|
kutan kang cecep teh kantos di batam oge nya...
taun sabaraha didieuna kang...??
ah abdi heula nu ngawalerna da ngaraos janten urang
batam.. hehehe..
Alhamdulillah ayeuna mah perang antar suku teh tos
tara aya, da saurna masing2 kepala suku tos punya komitmen,
palay ngajantenkeun Batam anu aman, anu tiasa narik
investor saseueur2na,
Ruli (rumah liar) oge masih seueur, tapi ayeuna mah
rada diatur sering aya penggusuran,
aya nu dialihkeun ka piayu atanapi ka tj. uncang,
tapi tetep wae "tuan tanah" anu modalna tali sareng patok mah masih keneh
seueur,
Pasar Jodoh ayeuna tos teu menarik deui siga
kapungkur, salian ti kirang kaamanana oge da ayeuna mah tos seueur Mall-mall anu
hargina langkung marirah,
sabangsaning Matahari di batamcenter sareng Lucky
Plaza Nagoya, Ramayana sareng Robinson di jodoh, Panbil Mall di mukakuning,
Pasar Aviari di batu aji ssjb,
kamari oge nembe dibuka mall anu pangageungna di
batam namina DC Mall, lokasina di jodoh caket sareng Hotel Novotel,
saurna hargana sami sareng harga pasar pagi
langkung marirah,
Mangga atuh kang cecep iraha ka batam deui, urang
kukurilingan di batam geura, ayeuna mah batam tos sanes siga kapungkur deui,
malahan mah tos gaduh stadion, namina Stadion Temenggung Abdul Jamal di muka
kuning,
sigana kang cecep pami ka batam bakal olohok ningal
pangwangunan di batam...
tapi nu teu aya pangwangunan mah sigana mung di
LOBAM tempatna kang ule, da asana teh tikapungkur taun 97-an dugi ka ayeuna taun
2004, kitu2 keneh teu aya parobihan...
matakna nu ngumbara di LOBAM mah karuuleun siga
kang ule hehehe...
Panzi
*Urangsunda nu nyasar di batam ti taun '94, hiks..
hiks.. hiks..
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] wargi enggal Lina Wiati
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal joko tingkir
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal Denny Sugandy
- [Urang Sunda] Re: wargi enggal Puspita Widyamulya
- [Urang Sunda] Re: wargi enggal kumincir
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal Edi Supriyadi
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal cecep
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal------kang cecep... Kenzi
- Re: [Urang Sunda] wargi enggal------kang c... Denny Sugandy
- [Urang Sunda] Batam Kenzi
- Re: [Urang Sunda] Batam Denny Sugandy

