Haturan Ua Sas, kmh pm hasil kria ti Cipacing sarupaning bedil angin, atanapi wawayangan, atanapi naon wae.. or ti Rajapolah-Tasik sarupaning sagala rupi anyam2an tina awi, atanapi naon wae.. ???
~pupi~ > ----- Original Message ----- > From: MSasmita > > Subject: [UrangSunda] Silaturahmi KUSNET di Cimalati Sukabumi > > > Baraya sadayana, ku gagasan Kang Siddik van Korea, Insya Alloh dina sasih Nopember urang ayakeun Silaturahmi KUSNET sabada boboran Siam sakantenan halal bil halal, diancer ancer tempatna di Cimalati Sukabumi. > Ngahaja diuar uar ti ayeuna, maksadna mah dipiharep supados beuki seueur anu sumping. > Dina eta acara silaturahmi sakantenan diayakeun "fund rising" ku jalan lelang cindera mata ti Korea, kahoyong mah ulah mung ti Korea wungkul, langkung sae upami aya deui anu sanes boh to nagri sanes boh nu enya enya hasil karya kria Sunda, hasil kria Sunda mah teu kedah nu sesah sesah upamina kaneron, tingkem, besek, boboko, dina wanda hias.......! > Bilih aya ide sanes mangga diantos. > Mugi mugi we nu tiasa sumping sing seueuran, rupina upami tempatna di Sukabumi mah kaetang tengah tengah teu tebih boh ti Jakarta atanapi ti Bandung. > Panitiana teh upami teu lepat mah Kang Hendri...! > Nuhun > > MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

