Baraya sadayana, ku gagasan Kang Siddik van Korea, Insya Alloh dina sasih Nopember urang ayakeun Silaturahmi KUSNET sabada boboran Siam sakantenan halal bil halal, diancer ancer tempatna di Cimalati Sukabumi.
Ngahaja diuar uar ti ayeuna, maksadna mah dipiharep supados beuki seueur anu sumping.
Dina eta acara silaturahmi sakantenan diayakeun "fund rising" ku jalan lelang cindera mata ti Korea, kahoyong mah ulah mung ti Korea wungkul, langkung sae upami aya deui anu sanes boh to nagri sanes boh nu enya enya hasil karya kria Sunda, hasil kria Sunda mah teu kedah nu sesah sesah upamina kaneron, tingkem, besek, boboko, dina wanda hias.......!
Bilih aya ide sanes mangga diantos.
Mugi mugi we nu tiasa sumping sing seueuran, rupina upami tempatna di Sukabumi mah kaetang tengah tengah teu tebih boh ti Jakarta atanapi ti Bandung.
Panitiana teh upami teu lepat mah Kang Hendri...!
Nuhun
 
MSasmita
 
 
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke