Nepangkeun oge mang Jojo. Sim kuring mah rada ngaler
sakedik di Cinyasag-Panawangan. Mung ti mimiti lahir,
sakola, damel, dugikeun ka ayeuna linggih di Jakarta.
Kapungkur, ti taun 92 dugikeun ka taun 97 kantos oge
sim kuring nyobian janten pagawe nagreg DepKeu di
Gedung Dwiwarna jalan Diponegoro Bandung, tatanggi
pisan kantorna teh sareng kantor mang Oman panginten. 
 
Numawi sim kuring seueur pisan kahoyong panginten,
ngawitan ti taun 97 sim kuring ngalih ka swasta janten
buruh pabrik di Bekasi, dugikeun ka ayeuna. Betah
sigana mah kuring jadi buruh pabrik ngawulaan urang
jepang. Sok sanaos tebih ti lembur jeung pakepuk kana
sagala urusaneun, insyaalloh  kuring maksakeun dua
sasiheun sakali mulang ka Panawangan, kumargi pun
Bapa+Ibu sa-atos pangsiun ti taun 2000 teh ayeuna
linggih diditu. Ke sanes waktos, sim kuring insyaalloh
sindang ka Ciomas nyumpingan Emang diditu. 

Mangga ah di lajeungkeun deui....

Wassalam,
Akos



--- Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng tepang kang Akos.
> Emang oge seuweu siwi Ciomas Panjalu.
> Sababaraha posting ngeunaan Panjalu, utamina ti 
> kang 
>  Oman (manAR) sae pisan, da anjeuna oge terah 
> Kawali-Panjalu.
> Mangga lajengkeun.
> MangJojo
> 
> On Tue, 31 Aug 2004 18:18:11 -0700 (PDT)
>   akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Leres teh Netty, Situ Lengkong teh anu aya di
> Panjalu
> > tea. Di tengah situ teh aya pulo alit, namina Nusa
> > Larang, anu aya makam keluarga Prabu Borosngora,
> > karuhun urang Galuh saurna mah. Panginten sami
> karuhun
> > urang oge Teh.  
> > Manawi teh Netty, tatar galuh na palih mana teh?
> > 
> > wassalam,
> > Akos


                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke