Baraya sadayana, meh saminggu teu muka email, teu maca posting ti baraya sadayana, alatanana mah nyakitu tea, ti dinten Rebo minggu kamari kedah ameng ka Bogor ngiringan pelatihan.Nembe mukaan posting ti baraya sadayana, geuning aya rencana bade riungan di Bogor di bumina Kang Eko dina kaping 21.Hapunten sim kuring moal tiasa ngaluuhan, kumargi pas dina kaping 21 pisan di RW sim kuring bade diayakeun Pasanggiri Maca Carpon Sunda, tempatna kaleresan di payuneun rorompok sim kuring pisan, atuh si kuring ge jadi seksi ingkig, kedah nyadiakeun tempat sareng bahan sanesna.Sakali deui hapunten anu kasuhun moal tiasa ngiringan dina riungan di Bogor.MSasmita
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

