Sapuk, miluan. Pas pisan Mang J resep ka Siswono, kuring kataji ku Amien.
Sugan dua jelema eta jadi ubar gering parna bangsa urang. Wayahna lain sunda
ge da geuning wawakil sunda teh kalahka anteng ngeukeupan bojona wae, enya
Oom Teddy satria bukan perjaka tea, heu..heu...heu...
Keukeuh lah ulah milih militer, da tugas militer mah mulasara nagara ti
gangguan deungeun-deungeun. Leuwih alus samapta lan waspada di tangsina
masing-masing. Mun kaleuwihan tanaga tong dipake ngekeak mahasiswa, da eta
mah dulur sanagara. Anggur mah pake mantuan macul ka patani atawa jadi tim
sar keur nulungan nu kabancen. Keun ngurus nagara mah ku sipil wae.
-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 06, 2004 12:28 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] pilih presiden sipil: Amien Rais + Siswono
Ieu mah lain jurkam, tapi ngan ngajak. mun erek, pilih, mun moal mangga teh
teuing. ngan ukur babagi pikiran...
cik urang milu ngabebenah nagreg, kucara milih Amien Rais + Siswono Yudo
Husodo.
si kuring mah mikir praktis bae, Amien Rais kaitung nu kadua nu wani
ngeundeuk2 Suharto. nu kahiji mah keukeuh Sri Bintang Pamungkas. cenah mah
jujur jeung salaku urang jawa, teu make adat jawana nu kakoncara teu
poksong. manehna mah poksong, ceplas ceplos bari merenah, teu saparah gus
dur.
gus dur keur kampanye soal nu tanpa daksa bisa jadi presiden. lah atuh gus,
pangalaman ente kamari, jadi presiden, tukang piknik, bari jeung di negeri
deungeun eta teh sok nyieun kaputusan2 politis urusan nagreg. teu hade euy!
gayana teu cocog jang ieu nagreg.
Siswono, sukses jadi pengusaha, ngagedekeun bangun cipta, jadi perusahaan
kuat (meureun), hartina manehna bisa manajemen.jeung manehna terang2an, boga
banda 330 milyar-ladang usaha kontraktor bangun cipta, dana kampanye
presidenna 38 milyar.
atuh dina segi politik, teu atah2 teuing, Siswono kungsi jadi wakil ketua
BPS, barisan pembela sukarno, kungsi dipenjara, urang GMNI, teknik sipil
itb, kungsi jadi menteri perumahan jeung menteri transmigrasi+perambah hutan
jaman suharto 80-an.
naha ti sipil? sabab nu ti militer-asli reformis, geus teu aya dikieuna. gan
Agus WK!
Mj
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/