Carek kuring merdeka teh hartina "mibanda harga diri". Kantun naros kana raos, di mana harga diri urang. Mun nyatana katincak keneh ku batur .............. atuh ulah waka ngaku meredeka. Mendeko we heula !
Aha aha aha !
Kang Siddik, ieu kuring leungiteun budak harak, na ka mana ?

Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dulur nu jauh ti lembur tur baraya nu anggang di pangumbaraan...merdeka nu sanyatana nyaeta bisa narima kana sagala kaayaan nu tumiba ayeuna bari angger nangtung ngajadi bangsa nu mandiri.
Keun bae dulur urang nu poho kana kaduluran ku ngaletakan sorangan kueh kamerdekaan, keun bae dulur urang nu sarakah nyieun gunung tina kesang jeung tanaga dulur nu lian, keun bae dulur urang nu ngajual harga diri ka bangsa nu lian...
Asal inget dina hate...Urang teh urang Indonesia...dimana wae baraya ayana

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Isuk tanggal 17 Agustus 2004, poe milangkala kamardikaan ieu nagara,
teu karasa geus lima puluh salapan taun Indonesia mardika........:
 
Kuhayang ngagorowok : "Merdeka....!!"
Tapi teu wasa.... 
asa kurang tanaga
lungse kurang sumanget
ari ras............
kuloba dulur...
anu can nguyup madu
kamardikaan.........
ku loba baraya can ngasaan
ni'matna kueh mardika....
naha rek iraha..  
mardika bakal walatra...???
karasa ku rahayat hina
kapetik ku ra'yat leutik
teuing atuh .....
kuma ceuk isuk................
anggur hayu urang maju..
sabisana......
sakawasana......
 
Tungtung wetan daratan Asia
16 Agustus 2004
 
SSW
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke