Haturnuhun kang oma.kana impona.
abdimah teu terang pisan eta sajarah teh.
caroge sok naroskeun sejarahna karang kamulian sareng
eta situ,dan anjeun akantos ka makam anu di tengah
Situ.
wah abdimah betah pisan di eta tempat,da meuni raos
pisan udarana.duka iraha deui bakal ka dinya.
ari kang oma kawitna ti kawali?atanapi panumbangan?
da abdi oge turunan galuh ,wargi ti nini aya anu di
cihaurbeuti,aya anu di panumbangan,ari ka lembur seur
dulur,ngan teu terang pancakakina.
sakali dfeui haturnun.eta impi anu kacida ageung
hargina,bakap pelajaran ,terutami kanggo abdi ,ngarah
tiasa masihan terang ka pun anak anu aya turunan
galuhna.


baktos
Nyi iteung.
 

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


---------------------------------

Teh Nety, oge nu sanesna...,

Situ Panjalu atanapi Situ Lengkong, Panjalu,
ngarupakeun salah 
sahiji situ di wewengkon Cimais kaler, pernahna di
Kacamatan 
Panjalu, kurang leuwih 2 km ti ibu kota kacamatan
Panjalu. Leres 
rupina, situ anu kantos disumpingan ku Teh Nety teh
Situ Panjalu, 
komo upama anjog ka dinya teh nalika Teh Nety
ngajugjug Banjar ti 
Bandung (ngalangkungan Panumbangan atanapi Suryalaya).

Kaleresan, banjarkarang pamidangan si kuring teh
heunteu tebih ti 
eta situ, kurang leuwih 7 km wetaneunna. Upama ti
Panjalu ka Banjar 
ngalangkungan Kawali mah kalangkungan pisan. Anu
sanesna, ua Jojo. 
Anjeunna kawit ti wewengkon anu langkung caket ka Situ
Lengkong. Ti 
payun kungsi umajak ka warga milist Kusnet, pikeun
wisata budaya ka 
eta patempatan. Teu acan kalaksanakeun sangkilang
dibibitaan ku 
nguseup di balong pipir imah sorangan oge ...hehehe,
saribuk rupina.

Situ Lengkong lumayan lega, eta bae di tengahna teh
aya pulo buleud 
anu katelah Nusa Pakel atawa Nusa Larang tea, legana
kirang langkung 
5 km2. Jarak ti sisi situ ka pulo rata-rata aya kana
300 meteran. 
Pulo teh masih negmploh hejo ku tutuwuhan leuweung anu
masih asli. 
Aya panalungtikan ti ITB yen di eta pulo masih
kapendak  
tutuwuhan "endemis" (tutuwuhan "khas" atawa anu
kapendak ukur di eta 
patempatan/satempat). Di lawang gapura asup ka pulo
Nusa Larang 
ayang patung naga sajodo. 

Nya ieu cenah anu disebut sajodo Nogososro teh. Upama
nitenan 
sajarah, nami-nami anu nganggo "naga" teh ngawitan ti
Naganingrum, 
ibuna Ciungwanara tea (abad 7 M). Teras sajodo keris
pusaka Prabu 
Linggabuana anu perlaya di Bubat tea oge  dinamian
Nogososro. Upama 
dina keris eta gambar naga teh dua dimensi sapanjang
keris, di 
gerbang ka pulo Nusa Pakel mah 3 dimensi.
Kapalihdieunakakeun, ti 
antara turunan luluhur Panjalu, aya anu namina
Nagaruncing (Kang 
Dudi malih kantos ngainformasikeun ayana keris
Nagaruncing).

Situ Lengkong pakait sareng sajarah karajaan Galuh,
katoongna Galuh 
periode awal. Di lebet pulo leres aya patilasa atawa
makom 
sababaraha tokoh karajaan Sunda, diantaran Sanghiyang
Prabu Boros 
Ngora (putrana Prabu Cakradewa, luluhur Panjalu) oge
makomna, ceuk 
sakaol, Prabu Sanghiyang Wastukancana (raja Sunda di
Kawali).

