Isuk tanggal 17 Agustus 2004, poe milangkala kamardikaan ieu nagara,
teu karasa geus lima puluh salapan taun Indonesia mardika........:
 
Kuhayang ngagorowok : "Merdeka....!!"
Tapi teu wasa.... 
asa kurang tanaga
lungse kurang sumanget
ari ras............
kuloba dulur...
anu can nguyup madu
kamardikaan.........
ku loba baraya can ngasaan
ni'matna kueh mardika....
naha rek iraha..  
mardika bakal walatra...???
karasa ku rahayat hina
kapetik ku ra'yat leutik
teuing atuh .....
kuma ceuk isuk................
anggur hayu urang maju..
sabisana......
sakawasana......
 
Tungtung wetan daratan Asia
16 Agustus 2004
 
SSW
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke