Re: [Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

2010-03-16 Terurut Topik jangdede
Wah gening lembur kuring oge kaasup.
Jigana mun aya peta anu leuwih rincimah eta gede pisan kagunaanana.

Hatur nuhun bah!

salam
jangdede

2010/3/15 oman abdurahman 

>
>
> Kang Dede,
>
> Ciamis sareng Tasik, oge Bandung kidul, Cianjur kidul kalebet daerah rawan
> bencana longsor. Anu jadi soal, pikeun usaha mitigasi anu langkung mere
> harepan kana hasilna (indikatorna: teu aya korban jiwa nalika kajadian
> bencana), merlukeun peta anu leuwih rinci, oge kumaha sangkan eta peta jeung
> tanda-tanda daerah rawan nepi jeung kapaham ku masyarakat, laju masyarakat
> saladar henteu nyieun pamukiman di eta daerah bencana.
>
> Upama tetep nyarieun imah atawa pamukiman di eta daerah rawan, nya kudu
> sadar atuh yen di wewengkonna aya ancaman bahaya, sanggeus sadar laju aktif
> ngaronda bari nitenan tanda2 pibencanaeun, laju aktif ngabewarakeun ka
> sakumna warga lamun eta tanda2 bencana tambah atra, laju sakabeh warga
> kampung dina waktuna perlu kudu daraek ngungsi. Tah ieu anu disebut mtigasi
> bencana anu mandiri teh. Anu dimimitian ku usaha pamarentah ngayakeun
> sosialisasi jeung bimbimbingan sangkan msyarakat, make istilah abah Iwan -
> nyaho, geus nyaho laju ngarti, geus ngarti terus bisa, geus bisa tuluy
> tuman. Lamun geus tuman, leuwih gede harepan kana salametna warga di daerah
> rawan bencana tina ancaman bencana.
>
> Cag heula.
>
> manar
>
> 2010/3/15 jangdede 
>
>
>>
>> Bah nu kasebut rawan bencana teh mana bae? Ciamis jeung Tasik aya potensi?
>>
>> nuhun
>> jangdede
>>
>>
>> 2010/3/15, oman abdurahman :
>>
>>>
>>>
>>> Baraya,
>>>
>>> Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur
>>>
>>>
>>>
>>> Baraya,
>>>
>>> Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di
>>> kota Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah
>>> Provinsi Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap
>>> mitigasi bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek
>>> gubernuran Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara,
>>> ari ngong adza Juma'ahan).
>>>
>>>
>>> Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga
>>> usaha pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun
>>> laju dibuka kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara
>>> ditutup ku H. Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di
>>> Bandung.
>>>
>>> Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku
>>> Kang Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. 
>>> Narasumber
>>> anu 4 teh nyaeta:
>>>
>>>
>>> 1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di
>>> Jabar;
>>>
>>> 2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina
>>> raraga mitigasi (ngurangan risiko) bencana;
>>>
>>> 3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi
>>> bencana numutkeun budaya; sareng
>>>
>>> 4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi
>>> bencana numutkeun pangwangunan sosial.
>>>
>>>
>>> Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.
>>>
>>>
>>>
>>> Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah
>>> Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi,
>>> pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna
>>> tetep lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.
>>>
>>>
>>> Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih
>>> ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi
>>> korban bencana dina sababaraha kajadian bencana.
>>>
>>>
>>> Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar
>>> nya eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun
>>> masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam,
>>> mere bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha
>>> sinergi anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna,
>>>
>>> Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun
>>> kacindekan-kacindekan penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu.
>>>
>>> Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti
>>> lajuninglaku (follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi
>>> potensi bencana bisa praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun
>>> nyinglarkeun bencana atawa ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal
>>> teu aya korban jiwa).
>>>
>>> manar
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>  
>


Re: [Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

2010-03-16 Terurut Topik wahyu spl
sae pisan kang acara teh, pami aya di palih bandung mah jigana abdi oge hoyong 
ngiringan sok sanaos janten peserta. kanggo ka payun bilih aya acara nu 
sapertos kitu, kumaha upami ti BMG di undang kang ? minimal tiasa nga-infokeun 
tina curah hujannya ( early warning system) potensi banjir atanapi longsor.

hatur nuhun





From: oman abdurahman 
To: kisu...@yahoogroups.com
Cc: urang sunda ; ta...@yahoogroups.com; Uus 
Mustari Iskandar ; de...@bplhdjabar.go.id; Iwan herdiwan 
; Kang Iwan ; Ceu Okki 
; Cahyana Ahmadjayadi ; erryrh 
; Deddy Tb MetroTV ; 
sobirinsobi...@gmail.com; Kang Sobirin 
Sent: Mon, March 15, 2010 9:32:49 AM
Subject: [Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

  
Baraya,


Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur 
 
Baraya,

Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di kota 
Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah Provinsi 
Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap mitigasi 
bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek gubernuran 
Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara, ari ngong adza 
Juma'ahan). 


Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga usaha 
pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun laju dibuka 
kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara ditutup ku H. 
Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di Bandung. 

Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku Kang 
Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. Narasumber anu 4 
teh nyaeta: 


1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di Jabar; 

2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina raraga 
mitigasi (ngurangan risiko) bencana; 

3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi bencana 
numutkeun budaya; sareng 

4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi bencana 
numutkeun pangwangunan sosial. 


Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.
 
Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah 
Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi, 
pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna tetep 
lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.


Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih 
ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi korban 
bencana dina sababaraha kajadian bencana.

 Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar nya 
eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun 
masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam, mere 
bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha sinergi 
anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna, 

Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun kacindekan-kacindek an 
penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu. 

Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti lajuninglaku 
(follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi potensi bencana bisa 
praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun nyinglarkeun bencana atawa 
ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal teu aya korban jiwa). 

manar 


  




  

Re: [Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

2010-03-15 Terurut Topik oman abdurahman
Kang Dede,

Ciamis sareng Tasik, oge Bandung kidul, Cianjur kidul kalebet daerah rawan
bencana longsor. Anu jadi soal, pikeun usaha mitigasi anu langkung mere
harepan kana hasilna (indikatorna: teu aya korban jiwa nalika kajadian
bencana), merlukeun peta anu leuwih rinci, oge kumaha sangkan eta peta jeung
tanda-tanda daerah rawan nepi jeung kapaham ku masyarakat, laju masyarakat
saladar henteu nyieun pamukiman di eta daerah bencana.

Upama tetep nyarieun imah atawa pamukiman di eta daerah rawan, nya kudu
sadar atuh yen di wewengkonna aya ancaman bahaya, sanggeus sadar laju aktif
ngaronda bari nitenan tanda2 pibencanaeun, laju aktif ngabewarakeun ka
sakumna warga lamun eta tanda2 bencana tambah atra, laju sakabeh warga
kampung dina waktuna perlu kudu daraek ngungsi. Tah ieu anu disebut mtigasi
bencana anu mandiri teh. Anu dimimitian ku usaha pamarentah ngayakeun
sosialisasi jeung bimbimbingan sangkan msyarakat, make istilah abah Iwan -
nyaho, geus nyaho laju ngarti, geus ngarti terus bisa, geus bisa tuluy
tuman. Lamun geus tuman, leuwih gede harepan kana salametna warga di daerah
rawan bencana tina ancaman bencana.

Cag heula.

manar

2010/3/15 jangdede 

>
>
> Bah nu kasebut rawan bencana teh mana bae? Ciamis jeung Tasik aya potensi?
>
> nuhun
> jangdede
>
>
> 2010/3/15, oman abdurahman :
>
>>
>>
>> Baraya,
>>
>> Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur
>>
>>
>>
>> Baraya,
>>
>> Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di
>> kota Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah
>> Provinsi Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap
>> mitigasi bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek
>> gubernuran Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara,
>> ari ngong adza Juma'ahan).
>>
>>
>> Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga
>> usaha pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun
>> laju dibuka kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara
>> ditutup ku H. Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di
>> Bandung.
>>
>> Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku
>> Kang Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. Narasumber
>> anu 4 teh nyaeta:
>>
>>
>> 1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di Jabar;
>>
>>
>> 2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina
>> raraga mitigasi (ngurangan risiko) bencana;
>>
>> 3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi
>> bencana numutkeun budaya; sareng
>>
>> 4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi
>> bencana numutkeun pangwangunan sosial.
>>
>>
>> Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.
>>
>>
>>
>> Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah
>> Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi,
>> pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna
>> tetep lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.
>>
>>
>> Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih
>> ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi
>> korban bencana dina sababaraha kajadian bencana.
>>
>>
>> Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar
>> nya eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun
>> masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam,
>> mere bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha
>> sinergi anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna,
>>
>> Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun
>> kacindekan-kacindekan penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu.
>>
>> Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti
>> lajuninglaku (follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi
>> potensi bencana bisa praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun
>> nyinglarkeun bencana atawa ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal
>> teu aya korban jiwa).
>>
>> manar
>>
>>
>>
>>
>>
>  
>


Re: [Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

2010-03-14 Terurut Topik jangdede
Bah nu kasebut rawan bencana teh mana bae? Ciamis jeung Tasik aya potensi?

nuhun
jangdede


2010/3/15, oman abdurahman :
>
>
>
> Baraya,
>
> Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur
>
>
>
> Baraya,
>
> Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di
> kota Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah
> Provinsi Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap
> mitigasi bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek
> gubernuran Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara,
> ari ngong adza Juma'ahan).
>
>
> Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga
> usaha pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun
> laju dibuka kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara
> ditutup ku H. Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di
> Bandung.
>
> Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku Kang
> Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. Narasumber
> anu 4 teh nyaeta:
>
>
> 1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di Jabar;
>
> 2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina
> raraga mitigasi (ngurangan risiko) bencana;
>
> 3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi
> bencana numutkeun budaya; sareng
>
> 4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi bencana
> numutkeun pangwangunan sosial.
>
>
> Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.
>
>
>
> Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah
> Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi,
> pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna
> tetep lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.
>
>
> Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih
> ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi
> korban bencana dina sababaraha kajadian bencana.
>
>
> Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar
> nya eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun
> masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam,
> mere bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha
> sinergi anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna,
>
> Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun
> kacindekan-kacindekan penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu.
>
> Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti
> lajuninglaku (follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi
> potensi bencana bisa praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun
> nyinglarkeun bencana atawa ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal
> teu aya korban jiwa).
>
> manar
>
>
>
>
> 
>


[Urang Sunda] Tina Saresehan di Gedong Sate (1): Panganteur

2010-03-14 Terurut Topik oman abdurahman
Baraya,

Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur



Baraya,

Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di kota
Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah
Provinsi Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap
mitigasi bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek
gubernuran Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara,
ari ngong adza Juma'ahan).


Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga
usaha pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun
laju dibuka kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara
ditutup ku H. Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di
Bandung.

Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku Kang
Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. Narasumber anu
4 teh nyaeta:


1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di Jabar;

2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina
raraga mitigasi (ngurangan risiko) bencana;

3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi
bencana numutkeun budaya; sareng

4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi bencana
numutkeun pangwangunan sosial.


Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.



Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah
Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi,
pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna
tetep lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.


Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih
ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi
korban bencana dina sababaraha kajadian bencana.


Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar
nya eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun
masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam,
mere bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha
sinergi anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna,

Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun
kacindekan-kacindekan penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu.

Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti
lajuninglaku (follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi
potensi bencana bisa praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun
nyinglarkeun bencana atawa ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal
teu aya korban jiwa).

manar