[Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread ncep tribun
Katangen pisan Zaim Uchrawi teu nyangkem budaya Sunda jeung Jawa. Disangkana ngan sakitu-kituna palsafah Jawa jeung Sunda teh, nepi ka kasimpulanana gagabah. Asa piraku nya pantar Zaim anu cenah wartawan senior, teu hatam kana 'roh' Sunda jeung Jawa. Najan teu kungsi nalungtik, atuh riset pustak

[Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread ncep tribun
Nyambung he he.(jadi panasaran atuda ari maca tulisan goreng alias deet teh he he...siga tulisan zaim) Sigana, lebah nulis esey mah, atanapi kolom, mang zaim uhcrawi teh kudu diajar deui ka wa sasmita.mun hoyongh nulis noveldiajar kituh ka mang jamal... ---

Re: [Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread Tatang Sariman
Asswrwb baraya,- Leres pisan tah geuning aya wargi anu nyokong yeuh, nuhun ah, tadi mah meni panas nyongkab; naha eta jalmi wantun kitu? Kuring nyukcruk sakabisa wae, anu ngamajukeun bangsa teh ukurannana sanes suku, anu biasa mah da Prestasi bangsa mangrupi GNP atanapi GDP. Teras upami di

[Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread ncep tribun
Tah, cocog sigana pami bang zaim, anu mantan pupuhu redaksi republika, dipaparin kuliah soal ekonomi makro ku mang tatang. Leres, ti jaman adam smith dugi ka ayeuna ge, ngukur pertumbuhan mah salawasna ku GDP sanes ku kira-kira atanapi ku mitos. Upami dugi ka kamajuan bangsa indonesia diukur ku

Balasan: [Urang Sunda] Naha enya...?

2007-05-20 Thread Tata Noers
Soal Zaim Uchrowi Enya asa ngadengenge dongeng nu lolong ka kebon binatang tea. cenah pan Gajah teh siga tangkal kalapa, ceuk nu nyagap suku gajah , ari ceung saurang deui siga hihid da nu katewakna ngan ukur ceuli gajah. Tah didieu urang bisa ngabandungan kajembaran pamandangan hiji jele

Re: [Urang Sunda] DOKTOR/DR atanapi DOKTER/dr -> kahatur Kang TamS

2007-05-20 Thread joko tingkir
Nuhun pisan kana penjelasanna, lumayan nambihan elmu. Punten oge nambihan deui sakedik, ku mendakna namim kang Tatang Sariman, sim kuring jadi inget ka tahun 78-80 an kapungkur, waktu sim kuring masih ngiring di pangontrakan pun lanceuk di Kampung Sawah Keby. Lama Jakarta. Harita kaleresan gaduh ta

Re: [Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Ke heula ulah waka ngagolak atanapi panas tiris. Ari Jang Zaim Uchrowi teh pan ngamukakeun yen "lolobana" urang Jawa jeung urang Sunda siga kitu. Ieu teh loba benerna dan etamah sipat budaya cara hirup. Ngan kulantaran Jang Zaim kurang pangaweruh terus wae nyaakompet daunkeun jeung nu sejenna. Ceuk

Re: [Urang Sunda] DOKTOR/DR atanapi DOKTER/dr -> kahatur Kang TamS

2007-05-20 Thread Tatang Sariman
Oh, hatur nuhun atuh ditepangkeun yeuh, sanaos mung di internet. Waktos tahun 70an-80an kuring di Bandung, masih kuliah di fe unpad rengse tahun 83. Ka Jakarta mah tahun 90an neraskeun S2 di UI Salemba, ngontrak oge di Jln Paseban 64 salami program wae, margi tahun 93 program rengse. Kuring asli

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread Ade Fitriana
tah geuning aya di Samarinda, salam kenal weh, abdi Ade, rorompok mah di Samarinda sebrang-sei keledang, tempat kuli di jalan ulin pengkereun islamic center. kang Dudi linggih dimana? dudi_ss wrote: > > Assalamu'alaikum wr.wbr. > > Naha tiiseun kieu yeuh, boa-boa babakan teh geus ditari

Hal: [Urang Sunda] Naha enya...?

2007-05-20 Thread herni herningsih
Asa kusararedih maos artikel nu diunjukkeun ku Akang. numutkeun pamendak pribados mah kumna urang tangtos gaduh kakirangan sareng kaunggulan. ayeuna pami nu ti payun dijantenkeun kakirangan urang Sunda, gampil pisan pilari kaunggulanana. dina widang naon wae paparin kalungguhan anu luyu sareng

[Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread Rispianda
Salam ka saderek sadayana Sim kuring kaleresan dikirim rerencangan artikel nu aya di republika perkawis mentalitas jawa sareng sunda. Abdi salaku urang sunda asli rada "kaseureud" yeeuh. Sapertosna nu nulisna asa ngagudahan pandangan negatif ka urang teh. Punten, sanes bade mamanas, tapi hoyong

RE: [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread totong usman
Panginten leres, eta the malih aya sabagian masyarakat urang oge anu sapamadegan jiga kitu Asa emut ka pun mitoha " ulah kawin jeung urang sunda cenah pangedulan, sieunnan" Pun Mitoha ningalina ngan-sabeulah panon, lamun urang nitenan nu tenget eta cep Zaim Uchrowi oge teu acan tuntas skripsin

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread dudi s.suradiredja
Kang Ade atanapi Teh Ade, ieu teh? Kaleresan atuh aya batur salembur pependak dina kabel he... he..., Abdi nganjrek di Air Putih, pangulinan mah di komplek mol lembuswana blok c/11 telp. 206605, mangga aya waktos mah sindang kadieu! Wassalam, dudi_ss Ade Fitriana <[EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread Nugraha Nitipraja
gening seueur dulur di kaltim..sim kuring di balikpapan, Jl Blora I No 9 Pasar Baru. hatur nuhun - Original Message From: dudi s.suradiredja <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, May 21, 2007 10:00:06 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

RE: {Disarmed} [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread Wahyu
Salam ka saderek sadayana Abdi mah, henteu satuju sareng Zaim Ucrowi ; masalahna setiap etnis boga karakter nu jadi kalebihan sareng kakurangan anu anggeus berpasangan. jadi ari dirubah geus te boga karakter deui. Baktos, Wahyu -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com

Re: [Urang Sunda] Anjirrr.....silat Cianjur...

2007-05-20 Thread A Gunawan
ngiringan kasauran wa Sidik, Di Cianjur aya ahli silat (maenpo) jenenganana Mama Sabandar. Sabandar teh dijadikeun nami patempatan, pami teu lepat kelurahan kitu? ceuk Aki mah kecap Sabandar teh tina Syah Bandar anu mangrupa gelar pikeun nu ngajaga di palabuhan jaman kapungkur. duka tah, naha

RE: [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread pandu hadi
Waduh...menurut abdi mah aya leresna oge seratan kang Zaim...tapi ieu kedah tiasa janten cambuk supados urang tiasa langkung maju Menurut abdi mah hususna urang sunda di ogo teuing ku kaayan alam. Hawa tiis sareng kasuburan alamna ngajantenkeun mental atanapi etos kerja anu lengle. "Ge

Re: [Urang Sunda] Buku

2007-05-20 Thread kang boim
Haturan kang Enton, bilih bade nyumbang buku kanggo program pabukon Kusnet tiasa dikintunkeun ka mang Jamal (MJ) di Jl. Rajamantir Kaler No.23. Buahbatu Bandung. mangga diantos kaleresan seueur daftar tunggu bin waiting list nu nyuhunkeun kintunan buku kanggo pabukon teh, hatur nuhun sateuacan

Re: [Urang Sunda] Re:Wargi Anyar

2007-05-20 Thread SPB-OQA. Asep Heriandi
Padumukan kuring di Batu Aji, tegesna mah di Rindang Garden Blok A2 no.12. Ari damel mah di Muka Kuning PT.Sanyo Precsion Batam. Mugi kapayun urang tiasa silaturahmi... Wassalam, Asep Heriandi RedRocket Cloting & Souvenir 08127721788 0778.364029 - Original Message - From: Mac Smart

[Urang Sunda] re: Buku

2007-05-20 Thread mj
Nuhun kang, buku-buku tiasa dikintun langsung ka pabukon, tiasa milih bade ka daerah mana, tasik, garus, jrrd. datana aya di http://www.geocities.com/kusnetperceka/psk.htm atanapi di groups.yahoogroups/group/urangsunda dina file, aya pabukon. atanapi tiasa dikintun ka sekretariat, jl. Rajamant

Re: [Urang Sunda] Naha enya...?

2007-05-20 Thread A Gunawan
Kuring mah maca "kata seorang teman", ngandung harti..Zaim embung disalahkeun. jeungna yakin, anu keseharian (istilah Zaim) kitu teh lain urang Sunda jeung jawa hungkul. itungan Zaim masih sual Mayoritas - Minoritas, lamun urang Sunda aya 30 Juta upamana, urang Irian aya 5 Juta. naha euweuh nep

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Walah sono sareng waas..abdi tahun 1975 -1976 linngih di Mess Jln. Blora pas di tungtung tanjakan awal anu mengkol kakatuhu... lamun tuang sok di pasar baru..aya restoran padang anu los2 saderhana keneh..mun teu lepat namina..RM Roda... --- Nugraha Nitipraja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > gening se

Re: [Urang Sunda] peryogi padamelan kanggo pun adi

2007-05-20 Thread Firman Juliansyah
Sigana mah, bisnis pulsa cocog kanggo anjeuna. Kumargi anjeuna mah seueur pisan rerencanganna. Upami wawanohan sareng jalmi, enggal pisan raketna teh. Manawi anjeuna minat, kumaha carana, sabaraha modalna? - Original Message - From: K7/P1 To: urangsunda@yahoogroups.com

FW: [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread Ali.Purnama
Manawi si akang teh teu nangkodkeun reffernsi sareng panalungtikan ngeuna'an " pamadegan " eta teh, upami sekedar "om-do sareng nyarios ku pano'ongan nyalira " mah tong di waro ah, bisi janten baeud manah, ku buktos si akang nyarios eta wirehna urang Jawa sinareng Sunda teh punjul dina Tatakram,a

Re: [Urang Sunda] Anjirrr.....silat Cianjur...

2007-05-20 Thread irpan rispandi
Cik aya anggota milis anu bisa silat teu? khususon anu di Djakarta. Kumaha lamun elmu teh ditepakeun. Kusnet muka Paguron silat, aliran Internet kituh ngarana mah :) Suhuterimalah teecu jadi muridmu ***loba teuing maca Khoo Ping Hooo he..hehe... On 5/21/07, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED

Re: [Urang Sunda] Anjirrr.....silat Cianjur... - gaya silat

2007-05-20 Thread firman raharja
Ceuk cenah oge (da lain hasil nalungtik) Dina silat tradisional sunda aya sababaraha gaya (aliran) anu kuring apal nyaeta 1. Pa macan - niru niru macan 2. Pa Monyet - niru niru monyet 3. Cimande - aslina ti cimande -cirina khasna rikat 4. Cikalong - aslina ti cikalong -cirina khasna kuat 5. sah ba

Re: [Urang Sunda] Naha enya...?

2007-05-20 Thread aldo desatura
Dear, menta di ralat wae atuh ka bagian redaksi republika na... bilang we mun hoyong website na rada lila online... geura menta maaf ka sadaya Urang jawa atawa Urang sunda.. mun heunteu H*ck we lah pass root na :p, da nu nga gede keun iyeu nagara, ngapinteurkeun maca manehanana... nu fasilitasi

Re: FW: [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Cilaka deui wae atuh ari gaduh "pamadegan" kedah aya referensi sareng panalungtikan mah..wah sanes pamadegan sorangan atuh..pamadegan baturKade ulah kabeulit kana referensi atanapi panalungtikan ieu mah sanes Kolokieum...sanes skripsi..sanes deseratsi...pamadegan bebas...debat wae sabebeasna...

Re: [Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread mj
"Indonesia sulit maju,"cek kang Ncep "Naha?" cek kuring panasaran "Sabab di Indonesia aya jelema ngarana Zaim Uchrowi." "Hahaha..." -- geocities.com/mangjamal

Re: [Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread Roro Rohmah
"Tuda rek maju kumaha ngarana ge Zaim..." Ceuk Kang Ncep deui. "Naha kitu ari Zaim?" Ceuk kuring beuki panasaran. "Pan Zaim teh...Zaga Image" "Ih, ni maksa...heheh..." ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 05/21/07 11:42AM >>> "Indonesia sulit maju,"cek kang Ncep "Naha?" cek kuring panasaran "Sabab di Indon

Re: [Urang Sunda] peryogi padamelan kanggo pun adi

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Ningan di waler ku nyalira..sae wae atuh...Ngan upami usaha pulsa mah modalna kedah lumayan ieu anu teu disebatkeun dina surelek..upami kartu anu 100,000 an teh untungna ngan 1000-2000/per kart..anu nileyna handap untungna oge alit 500-1500 an/per kartu. janten hartosna profit to investment ration

Re: [Urang Sunda] naha enya?

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Mun Zaim Uchrohwi hayang gancang maju..gilindingan wae manehna..ngarah ngagoloyoryorgejebur... --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > "Indonesia sulit maju,"cek kang Ncep > "Naha?" cek kuring panasaran > "Sabab di Indonesia aya jelema ngarana Zaim > Uchrowi." > "Hahaha..." > > > > > >

[Urang Sunda] Mentalitas urang Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread Asep Budiman
Ari panumut abdi mah, saenamah hayu urang jantenkeun pangdorong eta seratan Pak Zaim tah, yu urang buktoskeun yen mental urang sunda teh teu sapertos anu ku Pak Zaim di serat dina eta artikel. Panumut abdi, teu kedah dijantenkeun paguneman perkawis ieu teh, da upami dijantenkeun gunem catur mah mo

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread budyana
Aki Tams, Abdi Bade mang ngacungkeun urang Tasik di Balikpapan nya ... Di Balikpapan aya hiji daerah nu namina Karang Jawa, tah di eta daerah teh aya tempat anu katelah ku sebutan Sumur Bandung, cenah mah baheula didinya teh aya sumur nu tara saat najan keur usum halodo panjang. Tapi duka kun

Re: [Urang Sunda] "Punten, Ibu Yuyu teu janten ngantunkeunna "

2007-05-20 Thread Iwan
Euleuh.. Eta nu disebatkeun 'mati-suri' tea panginten nya? Ibu-na rerencangan abdi ge aya nu sapertos kitu, nanging sanes satengah jam, ieu mah dugi ka satengah dinten. Raraosanana mah saurna asa nuju jalan-jalan di kebon nu pinuh ku kekembangan, sareng deuih raraosanana mah mung sakedap pisan

[Urang Sunda] nyobian - dipupus we ...

2007-05-20 Thread Budhi Setiawan
mung sakadar nyobian, tos lami teu nampi surelek ... -- Budhi Setiawan @ Infrastructure Design Research Lab., Civil Eng. Dept., Gifu Univ., Japan @ Soil Mechanic Lab., Civil Eng. Dept., Sriwijaya Univ., Palembang - Indonesia. budhi at urangsunda dot net

[Urang Sunda] Re: nyobian - dipupus we ...

2007-05-20 Thread budyana
Sanasib ... ieu ge ditodong tina yahoogroups na langsung :) --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > mung sakadar nyobian, tos lami teu nampi surelek ... > > -- > Budhi Setiawan > @ Infrastructure Design Research Lab., > Civil Eng. Dept., Gifu Univ., J

Re: [Urang Sunda] Mentalitas Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread kumincir
aduh siah... mangkaning ngaing turunan Jawa-Sunda, kakuranganana jadi sampurna atuh... heuheu... On 5/18/07, Rispianda <[EMAIL PROTECTED]> wrote: *Mentalitas Jawa dan Sunda* ( Zaim Uchrowi ) ''Indonesia sulit maju,'' kata seorang teman. ''Kenapa?'' tanya saya. ''Sebab, lebih dari 70 persen pe

Re: [Urang Sunda] Mentalitas urang Jawa dan Sunda

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Moal tiasa da anu disebatkeun Jang zaim teh meureun akata yen "lolobana" , teu abeh US jeung UJ teh kitu. Ngan eta narik kasimpulanna langsung ngahukum kana titik negatip heula bari teu nyebut titik positipna. Urang jadina ngaraos disakompet daunkeun ku Jang jaim padahal abdi percanten anu ngiring

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread budyana
Haturan Akang/Abah ... punten da teu terang yuswana :) nepangkeun abdi oge di Balikpapan ... di RSSS (Rumah Sangat Sederhana Sampai-Sampai Susah Selonjoran) ... aeh henteu ketang ari kitu-kitu teuing mah. Sim kuring pun Budyana, asli urang Bandung ngan milarian tuangna di dapur ... eh maksa

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread surtiwa surtiwa
Teu tebih ti Karang Jawa aya daerah Transmigran caket lapangan minyak Mutiara anu dihuni turun temurun ku transmigran asal Tasik sareng sabuderna. Maranehna teh ditranspmigrasikan di zaman Soekarno sabagei ex anggota DI/TII anu parantos balik deu ka pangkuan Ibu Pertiwi --- budyana <[EMAIL P

Re: [Urang Sunda] Nu sono ka urang sunda

2007-05-20 Thread budyana
Muhun abah Surtiwa ... tapi eta mah sigana Karang Jawa na bagian Handil ... nami kampung transmigran eta mun teu lepat "Sindang Jaya" sababaraha kali kadinya nyaan karasa keneh siga di lembur, jalan lebetna ayeunamah tos di Beton janten rada-rada "gampil" mun ngangge mobil teh teu kedah nganggo