Abdi oge didamel di pausahaan kagungan urang taiwan, eta kalakuan urang
taiwan sami wae sareng urang korea nu aya di Kang Danny, mung upami
ditengetan sanes salah-salah teuing aranjeuna kumargi aranjeuna gaduh emutan
yen "sagala rupi masalah di urang tiasa beres dengan uang", contona lain
saeutik aparat nu euweuh kaera menta duit (nodong bari maksa, sogok) nu
alesanana teu puguh ti jajaran depnaker, imigrasi, geus puguh urang pajak
mah. Pernah dina hiji waktos aya urang imigrasi maksa menta duit ka urang
taiwan ngan barang dibere rupiah teh embungeun hayangna dibere dolar, urang
pajak mah leuwih gelo deui mun cenah aya urusan ka kantor pajak maranehna
(urang pajak) menta duit kalayan teu boga kaera nepi ka menta duit ratusan
juta bari ngancam tungtungtungna nu rugi mah karyawan saban boga masalah nu
diadukeun ngenaan tindak tanduk   pausahaan biasana nu sok dimeunangkeun ku
pausahaan kumargi uang sogok tea. Tah kidulur sadaya kumaha ngenaan ieu ?,
sugan Kang Hendri atanapi Teh Ani nu gaduh pangalaman dina HRD gaduh resep
jetu ?
----- Original Message -----
From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, August 16, 2004 2:37 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Korea di Indonesia ( Keur baraya nu aya di
Korea )



Kang Dhanny,
Karunya-karunya teuing atuh, dicarek ku dunungan unggal poe nepi ka
betah opat-opat taun paratna ?
Manawi tos kandel atuh eta daun cepil teh upami kitu mah.
Wayahna wae lah, da ari perjuangan mah kudu kitu,
tandaning urang can merdeka.
Mun urang geus merdeka mah yeuh, pan urang anu sentak sengor ka
manehna, sanes kitu ?

Opat tahun nya ? hi..hi..
Komo abdi mah tos salapan taun kenging Seki sareng Sipal teh ..
Sanasib lah ...

Merdeka ...!


-Ndoell-





Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ieu mah rada khusus email teh, utamana mah keur urang sunda nu
araya di korea ayeuna ( nu cenahmah jumlahna teh ngarewu ).
> Kabeneran pisan kuring macul teh di perusahaan korea nu aya di
Indonesia. Geus ampir opat taun ieu teh, dikeureuyeuh lalaunan
sanajan ampir unggal poe dicarekan ku dunungan.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links










------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke