ASYIIIIIIK....
baraya KUSNET rombongan Sunter-Kalapa Gading-Cempaka Putih-Pulo Mas-Senen-Kemayoran tiasa siap-siap ti ayeuna...
urang ngahaja megat beus Patriot di pintu tol Pulo Mas... urang pengkolkeun jalur trayek-na ka Cimalati Sukabumi...(hehehe preman terminal tea)...
 
nu di matraman sareng kramat barade gabung ???
 
hehehehe... jiga nu enya !!!
padahal uing mah jarang datang, da teu kabeneran wae atuh da...
eh, pernah ketang sumping ka tempatna Ua Djatnika, basa nanggap Kacapi Suling di bumina...
 
haturan ka Ua Djatnika, asa tos lami tara katinggal ngelol...
 
 
^_^
----- Original Message -----
From: MSasmita
 
Subject: [UrangSunda] Silaturahmi KUSNET di Cimalati Sukabumi

Baraya sadayana, ku gagasan Kang Siddik van Korea, Insya Alloh dina sasih Nopember urang ayakeun Silaturahmi KUSNET sabada boboran Siam sakantenan halal bil halal, diancer ancer tempatna di Cimalati Sukabumi.
Ngahaja diuar uar ti ayeuna, maksadna mah dipiharep supados beuki seueur anu sumping.
Dina eta acara silaturahmi sakantenan diayakeun "fund rising" ku jalan lelang cindera mata ti Korea, kahoyong mah ulah mung ti Korea wungkul, langkung sae upami aya deui anu sanes boh to nagri sanes boh nu enya enya hasil karya kria Sunda, hasil kria Sunda mah teu kedah nu sesah sesah upamina kaneron, tingkem, besek, boboko, dina wanda hias.......!
Bilih aya ide sanes mangga diantos.
Mugi mugi we nu tiasa sumping sing seueuran, rupina upami tempatna di Sukabumi mah kaetang tengah tengah teu tebih boh ti Jakarta atanapi ti Bandung.
Panitiana teh upami teu lepat mah Kang Hendri...!
Nuhun
 
MSasmita


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke