Ieu mah rada khusus email teh, utamana mah keur urang sunda nu araya di korea ayeuna ( nu cenahmah jumlahna teh ngarewu ).
Kabeneran pisan kuring macul teh di perusahaan korea nu aya di Indonesia. Geus ampir opat taun ieu teh, dikeureuyeuh lalaunan sanajan ampir unggal poe dicarekan ku dunungan.
Lain rek " cari muka " ieu mah , ngan hayang apal  pisan pisan, siga kumaha ari kabiasaan urang korea sapopoena nu sabenerna, da didieumah maranehna unggal poe ngan ambek jeung ambek , popolotot bari sesentak jeung tara pisan hayang eleh ( sanajan salah ) .
Hiji deui, maranehna oge heunteu konsisten dina hiji komitmen, lunca-linci luncat mulang pokonamah, teu puguh cekeleunana.
Anu parah pisan, sihoreng maranehna teh teu pinter-pinter teuing geuning, tapi ari ngomong sok siga nu pangpinterna.
Tah baraya...ari nu sabenerna kumaha budaya korea teh, jeung aya teu jimat keur ngungkulan maranehna didieu.
sakitu heula bisi panjang teuing, hatur nuhun kana perhatosanana


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke