Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-22 Terurut Topik Surya

tong diemutan wae
sakali-kali mah letakan
  - Original Message - 
  From: RAN 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, December 22, 2006 11:21 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

  leres. tos tong diemutan, bilih teu damang. der kedah ka dokter
  atanapi rs. boromeus. heu heu.

  /* nyimak terasanna */

  On 12/22/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
  
   nya atos atuh tong diemutan..
   bilih teu damang...
  
   heu heu

RE: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-21 Terurut Topik Yuliadi
ari si jay kaasup jalma hemat atawa pelit.
kwacian sekaleeepantesna budak teh teu boga babaturan.
 
-Original Message-
From: Ambu Bagja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 21, 2006 1:58 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

Hoaahm, Jay heuay kakara hudang sare. Nempo jam na
leungeunna, ngagurubug bakating ku reuwas, Geuning geus jam 1 beurang
, uing kudu ka warnet deui nempo aksi milisi urangsunda. Ngodok saku
calana jins nu geus belel, Ah lumayan aya sarebu perak, Jay
ngagerentes. 
Gejlig indit ka warnet, buru-buru muka e-mail. Edas, beuki rea euy!.
Jiga kieu mah moal mahieun atuh sarebu perak mah, Jay ngagerentes na
hatena. Ah, aing tamba era, geus we rek ngirim e-mail, huleng heula
si Jay ngahuleng, Naon atuh nya alesanana keur milisi urangsunda?
Ah aing ngaku rek ka Garut we... Gura-giru Jay ngetik bari
tipaparetot, ayeuna mah nulisna saeutik da ngukur ka kujur, sarebu
perakeun. Geus ngetik gura-giru mencet Send. Buru-buru manehna hudang.
Sabarahaeun Kang?. 1000 perak, ceuk nu ngajaga warnet. Jay muji
sukur ka pangeran, bari nyarita Untung, pas

~ipup~

--- In [EMAIL PROTECTED] mailto:urangsunda%40yahoogroups.com ups.com, 
ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Ha...haha, Jay seuseurian nepi keun ka reumbay cipanon.
 Beunang siah ku aing, n atuh urang Kusnét teh bararodo pisan 
 nya...,
 
 ceuk si jay ngomong sorangan bari tuluy macaan deui postingan-
 postingan dina milis. Sakapeung kerung, sakapeung unggut-unggutan, 
 sakapeung nyerengeh. 
 
 Batur nu keur nge-nét gigireunana luak-lieuk we ka si Jay, ngarasa 
 kaganggu ku polahna. 
 Ih..jalma teh gelo sugan mah nya ?, ceuk pikirna, bari tuluy 
 beberes.
 
 Kamari wanci kieu, si Jay mosting, sarua jiga samemehna, loba nu 
 mairan kana postinganana. Teu kolot, teu budak. rupa-rupa geuning 
 pairanana teh. Tapi lolobana mah mairanana teh bari jeung ambek. teu 
 lalaki teu awewe, sarua bari arambek. 
 padahal mah, pira ge, nyebutkeun yen nu sok mimilisan teh 
 pangangguran, ni teu narima geuning dikitukeun teh, disarada kabeh...
 hi hi ...
 
 aya kana 80 leuwih postingan anu dibaca, sanggeus rengse, tuluy 
 ngalieuk kana jam nu naplok dina tembok. 
 Hmmmargo warnet geus nyerelek, geus aya kana 15 rebuna jigana.
 Kusiwel ngaluarkeun dompet tina saku tukang, diilikan eusina, aya 
 keneh 2 lambar dua puluh rebuan.
 Ah..cukup sa jam deui ge lah, ceuk si jay na hate.
 
 Ngahuleng sakeudeungan, tuluy ramo-na ku lincahna luluncatan dina 
 kibord, ngetik saluyu jeung nu ngocor tina uteukna.
 Eusina mairan deui postingan-postingan ti anggota milis, bari angger
 make basa propokasi anu nyudutkeun urang-urang sunda.
 Geus ka irong ku manehna, yen urang sunda mah geuning gampang 
 kasigeung, gampang ambek, teu kaop ka senggol hate-na, langsung 
 ngagurubug. geus kabuktikeun pisan ku sorangan, ku ayana loba pisan 
 anu ngarasa kasigeung ku postingan manehna. 
 
 Tapi, beuki loba nu kasigeung, si jay beuki seuseurian.
 hatena surak...
 
 Jay nuluykeun ngetik..
 tak-tiktak-tik
 
 teu poho, dihandapna make ID anu dipake salila ieu : 
 Ely Evalita nu geulis tea.
 
 ha ha ha
 si Jay seueueurian na hate.
 
 dibaca deui imelna saliwatan, tuluy mencet tombol SEND.
 Gura-giru sign out, tuluy ka kasir. 
 atos A ? Dua puluh rebueun, ceuk kasirna bari imut ngagelenyu.
 srog si Jay ngasongkeun 20 rebuan salambar. Pas pisan.
 
 Jay ngancingkeun jaketna, ranselna digandong, tuluy kaluar ti Warnet,
 bari leumpang ka parapatan. Diluar langit geus ceudeum, hawa ge 
 karasa tiis. nyecep kana jero dada. 
 Sanajan hawa tiis, tapi si Jay yakin pisan, nu maca postinganana 
 bieu pasti ngarasa panas hareudang.
 h...
 
 -dul-
 tukangteuing

Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-21 Terurut Topik kang boim

ehmm...euy!!!
tapi jadi bingung oge, asana tadi mah si Jay rek dibawa ka dokter anu di
pengkolan naha bet jadi di bawa ka rumah sakit... oh...jadi robah
pikiran meureun panumpang jeung supir tehhehehe...
Jayjay, beu melaan kabur ti rumah sakit sagal atuh bakating ku
hayang ngenet jeung noong lembur babakanhahahaha.

kkbm'69
-tukang macaan carita si Jay...

On 12/21/06, rosma_ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote:

  Sanggeus patingkoceak, panumpang di jero angkot pahibut narulungan.
Si Jay nyengir jero hate…katipu siah ku aing…hahaha…
Rek dikumahakeun atuh ieu jalema teh? Di ka rumah sakitkeun? Ceuk
hiji ibu-ibu nanya ka panumpang sejenna.
Nya, bener mending di ka rumah sakitkeun bisi kumaonam… ceuk hiji
aki-aki.
Aduh…kumaha yeuh…kalahka di ka rumah sakitkeun!Kanyahoan atuh
kuring…!!! ceuk si Jay hanjakaleun, tapi dalah dikumaha da geus
kapalang api-api kapiuhan…
Kumaha pami ka Borromeus we, meh rada caket ti dieu ceuk supir
angkot nawaran.
Sok atuh Mang, geuwat bisi kaburu parna geringna! ceuk ibu-ibu nu
tadi.

ro2
nungiringngaramekeun

--- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Ambu
Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-21 Terurut Topik Buyung
eungke heula teh roro, leungeun na jiga si cepot tea tulak pinggang hiji, hiji 
deui tutunjuk.
ceunah mimiti ibu-ibuna aya hiji naha dihandap ditulis deui ibu-ibu, berarti 
loba atuh ibu-ibu na

by
2+2=10 kumaha aing we naha silaing anu lieur

  - Original Message - 
  From: rosma_ilyas 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, December 21, 2006 4:32 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

  Sanggeus patingkoceak, panumpang di jero angkot pahibut narulungan. 
  Si Jay nyengir jero hate.katipu siah ku aing.hahaha.
  Rek dikumahakeun atuh ieu jalema teh? Di ka rumah sakitkeun? Ceuk 
  hiji ibu-ibu nanya ka panumpang sejenna. 
  Nya, bener mending di ka rumah sakitkeun bisi kumaonam. ceuk hiji 
  aki-aki.
  Aduh.kumaha yeuh.kalahka di ka rumah sakitkeun!Kanyahoan atuh 
  kuring.!!! ceuk si Jay hanjakaleun, tapi dalah dikumaha da geus 
  kapalang api-api kapiuhan.
  Kumaha pami ka Borromeus we, meh rada caket ti dieu ceuk supir 
  angkot nawaran.
  Sok atuh Mang, geuwat bisi kaburu parna geringna! ceuk ibu-ibu nu 
  tadi.

  Tungtungna si Jay dibawa ka rumah sakit ka RS Borromeus, 
  dipindahkeun kana blangkar, didorong-dorong siga es lilin. (eh, 
  etamah lagu nya?!) nepi ka ruang UGD, dipariksa ku dokter, dititah 
  sare heula. 
  Kiclik-kiclik aya perawat nyampeurkeun ka dokter,Dok, punten abdi 
  asa apal ka pasien ieu.asanamah pasien ieu teh nu kabur tea, teu 
  tiasa mayar!...lebet kana koran dinten ayeuna da.

  Sihoreng baraya, Jay teh keur dirawat geus 2 minggu, bakat kuhayang 
  nginternet ngekeak baraya Kusnet, kapaksa manehna kabur ti rumah 
  sakit.

  ro2
  nungiringngaramekeun

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote:
  
   Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. Rek mayar ku naon atuh aing?,
   gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, 
  katambah
   kumaha nya pimayareun ka ki supir. Aing aya akal, ceuk gerentes 
  hate
   Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na
   angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay 
  reuwaseun.
   
   ~ipup~
   
   --- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra reksagantra@ 
  wrote:
   
Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar 
  ti
   warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can 
  dieusi
   nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina.
   Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- 
  matana
   meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas.

Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. 
  Diuk
   gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna 
  ngeukeuweuk
   koran wedalan opat poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. 
  Kitu
   ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum 
  getih
   matak peurih kana panon.

Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna
   karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek
   mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna?

Angkot mumprung ka kidulkeun.

MGT
  
  __ NOD32 1932 (20061220) Information __

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com

Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-21 Terurut Topik aqis fairuz
Ayeuna si Jay Keur bingung di lemburna, sabab rek balik deui ka dayeuh teu boga 
jang ongkosna ari rek ngajual deui domba,meri,hayam jeung naon wae nu bisa 
dijual geus euweuh ledisnutungtungna mah si Jay huleng jentul dilembur 
ngurulingan lembur sugan jeung sugan manggih barang nu bisa dijual jang ongkos 
ka dayeuh. ngan lebeng geus 3 poe can beubeunangan. 
  Karunya teuing atuh Jay maneh teh.!!!
  Cag Ach
  Aing lain babaturan si Jay..

Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote:
  Leng, Jay ngahuleng sakeudeung. Rek mayar ku naon atuh aing?,
gerentesna. Jay leuleus, awak ngadegdeg keur mah can dahar, katambah
kumaha nya pimayareun ka ki supir. Aing aya akal, ceuk gerentes hate
Jay. Kudupruk awak Jay ngudupruk api-api kapiuhan. Jelema-jelema na
angkot patingkoceak komo ibu-ibu nu katindihan ku awak Jay reuwaseun.

~ipup~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Reksa Gantra [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti
warnet. Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi
nananaon ti minggu itu. Sora klakson mancawura kana ceulina.
Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, ku manehna didilakan -- matana
meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka peuntas.
 
 Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk
gigireun lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk
koran wedalan opat poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. Kitu
ceuk HL eta koran. Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih
matak peurih kana panon.
 
 Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna
karak inget: Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek
mayar angkot? Mayar ku rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna?
 
 Angkot mumprung ka kidulkeun.
 
 MGT 

 __
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 
 __
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-21 Terurut Topik RAN
leres. tos tong diemutan, bilih teu damang. der kedah ka dokter
atanapi rs. boromeus. heu heu.

/* nyimak terasanna */

On 12/22/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:

 nya atos atuh tong diemutan..
  bilih teu damang...

  heu heu

Re: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran

2006-12-20 Terurut Topik Reksa Gantra

Hawa Bandung nu matak bayeungyang ngarawu Jay nu kakarak kaluar ti warnet. 
Jalan metet patukang tonggong jeung beuteungna nu can dieusi nananaon ti minggu 
itu. Sora klakson mancawura kana ceulina. Barangmaen nu nemprakkeun leungeunna, 
ku manehna didilakan -- matana meh buncelik. Dititah ingkah. Jay noyod ka 
peuntas.
   
  Cung leungeun Jay ngacung, nyetop angkot. Clog manehna naek. Diuk gigireun 
lalaki tengah tuwuh nu keur nundutan. Leungeunna ngeukeuweuk koran wedalan opat 
poe ka tukang. Seorang Pasien Kabur dari RS. Kitu ceuk HL eta koran. 
Hurup-hurupna ngajareblag, kelirna nu beureum getih matak peurih kana panon.
   
  Mangsa angkot mengkol ka kidulkeun, hate Jay ngalenyap. Manehna karak inget: 
Pesakna euweuh eusian saketip-ketip acan. Kumaha rek mayar angkot? Mayar ku 
rangsel? Atawa sasadu bae ka supirna?
   
  Angkot mumprung ka kidulkeun.
   
  MGT   
   
Ambu Bagja [EMAIL PROTECTED] wrote:
  Hoaahm, Jay heuay kakara hudang sare. Nempo jam na
leungeunna, ngagurubug bakating ku reuwas, Geuning geus jam 1 beurang
, uing kudu ka warnet deui nempo aksi milisi urangsunda. Ngodok saku
calana jins nu geus belel, Ah lumayan aya sarebu perak, Jay
ngagerentes. 
Gejlig indit ka warnet, buru-buru muka e-mail. Edas, beuki rea euy!.
Jiga kieu mah moal mahieun atuh sarebu perak mah, Jay ngagerentes na
hatena. Ah, aing tamba era, geus we rek ngirim e-mail, huleng heula
si Jay ngahuleng, Naon atuh nya alesanana keur milisi urangsunda?
Ah aing ngaku rek ka Garut we... Gura-giru Jay ngetik bari
tipaparetot, ayeuna mah nulisna saeutik da ngukur ka kujur, sarebu
perakeun. Geus ngetik gura-giru mencet Send. Buru-buru manehna hudang.
Sabarahaeun Kang?. 1000 perak, ceuk nu ngajaga warnet. Jay muji
sukur ka pangeran, bari nyarita Untung, pas

~ipup~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell wrote: