Cep Dhany !!!, sifatna uang Korea nyarekan sareng nyarios biasa dipadamelan mah ampir sami kitu, kasar sareng teugeug, janten eta mah biasa.
Mung bae upami hoyong nalukeun urang Korea, urang kedah nunjukkeun yen urang leuwih timanehna : leuwih bisa, leuwih ngawasa kana garapan.
Tong boroning ngawula ka urang Korea, dalah urang Korea anu kumawula kaurang oge, kitu kadunungan, upami henteu tiasa ngunggulan kanyaho manehna dina hiji widang, ihhh keukeuh sureukeuh wae ngabedegong.
Katarug katutuh, urang Korea oge seueur anu tarerangeun yeng nagara urang aya sahandapeun Korea (dina widang ekonomi, pangwangunanan jst.).
Contona : Sateuacan taun 1986, waktos harita ngarebu tanaga kerja Korea anu ngadon kuli ka Indonesia dina proyek : Jagorawi, Trans Sumatra, Soroako, Semen Cibinong sareng seueur deui, urang Korea masih ngeluk ka urang Indonesia.
Conto sanesna : Masih dina mangsa harita, upami aya tamu/gegeden ti Indonesia pangkat Dirjen hiji Departemen, natamu ka Korea, pasti dipasihan pulisi pangawal (forrider), ti airport dugi ka hotel, tapi ayeuna kumaha....???, Mentri ti Indonesia sumping ka Korea teu aya pulisi anu ngawal....!!!, sanaos sanes 100% kualatan diluhur, margi kabeh dieunakeun mah saparantos Presiden Kim Yong Sam aya program efisiensi ti pamarentah Korea.
Tah sakitu bae nya bilih panjang teuing, sok bae sing soson-soson, asal teu aya/tara ngarogahala/nyiksa mah, tah upami kajadian nyiksa/ngarogahala, nembe laporkeun ka :
Syarikat Buruh atanapi ka KBRI.
Deur ahhhh....., Sunda tandang makalangan dina widang naon bae......
Pihatur
SSW
Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah rada khusus email teh, utamana mah keur urang sunda nu araya di korea ayeuna ( nu cenahmah jumlahna teh ngarewu ).
Kabeneran pisan kuring macul teh di perusahaan korea nu aya di Indonesia. Geus ampir opat taun ieu teh, dikeureuyeuh lalaunan sanajan ampir unggal poe dicarekan ku dunungan.
Lain rek " cari muka " ieu mah , ngan hayang apal pisan pisan, siga kumaha ari kabiasaan urang korea sapopoena nu sabenerna, da didieumah maranehna unggal poe ngan ambek jeung ambek , popolotot bari sesentak jeung tara pisan hayang eleh ( sanajan salah ) .
Hiji deui, maranehna oge heunteu konsisten dina hiji komitmen, lunca-linci luncat mulang pokonamah, teu puguh cekeleunana.
Anu parah pisan, sihoreng maranehna teh teu pinter-pinter teuing geuning, tapi ari ngomong sok siga nu pangpinterna.
Tah baraya...ari nu sabenerna kumaha budaya korea teh, jeung aya teu jimat keur ngungkulan maranehna didieu.
sakitu heula bisi panjang teuing, hatur nuhun kana perhatosanana
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