Situ Lengkong oge pakait sareng carita rakyat ngeunaan
Prabu 
Borosngora anu ngarupikeun turunan raja anu kalebet
ngawitan 
nyebarkeun agama Islam di Tatar Sunda, khususna
Priangan Wetan. 
Prabu Borongora teh putrana Sanghiyang Cakradewa, hiji
raja anu 
kawentar kasaktianna jeung tatapana. Sok sanajan teu
acan ngagem 
agama Islam, ieu Sang Cakradewa teh kalebet monthies. 

Saur Kuncen Cipanjalu, "Cakradewa" asal kecapna tina
"cakra" (X) anu 
hartosna heunteu mikawanoh atawa heunteu ngagem
kapercantenan 
ka "dewa" atawa berhala-berhala. Kumargi kitu, ieu
sang Cakradewa 
teh miwarangan putrana, Prabu Borosngora tea milarian
agama anu 
leres jalaran parantos aya ilham ka anjeunna yen dina
mangsa harita 
di wewengkon sejen tos aya anu nyebarkeun agama anu
leres (nyatana 
Islam di tanah Suci Mekkah tea). Makom Prabu Cakradewa
aya di 
Cipanjalu, kalebet desa Bahara, kirang langkung 10 km
ti Panjalu ka 
wetan. Nya ti Cipanjalu ieu asal muasal cai Situ
Lengkong, ceuk 
sakaol.

Kajadian situ (sasakala) numutkeun eta carita, nyaeta
tina cai anu 
dicandak nganggo sisiuk molongo atawa siwur karancang
(nanging tetep 
tiasa diannggo nyandak cai) anu dicicikeun ka eta
patempatan tuluy 
bleg jadi situ. Anapon eta katiasa teh ngarupikeun
syarat ti ramana 
salaku tawis Prabu Borosngora parantos hasil mendakan
guru sareng 
nyangking elmu kasalametan. Siwur dialungkeun ragrag
di Cipanjalu 
jadi hulu cai anu ngaburial tarik pisan (debit
langkung ti 10 
liter/detik), caina herang tur nyegerkeun awak),
sanaja aya di luhur 
gunung (kl 900 m te beungeut cai laut), anu jadi
sungapan cai ieu 
situ.

Carita rakyat kalan-kalan teu bisa ditarima ku akal
pipikiran urang 
umumna. Heunteu ngabibisani da mindeng dina carita
rakyat teh aya 
simbol atawa aya anu ditutupan, pesekaneun. Pikeun
ngamaknaan eta 
carita rakyat, mangga uningaan bae salah sawios
seratan anu kantos 
mucunghul di milist dina alamat ieu:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/8652


Cag.

Baktosna,
manAR  


--- In [EMAIL PROTECTED], akos kosasih
<[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Leres teh Netty, Situ Lengkong teh anu aya di
Panjalu
> tea. Di tengah situ teh aya pulo alit, namina Nusa
> Larang, anu aya makam keluarga Prabu Borosngora,
> karuhun urang Galuh saurna mah. Panginten sami
karuhun
> urang oge Teh.  
> Manawi teh Netty, tatar galuh na palih mana teh?
> 
> wassalam,
> Akos
> 
> 
> --- Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Nuhun ah kang Jalak.
> > eta sawah sareng situ meuni endah kacida ,waas.
> > ari situ lengkongteh sanes anu di panjalu.
> > abdi kantos kasitu anu di panjalu,ngan duka situ
> > naon
> > namina.
> > 
> > nety
> > Turunan Galuh ,waas hoyong mulang .
> 
> 
> 
> 
> 
>             
> _______________________________
> Do you Yahoo!?
> Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter
now.
> http://promotions.yahoo.com/goldrush



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor  ADVERTISEMENT
 

---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
 
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
 
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
Terms of Service.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke