Ua, MJ, oge sadayana,
Kahaturkeun ieu sababaraha conto questioner program pabukon lengkepaneun atawa teraskeuneun. Questioner ieu dipaparinkeun ka sasaran program pabukon di awal sareng di akhir program (upamina ditangtukeun evaluasi "akhir" teh saparantos sataun jalan). Target questioner kanggo indikator tea (ngabandingkeun jawaban kana questioner di awal program/waktu bubuka vs di akhir program).
I. Pituduh: pek jawab ku aranjeub patarosan di handap ieu ku cara milih jawaban (pilihan meunang leuwih ti hiji):
1. Ari anjeun bisa maca buku? :
a. heunteu
b. bisa sakedik
c. lumayan bisa
d. bisa kalawan lancar
2. Sabaraha buku (salian ti buku pangajaran sakola) anu biasa ku anjeun dibaca jero saminggu? :
a. leuwih ti 7 buku
b. antara 4 tepi ka 7 buku
c. antara 1 tepi ka 4 buku
d. kurang ti 1 buku
3. Buku naon bae anu ku aranjeun biasa dibaca salian ti buku pangajaran sakola?:
a. buku teknik (contona: karajinan tangan)
b. buku pangaweruh umum
c. buku carita/legenda jeung sabangsana
d. sakabeh jenis buku di luhur
4. Timana anjeun biasa boga buku keur bacaeun?:
a. nginjeum ti perpustakaan sakola
b. nginjeum ti perpustakaan kacamatan/desa
c. program pabukon ti salah sahiji Yayasan
d. meuli sorangan
5. Naon manfaat anu karasa ku anjeun sanggeus maca buku salian ti buku pangajaran?:
a. nambahan pangaweruh anu heunteu diajarkeun di sakola
b. nambahan sumanget jeung kahayang diajar leuwih luhur
c. nambahan luang tina pangalaman nu sejen
d. heunteu hambahan naon-naon kana pangajaran ti sakola
Mangga para wargi tiasa nambihan patarosan sanesna kalawan mataholangna mah milarian jawaban barudak/masyarakat subyek/obyek program pabukon anu engkena tiasa dibandingkeun antara sateuacan aya program Pabukon Kusnet jeung saparantos sawatara waktu program pabukon lumangsung.
Hapuntenna sim kuring heunteu tiasa ngarengsekeun questioner di luhur dina danget ieu jalaran keur aya di Jakarta.
Baktosna,
manAR
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun wartosna Kang Wan...!
Kapungkur taun 70an, raraosan mah aya Perpustakaan Daerah di gigireun kantor
Telkom Sukabumi, tapi waktos sasih kamari ngulampreng kadinya geuning tos
teu aya, saurna mah tos ngalih,...manawi uninga ngalihna kamana nya..?!
Kapungkur mah di perpustakaan eta teh seueur pisan buku buku Sunda, majalah
Sunda taun 50an sareng sajabana.
MSasmita
-----Original Message-----
From: Wawan Setyawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 12, 2004 6:41 PM
To: Gunawan Yusuf; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]; E_Ruska_Nugraha
Cc: oman abdurrahman; MJ; MSasmita
Subject: Re: Halal Bihalal
ngiring cewaw....
info kanggo wilayah sukabumi...
Aya Cimalati... mung....
sadidinten jalur cicurug macet alatan jalurna mung sakitu-kituna... nanging
ayeuna mah tos di damel keun jalur alternatif ka palih wetaneun pasar...
tapi... Cimalati mah kedah lebet ka jalur utama nu ngalangkungan pasar upami
ti arah sukabumi/bandung... upami ti bogor.. biasa sok dibelokeun ku pulisi
sangkan muter ka wetan... hartosna sawakts waktos jalur ti bogor anu
ngalangkungan pasar ditutup (sa-arah).
Kaduana... Dina wanci lebaran atanapi libur panjang Cimalati sareng palabuan
ratu janten pangjugjugan balarea anu pariknik...
tah kukituna ceuk abdi mah kirang cocog dicimalati mah...
aya alternatif kanggo ngawengi mah di Villa Yawitra.. lebetna ti Cisaat ka
palih kaler daerah situ gunung paranti kemping... nanging ari villana mah
sateuacan wilayah kemping... tempatna sakinten rada merenah... aya balong
lauk emas... aya r. Serbaguna nu ageung... sareng deui sususan bungalow-na
teu pantos mewah teuing oge teu pantos awon teuing... sederhana tapi
merenah.. nu janten resepna... hawa tiis... bari "bersahabat"...
punten sanes iklan ngenaan eta tempat, mung tos janten langganan kuring
saparakanca upami aya acara PETUAH (Pesantren Sabtu Ahad, sataun dua kali)
ti pabrik... kapungkur waktos masih keneh kuli di AIWA sukabumi.
InsyaAllah ka daerah eta mah teu pantos macet upami ti bandung / ti sukabumi
kota, nanging upami ti Jakarta / Bogor sakinten kedah seueur babalicetan di
Cicurug di pengkolkeun ka alternatif wetaneun pasar, di Cibadak di
pengkolkeun ka daerah nagrak wetaneun terminal cibadak, di Cisaat (sateuacan
cisaat) wilayah Cibaraja rada macet biasana mah upami liburan panjang...
mung upami sadidinten mah aman bae....
Perkawis Cibaraja... eta teh pusat lauk tawar... upami kang tatan bade
janten seksi meuleum... tah laukna kantun ngagaleuh di cibaraja...
sakitu bae ...
wassalam,
Hapunten upami kirang merenah..
----- Original Message -----
From: "Gunawan Yusuf" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
<[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
<[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
<[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>; "E_Ruska_Nugraha"
<[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "oman abdurrahman" <[EMAIL PROTECTED]>; "MJ" <[EMAIL PROTECTED]>;
"MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, May 12, 2004 9:38 AM
Subject: Re: Halal Bihalal
> Kahatur
> Wargi Kusnet
> Sadaya
>
> Assalamuaikum wr wb,
>
> Di Tatar Sunda dina waktos ieu seueur murangkalih nu teu tiasa sakola
> kumargi faktor ekonomi, pendidikan modal dasar keur kahirupan jalmi. Tatar
> sunda daerah nu mangrupikeun tujuan utami suku-suku sanes di Indonesia
keur
> nyiar kipayah, upami suku sunda teu dimajengkeun pendidikan generasi muda
> tangtu bakalan kadeseh, ayeuna tos katingali DPRD Jabar mayoritas non
sunda,
> Bupati Cianjur sanes urang sunda, Gupernur Banten urang jawa, jrrd.
Yayasan
> Perceka nu didukung ku wargi kusnet mangrupi wadah keur majengkeun
> pendidikan, ngan hanjakalna ieu yayasan kirang majeng kumargi dana nu
> dikempelkeunana kirang cekap, aya usulan ti dulur urang nu di korea nyaeta
> Bapak Siddik nu mangrupi staf KBRI, anjeuna sanggem ngabantos sareng
> didukung wargi sunda nu di korea, saurna wargi sunda di korea aya
ngarebuna.
> Tangtosna ieu usulan teh kedah dibantos ku urang sarerea, mustahil mung
> ngandelkeun anjeuna bae. Pribados oge rumaos teu tiasa naon-naon keur
> majengkeun ieu yayasan. Tah jalaran kitu Bapak Siddik teh bade dongkap ka
> Indonesia dina boboran siam taun ieu, anjeuna hoyong silaturahmi jeung
urang
> sarerea kanggo majengkeun yayasan perceka tea. Upami tempatna hoyong nu
rada
> ageung supados peserta silaturahmi jongjon, tempat nu bade direncanakeun
> nyaeta Cimalati, Cicurug, Sukabumi.
> Emutan abdi mah, ngenaan waktos silaturahmi teu acan tiasa ditangtoskeun
> ayeuna, kumargi biasana upami boboran siam urang sami sami seueur
> kaperyogian. Upami tos caket kana waktosna (mung ulah mepet teuing) nembe
> urang tangtoskeun waktosna. Insya Allah abdi bade mendakan heula Bapak
> Siddik saupami anjeuna tos aya di Indonesia. Ieu mah mung saukur pendapat
> abdi pribados, saupami aya pendapat nu sanes mangga diantos pisan.
>
> Wassalam
> ----- Original Message -----
> From: "E_Ruska_Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
> <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
> <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
<[EMAIL PROTECTED]>;
> <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Wednesday, May 12, 2004 7:47 AM
> Subject: Halal Bihalal
>
>
> > Assalamu'alaikum wr. wb.
> >
> > Baraya sadayana sakumaha anu kantos simkuring dikintun
> > serat ka milis urangsunda/kisunda, perkawis Halal
> > bihalal kangge engke saatos boboran tea. Tantos ieu
> > acara teh supados janten, teras seueur deui nu
> > sumping, sareng mudah-mudahan sadayana baraya tiasa
> > kempel dibogor. Tah kinten-kinten acarana engke naon
> > wae teras timana heula mimitina, kedah aya panitiana
> > atanapi henteu ?
> >
> > Punten ieu abdi ngintun teh teu sadayana, mangga ah
> > sakieu heula cing kumaha tah baraya, diantosan
> > pendapatna ieu mah etang-etang diskusi, mangga bilih
> > bade ngulem nu sanes kangge acara ieu.
> >
> > No. Hp gentos : 081315300665 anu tipayun kacepotan he
> > he....
> >
> > Wassalam
> > @ERN
> >
> > =====
> > @ERN
> > Eko Ruska Nugraha
> > http://www.urang-sunda.or.id
> > http://yp.urang-sunda.or.id
> > http://bs.urang-sunda.or.id
> >
> >
> >
> >
> > __________________________________
> > Do you Yahoo!?
> > Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs
> > http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover
>
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

