Malaysiana: Kurang Terang Pak 

Harita batur kuring urang Malaya ulin ka Bandung. Eta
cenah rek ngadon ngadu bako di Sakola Cap Gajah. 
Sabada nyalse manehna teh rek ngadon diurut, da pernah
harita teh aya nu ngabahanan alamat tukang urut
tradisional tunanetra. Atuh terus manehna teh naek
angkot reg ngajugjug eta alamat. Sabada turun dina
angkot, manehna terus nyampeurkeun Si Emang Beca anu
keur ngetem handapeun kai. Maksudna teh rek nanyakeun
alamat tukang urut tea.

"Ari alamat ieu dimana Pak?" ceuk batur kuring teh. Si
Emang Beca teh ngajawab: "Kurang Terang Pak!" Dijawab
kitu teh, atuh batur kuring teh rungah-ringeuh, bari
ulak-ilik ka luhur. Panasaran, terus manehna teh
nyampeurkeun deui Si Emang Beca anu lain, nu rada
anggang ti tangkal kai. Waktu nanyakeun ka Si emang
Beca kadua, jawabanna teh sarua. "Kurang terang Pak!"
pok na teh. 

Batur kuring teh mikir, naha teu salah kitu. Tadi
nanya kanu handapeun kai jawabanana "kurang terang".
Nanya deui kanu kadua, anu anggang tina tangkal kai,
"kurang terang" oge. Padahal panonpoe masih moncorong,
teu poek teusing. Naha "kurang terang" nanahaona atuh
nya.

MH, Malaya, Akhir Mei 2004.



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke