Haturan mang Jojo..!!   damang......?
Nuju pancakakinya........mangga wilujeng maluruh..........ngiring bingah.....

Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ke ke ke...... geuning oleteh ti Panawangan. Boa-boa
sabondoroyot urang teh. Pun Nini ti jihat pun bapa kawitna
teh ti Cinyasag Panawangan, dupi  Pun Aki ti Ciomas
Panjalu . Mung pareumeun obor emang teh.

Upami ka ti Panawangan ka Panjalukeun ngalangkung lembur
kang Oman (Lumbung Kawali) teras majeng keneh kakulonkeun
4 km deui, di hiji pengkolan aya rorompok awon 3 km
sateuacana Panjalu payuneun makam ageung geledegan Ciomas.
Namung emang ayeuna di Bandung. Alamat lengkep tiasa
diaos dina dbase Kusnet. Bade iraha atuh nganjang ?


Kampung Cirikip Cinyasag Panawangan gaduh carios sajarah
ngeunaan panji Siliwangi. Salasawios titimangsa
(pangemut-emut) eta sajarah, nyaeta dimuseum Satria
Mandala  Jl.Lembong Bandung aya tangkal kalapa ki Sanahwi
anu gaduh lalakon sual panji siliwangi tea.

Cobi guar atuh ku alo sareng kang manAR (kang Oman).

Hatur nuhun. binarung salam ka sadaya wargi Kusnet.
MangJojo




On Wed, 1 Sep 2004 00:41:10 -0700 (PDT)
  akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nepangkeun oge mang Jojo. Sim kuring mah rada ngaler
> sakedik di Cinyasag-Panawangan. Mung ti mimiti lahir,
> sakola, damel, dugikeun ka ayeuna linggih di Jakarta.
> Kapungkur, ti taun 92 dugikeun ka taun 97 kantos oge
> sim kuring nyobian janten pagawe nagreg DepKeu di
> Gedung Dwiwarna jalan Diponegoro Bandung, tatanggi
> pisan kantorna teh sareng kantor mang Oman panginten.
>
> Numawi sim kuring seueur pisan kahoyong panginten,
> ngawitan ti taun 97 sim kuring ngalih ka swasta janten
> buruh pabrik di Bekasi, dugikeun ka ayeuna. Betah
> sigana mah kuring jadi buruh pabrik ngawulaan urang
> jepang. Sok sanaos tebih ti lembur jeung pakepuk kana
> sagala urusaneun, insyaalloh  kuring maksakeun dua
> sasiheun sakali mulang ka Panawangan, kumargi pun
> Bapa+Ibu sa-atos pangsiun ti taun 2000 teh ayeuna
> linggih diditu. Ke sanes waktos, sim kuring insyaalloh
> sindang ka Ciomas nyumpingan Emang diditu.
>
> Mangga ah di lajeungkeun deui....
>
> Wassalam,
> Akos
>
>
>
> --- Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>> Wilujeng tepang kang Akos.
>> Emang oge seuweu siwi Ciomas Panjalu.
>> Sababaraha posting ngeunaan Panjalu, utamina ti
>> kang
>>  Oman (manAR) sae pisan, da anjeuna oge terah
>> Kawali-Panjalu.
>> Mangga lajengkeun.
>> MangJojo
>>
>> On Tue, 31 Aug 2004 18:18:11 -0700 (PDT)
>>   akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> > Leres teh Netty, Situ Lengkong teh anu aya di
>> Panjalu
>> > tea. Di tengah situ teh aya pulo alit, namina Nusa
>> > Larang, anu aya makam keluarga Prabu Borosngora,
>> > karuhun urang Galuh saurna mah. Panginten sami
>> karuhun
>> > urang oge Teh. 
>> > Manawi teh Netty, tatar galuh na palih mana teh?
>> >
>> > wassalam,
>> > Akos
>
>
>            
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
>
>
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke