Punten ngiring mairan. Aya sababaraha catetan perkawis pasoalan angket.
Soal Nomor 1.
Kuring teu acan eces, naha program pabukon kusnet teh aya program atikan kitu. Maksad teh naha aya program jiga Kejar Paket A, B, C, jeung sajabina. Atanapi program pabukon teh mung sapertos perpustakaan, anu mung nyayogikeun bacaan wungkul. Ceuk pamendak sim kuring, soalan kahiji teh langkung saluyu upami program pabukon teh aya program atikanana. Upami mung sapertos perpustakaan mah raraosan bakal aya faktor sanes anu langkung mangaruhan kana kamajengan keterampilan maca teh.
 
Soal Nomor 2-5
Perkawis ieu oge sim kuring kirang jelas, saha atuh sasaran program pabukon teh. Sasaran na teh naha budak sakola wungkul atanapi masyarakat pada umumna sisabudereun tempat pabukon tea. Ceuk pangemut soalan 2 dugi ka 5 teh mung saluyu upami sasaranna budak sakola wungkul.
 
Aya saran ti sim kuring kanggo nambihan bahan ngukur kamajengan program tea. Diantawisna nganggo buku log kahadiran pembaca tiap dinten. Salian ti eta buku log daftar buku anu dibaca sareng ditambut ku anggota. Janten engkena tiasa didamel peta naha buku naon atuh anu favorit teh.
 
Salian ti eta panginten langkung sae upami sasaran program pabukon teh sanes mung budak sakola wungkul, tapi oge pikeun para rumaja sarta masyarakat pada umumna. Kukituna saena mah panginten tempatna teh kedah caket ka sakola oge ka pilemburan.
 
Baktosna,
Hasan
 
oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ua, MJ, oge sadayana,
 
Kahaturkeun ieu sababaraha conto questioner program pabukon lengkepaneun atawa teraskeuneun. Questioner ieu dipaparinkeun ka sasaran program pabukon di awal sareng di akhir program (upamina ditangtukeun evaluasi "akhir" teh saparantos sataun jalan). Target questioner kanggo indikator tea (ngabandingkeun jawaban kana questioner di awal program/waktu bubuka vs di akhir program).
 
I. Pituduh: pek jawab ku aranjeub patarosan di handap ieu ku cara milih jawaban (pilihan meunang leuwih ti hiji):
 
1. Ari anjeun bisa maca buku? :
a. heunteu
b. bisa sakedik
c. lumayan bisa
d. bisa kalawan lancar
 
2. Sabaraha buku (salian ti buku pangajaran sakola) anu biasa ku anjeun dibaca jero saminggu? :
a. leuwih ti  7 buku
b. antara 4 tepi ka 7 buku
c. antara 1 tepi ka 4 buku
d. kurang ti 1 buku
 
3. Buku naon bae anu ku aranjeun biasa dibaca salian ti buku pangajaran sakola?:
a. buku teknik (contona: karajinan tangan)
b. buku pangaweruh umum
c. buku carita/legenda jeung sabangsana
d. sakabeh jenis buku di luhur
 
4. Timana anjeun biasa boga buku keur bacaeun?:
a. nginjeum ti perpustakaan sakola
b. nginjeum ti perpustakaan kacamatan/desa
c. program pabukon ti salah sahiji Yayasan
d. meuli sorangan
 
5. Naon manfaat anu karasa ku anjeun sanggeus maca buku salian ti buku pangajaran?:
a. nambahan pangaweruh anu heunteu diajarkeun di sakola
b. nambahan sumanget jeung kahayang diajar leuwih luhur
c. nambahan luang tina pangalaman nu sejen
d. heunteu hambahan naon-naon kana pangajaran ti sakola
 
Mangga para wargi tiasa nambihan patarosan sanesna kalawan mataholangna mah milarian jawaban barudak/masyarakat subyek/obyek program pabukon anu engkena tiasa dibandingkeun antara sateuacan aya program Pabukon Kusnet jeung saparantos sawatara waktu program pabukon lumangsung.
 
Hapuntenna sim kuring heunteu tiasa ngarengsekeun questioner di luhur dina danget ieu jalaran keur aya di Jakarta.
 
Baktosna,
manAR


Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70/year

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke