ari si jay kaasup jalma hemat atawa pelit.
kwacian sekaleee....pantesna budak teh teu boga babaturan.
 

-----Original Message-----
From: Ambu Bagja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 21, 2006 1:58 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur Pangangguran sareng Bungangguran



"Hoaaaaaaaaaahmmmmm....", Jay heuay kakara hudang sare. Nempo jam na
leungeunna, ngagurubug bakating ku reuwas, "Geuning geus jam 1 beurang
, uing kudu ka warnet deui nempo aksi milisi urangsunda". Ngodok saku
calana jins nu geus belel, "Ah lumayan aya sarebu perak", Jay
ngagerentes. 
Gejlig indit ka warnet, buru-buru muka e-mail. "Edas, beuki rea euy!".
"Jiga kieu mah moal mahieun atuh sarebu perak mah", Jay ngagerentes na
hatena. "Ah, aing tamba era, geus we rek ngirim e-mail, huleng heula
si Jay ngahuleng, "Naon atuh nya alesanana keur milisi urangsunda?"
"Ah aing ngaku rek ka Garut we..". Gura-giru Jay ngetik bari
tipaparetot, ayeuna mah nulisna saeutik da ngukur ka kujur, sarebu
perakeun. Geus ngetik gura-giru mencet Send. Buru-buru manehna hudang.
"Sabarahaeun Kang?". "1000 perak", ceuk nu ngajaga warnet. Jay muji
sukur ka pangeran, bari nyarita "Untung, passsss"

~ipup~

--- In [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com, 
"ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> "Ha...ha....ha....", Jay seuseurian nepi keun ka reumbay cipanon.
> "Beunang siah ku aing, naaaa atuh urang Kusnét teh bararodo pisan 
> nya...",
> 
> ceuk si jay ngomong sorangan bari tuluy macaan deui postingan-
> postingan dina milis. Sakapeung kerung, sakapeung unggut-unggutan, 
> sakapeung nyerengeh. 
> 
> Batur nu keur nge-nét gigireunana luak-lieuk we ka si Jay, ngarasa 
> kaganggu ku polahna. 
> "Ih..jalma teh gelo sugan mah nya ?", ceuk pikirna, bari tuluy 
> beberes.
> 
> Kamari wanci kieu, si Jay mosting, sarua jiga samemehna, loba nu 
> mairan kana postinganana. Teu kolot, teu budak. rupa-rupa geuning 
> pairanana teh. Tapi lolobana mah mairanana teh bari jeung ambek. teu 
> lalaki teu awewe, sarua bari arambek. 
> padahal mah, pira ge, nyebutkeun yen nu sok mimilisan teh 
> pangangguran, ni teu narima geuning dikitukeun teh, disarada kabeh...
> hi hi ...
> 
> aya kana 80 leuwih postingan anu dibaca, sanggeus rengse, tuluy 
> ngalieuk kana jam nu naplok dina tembok. 
> Hmmm....argo warnet geus nyerelek, geus aya kana 15 rebuna jigana.
> Kusiwel ngaluarkeun dompet tina saku tukang, diilikan eusina, aya 
> keneh 2 lambar dua puluh rebuan.
> "Ah..cukup sa jam deui ge lah....", ceuk si jay na hate.
> 
> Ngahuleng sakeudeungan, tuluy ramo-na ku lincahna luluncatan dina 
> kibord, ngetik saluyu jeung nu ngocor tina uteukna.
> Eusina mairan deui postingan-postingan ti anggota milis, bari angger
> make basa propokasi anu nyudutkeun urang-urang sunda.
> Geus ka irong ku manehna, yen urang sunda mah geuning gampang 
> kasigeung, gampang ambek, teu kaop ka senggol hate-na, langsung 
> ngagurubug. geus kabuktikeun pisan ku sorangan, ku ayana loba pisan 
> anu ngarasa kasigeung ku postingan manehna. 
> 
> Tapi, beuki loba nu kasigeung, si jay beuki seuseurian.
> hatena surak...
> 
> Jay nuluykeun ngetik..
> tak-tik....tak-tik....
> 
> 
> teu poho, dihandapna make ID anu dipake salila ieu : 
> Ely Evalita nu geulis tea.
> 
> ....ha ha ha
> si Jay seueueurian na hate.
> 
> dibaca deui imelna saliwatan, tuluy mencet tombol "SEND".
> Gura-giru sign out, tuluy ka kasir. 
> "atos A ? Dua puluh rebueun", ceuk kasirna bari imut ngagelenyu.
> srog si Jay ngasongkeun 20 rebuan salambar. Pas pisan.
> 
> Jay ngancingkeun jaketna, ranselna digandong, tuluy kaluar ti Warnet,
> bari leumpang ka parapatan. Diluar langit geus ceudeum, hawa ge 
> karasa tiis. nyecep kana jero dada. 
> Sanajan hawa tiis, tapi si Jay yakin pisan, nu maca postinganana 
> bieu pasti ngarasa panas hareudang.
> hmmmm...
> 
> 
> 
> 
> 
> -dul-
> tukangteuing
>



 

Kirim email ke