geura der narulis, boa kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis 
> ieu, jadi bahan forward-eun ka milis batur, teu cara ayeuna.
> 
> syam ridwan
> sunda ngawadul sunda ngarahul
> 
>   ----- Original Message - 
>   From: mangjamal 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
> 
> 
> 
> 
> 
>   mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa 
> pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog, 
> kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda. 
>   . 
> 
>   
> 
> 
> --
>

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-23 Terurut Topik syam ridwan
Baheula nu panghoream horeamna, lamun dititah ngarang ku guru, loba mikir, tapi 
mun nek gutrut nulis sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.

Rumasa diajar kutrat kotret nulis hususna nulis basa sunda, nya dimilis ieu,  
modalna mah pede we, da dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa 
dimajalah,rangkedut ge tetep dimuat, paling paling nu teu purun maca langsung 
didilet.

Nepika kiwari diajar nulis teh angger we lelengkah halu, meureun ku loba 
heureuy tea, heureuy forever.

Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek nulis dimilis sok make tips kieu:
1.Biasana datangna ideu teh sok ngadadak, tah meh teu poho gancang catet ari 
dicatet dina pikiran mah sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina memo 
hape.Catet jejerna wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina memori 
ingetan urang.  Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh lolobana 
mah catetan bon ketah.

2. Biasana nulis teh gumantung ka den emood, keur bad emood mah nulis teh tara 
baleg, komo keur bad emood dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas panggih 
jeung popotongan keur dikaleng batur he he

3.Kawantu basa sunda mah kaasup bahasa antik, jadi nempatkeun "é" "e" jeung 
"eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung sakuringeun mah samemeh ditulis 
teh sok tes pokal heula, diceuleuweungkeun, atawa bisi nu gigireun luncat 
bakating ku reuwas, cukup digerenengkeun atawa dijero hate bae.

4.Samemeh dicemplungkeun ka milis, sok dibaca heula meunang tilu balikan mah, 
bisi aya kecap atawa basa anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah bisi aya 
nu salah kamar tea. Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho nenjrag bumi 
heula tilu kali.

5. Tips anu kalima, balik deui ka tips anu kahiji.

Sok ah geura der narulis, boa kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis ieu, 
jadi bahan forward-eun ka milis batur, teu cara ayeuna.

syam ridwan
sunda ngawadul sunda ngarahul

  - Original Message - 
  From: mangjamal 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

  mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa 
pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog, 
kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda. 
  . 

--

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-22 Terurut Topik mh
ceu astrid:

On 4/23/09, Astrid Astuti Muhtar  wrote:
>
>
>
> Mang jamal,leureus pisan urang teh keudah ngamangfaatkeun internet.Sajabina
> tiasa
>

> keudah  ==>  kedah

komunikasi,neangan elmu oge teu seep-seep dina internet mah tinggal daek
> jeung wani mayarna,he...he..he.
> contona Barrack Husein Obbama,cari pendukung na teh sabagian ti
> internet,dugi ka tiasa ngeleh
> keun lawan-lawan na anu tangguh,leureus mang ???
>

> leureus ==> leres

(mh)

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-22 Terurut Topik Astrid Astuti Muhtar
Mang jamal,leureus pisan urang teh keudah ngamangfaatkeun internet.Sajabina 
tiasa komunikasi,neangan elmu oge teu seep-seep dina internet mah tinggal daek 
jeung wani mayarna,he...he..he.
contona Barrack Husein Obbama,cari pendukung na teh sabagian ti internet,dugi 
ka tiasa ngeleh
keun lawan-lawan na anu tangguh,leureus mang ???

From: mangjamal 
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09:27 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa 
pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog, 
kabiasaan nulis jadi kaasah.  komo bari nulis make basa Sunda. 

meureun baheula mah ngan tukang ngarang nu nulis basa sunda teh, kitu oge, ngan 
di koran atawa majalah basa sunda. kiwari mah sadayana ge bisa nulis ku basa 
sunda. teu kudu ka majalah/korankeun.

pangalamana nulis si kuring mah sigana alatan bosen ngagambar. da sakola, 
desain, nu kalolobana kudu mangrupa gambar. tulisan teh sawareh geus 
dibukukeun, mangrupa novel. heuheu. sakapeung sok nyerengeh sorangan, asa teu 
percaya, si kuring bisa ngarang novel, malah geus genep. sok hayang apal, 
kumaha pangalaman nu maca, maca karangan novel eta. da asa teu yakin eta teh 
beubeunangan si kuring. heuheu..

taun 2003 februari asana mah. ngawawani karep ngirim tulisan ka koran jugala, 
Kompas. ongkoh ayeuna mah teu barabe, teu kudu diprangkoan, cukup make e-mail. 
ngirim ka Kompas teh, kabeneran aya rubrik Desain. asa bisa nulis di rubrik 
eta. ari jejerna mah perkara korsi. judulna hikayat kursi. dimuat! atuh puguh 
we percaya teu percaya. apal soteh aya nu ngabejaan. nya muru ka 
teras-kabeneran langganan, bari diteangan kaca nu ngamuat tulisan. enya aya. 
atoh, ise suprise! eta tulisan diarsipkeun di multiply jeung facebook. ti 
harita nya terus nulis. sanajan beuki dieu, beuki hese neangan gagasan nu layak 
tayang.kompas muka lembar jawa barat, nya didinya we ayeuna mah nu rada 
mindeng, sanajan teu dua bulan sakali.

ayeuna keur sakola deui, sok dieleg ku pembimbing, kade ieu mah akademis, ulah 
nulis tugas siga novel cenah! haha

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-22 Terurut Topik mangjamal

2009-04-21 Terurut Topik Gagak Bandung
Palay mah palay nulis jadi hiji kabiasaan, dipaksakeun hese tah naon kudu 
dituliskeun teh, poekeun, komo lamun geus mikir tata/undah unduh basana, tebih 
kana nyurulungna.
Utamina seratan keur di majalah/koran, jigana aya unsur seni & bakat,keur 
nu teu aya bakat/seni  mah keur lila waktu neangan/nyusunna nu dipedarkeun, 
hasilna ge teu maksimal, komo ngaharepkeun nu macana lebet/kabawa kana 
jiwana/arus tulisan. 
Kitu oge latar belakang kahirupan penulis sapertos contona jalmi teknik/non 
teknik aya pangaruhna, umumna orang teknik teu bisa panjang2 ngungkapkeun 
masalah.
Kukituna ngahaturkeun nuhun ka milis ieu sareng nu sok ngeusian ku 
seratanna, tos masih kasempatan diajar nyerat, tetebiheun tina janten nulis 
jadi hiji kabiasaan.
Hatur nuhun kana seratanna, nimbulkan samangat nyobi sareng nyobi nyerat.  
 
--- On Tue, 4/21/09, Moch Dachman Maman  wrote:

From: Moch Dachman Maman 
Subject: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, April 21, 2009, 11:45 PM

Nulis teh keur nu geus biasa mah, teu matak jadi susah, bisa ngaguluyur we jiga 
cai tina pancuran, bari jeung ngaleunjeur deuih kituna teh, tapi ari keur nu 
teu biasa mah, estu matak jadi rudet hate kurang-kurangna mah.
Jadi inget kana tulisan Arswendo, cenah nulis teh gampang, lir urang ari keur 
ngobrol jeung babaturan we kitu, kapan cenah mun urang keur ngawangkong sagala 
didongengkeun teh teu karasa kaluar ku maneh, tah cenah nulis ge kitu, kari 
mindahkeun obrolan anu biasa ku urang didongengkeun kana tulisan, kari ngaganti 
naon-naon nu biasa diomongkeun ku urang kana tulisan.
Enya nyarita mah gampang, tapi prakna nu hese mah, dina otak jeung dina pikiran 
mah mani pinuh piomongeun jeung nu rek diobrolkeun teh, tapi mun pareng rek 
ditulis mah angger we ramo teh tetegeeun, hese rek dipake ngamimitian tret teh, 
dina computer nya kitu keneh, mata teh kalah anteng neuteup cursor, atuh ramo 
ukur diketrek-ketrekkeun we hayoh nakolan keyboard, sedeng tulisan angger teu 
jadi-jadi.
Ieu teh umumna memang kitu, keur nu teu biasa nulis mah, atawa ku anu kakara 
rek diajar nulis mah bakal kaalaman, wajar sabenerna. Beda jeung anu geus 
biasa, contona balatak, nu deet wae Kang Maman Gantra ti Jakarta, keur mah 
eukeur aya kasang-tukangna baheula, pernah jadi wartawan, tulisanana keur 
ngaleunjeur teh jiga cai tea ngaguluyur, ngagolontor boa. Nepi ka sakapeung 
kunu geus kahot dina tulisan mah, sok ngahaja diembohan, didangding, direka 
jeung dianggit ku kalimah-kalimah sastra. Tapi da sarua awalna mah kitu. Hese 
tea.
Rek tulisan Basa Indonesia atawa Basa Sunda sarua we kitu, malah mun pareng 
ngabingbing barudak mahasiswa nyieun skripsi, nu pangheulana ditingali teh 
tulisanana heula, sok loba nu salah ngetikna, rek nu teu dihaja rek nu dihaja, 
mun katingali dina sakaca masih keneh loba nu salah ngetikna sok ngahaja 
dibalikkeun deui, sangkan diedit deui, bari ditingalikeun kasalahan-kasalahan 
salah ngetikna.
Komo deui dina Basa Sunda, malah kapan ku Kang Maman Gantra pernah diguar, 
perkara tulisan dina Koran Kompas tea, lebah dieu mah ulah dina Kompas, di 
urang we didieu, dina millis Urang Sunda, pan loba keneh nu salah ngetikna, 
bari lain teu kahaja deui kituna teh, balatak keneh kecap-kecap nu kuduna make 
“EU” ditulis “E” atawa sabalikna, saperti “Cireundeu” tea jadi “Cirendeu” 
Tapi parandene kitu, ulah matak jadi ngareunteut, lantaran sieun salah nulis, 
jadi eureun kana tutulisanana, lain kadinya maksud mah, nulis mah teruskeun, 
malah kudu leuwih remen bari latihan, sakalieun aya nu salah mah, tong hariwang 
engke ge aya nu menerkeun.
Malah kudu atoh sabenerna aya Millis Urang Sunda teh, lantaran bisa dipake 
ajang latihan, bisa dijieun Kawah Candradimuka- na keur nu hayang diajar nulis 
mah, lantaran eusi tulisan bisa rupa-rupa, jejer carita nu didongengkeun bisa 
warna-warni, teu kawatesanan ku hiji jejer bae, malah kapan cenah didieu mah, 
rek ngawadul meunang, rek ngarahul mangga. Malah aya embohna, jeung nu maca 
tulisan bakal leuwih deukeut, leuwih anteb, lantaran hiji tulisan, langsung aya 
nu macana, malah kapan saking akrabna, nepi ka ku anu saliwat mah, katingali 
jiga enya nu rek silih kadek teh, padahal ukur ngadu rahul.
Jadi inget baheula, di Alun-alun Bandung, aya nu rek gelut, duanana pada wani, 
tipoporongos embung ngelehan, nu rek misah ge hemar-hemir sieun kabarerang, 
kabeneran aya pulisi ngaliwat, dijewang tah nu keur ragot teh duanana ku 
pulisi, dicerek bari dibawa ka WC alun-alun di juru, bari diasupkeun duanana ka 
jero WC, ceuk si pulisi teh :”Pek siah…! di jero rek garelut mah, rek silih 
paehan ge kajeun teuing, kadinyah ”. Nu lalajo mah bari ronghok teh hariwang. 5 
menit jempling, 10 menit nya kitu keneh, geus saparapat jam panto WC dibuka 
deui ku pulisi, barang bray teh, boro-boro garelut, kalah ting elengeh, ting 
kelemes kaisinan. 
Akh… balik deui kana jejer tulisan, ngirimkeun tulisan ka Majalah, atawa kana 
Koran mah can tangtu bisa 

Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-21 Terurut Topik Adhitya Nugraha
Sigana kedah ditinggali deui naon definisi "nulis" teh. Samodel kuring nu teu 
biasa nulis carita deskripsi siga abah bandung dihandap, kuring mah leuwih 
lancar "nulis" make angka/data jeung formulasi strategy.
Skripsi kuring baheula palingan nyarita make hurup na ngan 10%, eta oge ngan 
saukur bab 1-pendahuluan. Saleuwihna make angka jeung bahasa program komputer 
meunang ngopy ti walanda.  
Malah  boro-boro ngisian blog, ngisi status di facebook wae kadang bingung naon 
nu rek ditulis.

Adiet

 Sent from my BlackBerry®

-Original Message-
From: Moch Dachman Maman 

Date: Wed, 22 Apr 2009 07:45:46 
To: 
Subject: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

Nulis teh keur nu geus biasa mah, teu matak jadi susah, bisa ngaguluyur we jiga 
cai tina pancuran, bari jeung ngaleunjeur deuih kituna teh, tapi ari keur nu 
teu biasa mah, estu matak jadi rudet hate kurang-kurangna mah.
Jadi inget kana tulisan Arswendo, cenah nulis teh gampang, lir urang 
ari keur ngobrol jeung babaturan we kitu, kapan cenah mun urang keur 
ngawangkong sagala didongengkeun teh teu karasa kaluar ku maneh, tah cenah 
nulis ge kitu, kari mindahkeun obrolan anu biasa ku urang didongengkeun kana 
tulisan, kari ngaganti naon-naon nu biasa diomongkeun ku urang kana tulisan.
Enya nyarita mah gampang, tapi prakna nu hese mah, dina otak jeung dina 
pikiran mah mani pinuh piomongeun jeung nu rek diobrolkeun teh, tapi mun pareng 
rek ditulis mah angger we ramo teh tetegeeun, hese rek dipake ngamimitian tret 
teh, dina computer nya kitu keneh, mata teh kalah anteng neuteup cursor, atuh 
ramo ukur diketrek-ketrekkeun we hayoh nakolan keyboard, sedeng tulisan angger 
teu jadi-jadi.
Ieu teh umumna memang kitu, keur nu teu biasa nulis mah, atawa ku anu 
kakara rek diajar nulis mah bakal kaalaman, wajar sabenerna. Beda jeung anu 
geus biasa, contona balatak, nu deet wae Kang Maman Gantra ti Jakarta, keur mah 
eukeur aya kasang-tukangna baheula, pernah jadi wartawan, tulisanana keur 
ngaleunjeur teh jiga cai tea ngaguluyur, ngagolontor boa. Nepi ka sakapeung 
kunu geus kahot dina tulisan mah, sok ngahaja diembohan, didangding, direka 
jeung dianggit ku kalimah-kalimah sastra. Tapi da sarua awalna mah kitu. Hese 
tea.
Rek tulisan Basa Indonesia atawa Basa Sunda sarua we kitu, malah mun 
pareng ngabingbing barudak mahasiswa nyieun skripsi, nu pangheulana ditingali 
teh tulisanana heula, sok loba nu salah ngetikna, rek nu teu dihaja rek nu 
dihaja, mun katingali dina sakaca masih keneh loba nu salah ngetikna sok 
ngahaja dibalikkeun deui, sangkan diedit deui, bari ditingalikeun 
kasalahan-kasalahan salah ngetikna.
Komo deui dina Basa Sunda, malah kapan ku Kang Maman Gantra pernah 
diguar, perkara tulisan dina Koran Kompas tea, lebah dieu mah ulah dina Kompas, 
di urang we didieu, dina millis Urang Sunda, pan loba keneh nu salah ngetikna, 
bari lain teu kahaja deui kituna teh, balatak keneh kecap-kecap nu kuduna make 
“EU” ditulis “E” atawa sabalikna, saperti “Cireundeu” tea jadi “Cirendeu”   
Tapi parandene kitu, ulah matak jadi ngareunteut, lantaran sieun salah 
nulis, jadi eureun kana tutulisanana, lain kadinya maksud mah, nulis mah 
teruskeun, malah kudu leuwih remen bari latihan, sakalieun aya nu salah mah, 
tong hariwang engke ge aya nu menerkeun.
Malah kudu atoh sabenerna aya Millis Urang Sunda teh, lantaran bisa 
dipake ajang latihan, bisa dijieun Kawah Candradimuka-na keur nu hayang diajar 
nulis mah, lantaran eusi tulisan bisa rupa-rupa, jejer carita nu didongengkeun 
bisa warna-warni, teu kawatesanan ku hiji jejer bae, malah kapan cenah didieu 
mah, rek ngawadul meunang, rek ngarahul mangga. Malah aya embohna, jeung nu 
maca tulisan bakal leuwih deukeut, leuwih anteb, lantaran hiji tulisan, 
langsung aya nu macana, malah kapan saking akrabna, nepi ka ku anu saliwat mah, 
katingali jiga enya nu rek silih kadek teh, padahal ukur ngadu rahul.
Jadi inget baheula, di Alun-alun Bandung, aya nu rek gelut, duanana pada wani, 
tipoporongos embung ngelehan, nu rek misah ge hemar-hemir sieun kabarerang, 
kabeneran aya pulisi ngaliwat, dijewang tah nu keur ragot teh duanana ku 
pulisi, dicerek bari dibawa ka WC alun-alun di juru, bari diasupkeun duanana ka 
jero WC, ceuk si pulisi teh :”Pek siah…! di jero rek garelut mah, rek silih 
paehan ge kajeun teuing, kadinyah ”. Nu lalajo mah bari ronghok teh hariwang. 5 
menit jempling, 10 menit nya kitu keneh, geus saparapat jam panto WC dibuka 
deui ku pulisi, barang bray teh, boro-boro garelut, kalah ting elengeh, ting 
kelemes kaisinan.  
Akh… balik deui kana jejer tulisan, ngirimkeun tulisan ka Majalah, atawa kana 
Koran mah can tangtu bisa kitu, lantaran ka-uger ku aturan nu aya dina 
Koran/majalah eta, sok diedit heula, naha perlu dimuat atawa henteu. 
Sakira-kira teu perlu dimuat keur poe eta mah tara dimuat, ngan bae mun 
Koran/majalahna rada hade mah sok mere bewara, yen tulisan teu bisa dimuat teh 
alatanana di

[Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan

2009-04-21 Terurut Topik Moch Dachman Maman

alatanana disebutkeun, jeung sok nganuhunkeun deuih, bari diwanti-wanti ulah 
bosen-bosen cenah ngirimkeun tulisanana.
Tah didieu ge, meungpeung aya tempatna, ulah bosen-bosen ngirim tulisan atawa 
nuliskeun sagala jejer carita, anu perlu dituliskeun. Saratna nyaeta nulis….. 
nulis...nulis
Cag.  

H.Maman Moch Dachman.
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit; 
maman.mochdach...@gmail.com
http ://abahbandung.blogspot.com

  Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari 
email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/