Tambihan kanggo kang Deni.
Kakurangan pa Amin Rais ceuk sim kuring mah lain
pamadegannana nu mancla-mencle, tapi dina ngontrol
emosi. Mun teu salah waktu diayakeun debat capres di
UI Depok, pa Amin kungsi rada kasinggung ku pa Yusril,
terus males ku omongan pokna teh : "pa Yusril mah
ngomong basa Inggrisna ge can lancar," bari dibarengan
ku rengu nu rada ambek.
Hartina "mancla-mencle" teu bisa disaruakeun jeung
robah pamadegan kulantaran aya nu ngageuingkeun yen
lampah nu kamari atawa katukang teh salah terus eta
omongan rahayat teh didenge (didangu) kalayan terus
dibeneran. Lampah nu kieu mah ceuk kuring memang kudu
kitu kuduna, urang ulah era ngaku salah terus meneran
nu salah jadi bener sok sanajan disebutkeun
mancla-mencle.
JIga ayeuna kuring condong milih pa Amin kulantaran
kaasup jalma bersih, tapi lamun isukan sanggeus jadi
presiden manehna korupsi, nya tangtu kudu dipenta
tanggung jawabna kalayan sabisana diturunkeun. Hal ieu
lain kaasup mancle-mencle, tapi "konsisten" kudu
ngadegkeun bebener jeung kaadilan (hal ieu tos
dilakukan ku pa Amin waktu mimiti milih Gus Dur, tapi
terus nurunkeun kulantaran Gus Dur ku rahayat dianggap
nyimpang tina tatanan UUD). Ulah kena ka dulur jeung
baraya atawa sarua US sanajan salah kudu bela, nu kieu
lain ngadegkeun bebener jeung kaadilan.

Wassalam
Jaka

--- Deni Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dina ping 06-May-2004, joko tingkir nyerat:
> > Sim kuring panuju milih anjeunna diantawisna ku
> > pertimbangan kieu:
> ...
> leuh geningan rame padungdeng milih peresiden, he he
> ...
> enya si kuring ge panuju ka Mr. MAR teh, tapi aya
> ganjelan, nyaeta
> komentar Mr. Dur cenah MAR teh sok mencal-mencle,
> inkonsisten, pedah
> meureun basa lengser Mr. Dur MAR teh kaitung nu boga
> lalakon ...
> 
> enya kitu baraya ? cik atuh nu caraket ka "pusat
> kekuasaan" ceuk emha mah,
> dongeng keun kumaha tah ngeunaan eta 
> 
> heuy deuh, hutang ka gan Eko can kataur, jadi boga
> ide, rek nyieun puling
> keur pamilihan Peresiden ... lain keur RI1 tapi keur
> Peresiden Kusnet ... 
> mangga antosan ke puling na
> 
> cag ah ..
> 
> -- 
> Menumbuhkan semangat beragama pada diri seorang
> muslim adalah modal utama ia akan terjaga jati
> dirinya.
> -- MQ
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> 
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>      [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs  
http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke