Simkuring oge kantos di Batam mung 6 sasih kapungkur
waktos taun 90 an, linggih teh di Nagoya persis
pagigir-gigir sareng Hotel Nagoya, ngan nyeta
kapungkur mah nuju rame-ramena perang urang Flores
sareng Padang tea. Damel teh ngan kukurilingan weh
kapungkur waktos di Batam mah da eta gening
angkutanana ngan ukur TAXI weh hungkul harita mah ojeg
oge masih can seu'eur sareng tukang ojeg teh di
dominasi kuurang Subang heuheu, da sadinten oge ka
ider nya...ti ngawitan Mukekuning, dugi ka tungtungna
Batu Merah, Nongsa, Batu ampar jsb. kadang simkuring
ge sok sono ka batam teh, teh obeng, es kosong aya
keneh hihihihhihi
--- Kenzi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kutan kang cecep teh kantos di batam oge nya... taun
> sabaraha didieuna kang...??
> ah abdi heula nu ngawalerna da ngaraos janten urang
> batam.. hehehe..
> Alhamdulillah ayeuna mah perang antar suku teh tos
> tara aya, da saurna masing2 kepala suku tos punya
> komitmen,
> palay ngajantenkeun Batam anu aman, anu tiasa narik
> investor saseueur2na,
> Ruli (rumah liar) oge masih seueur, tapi ayeuna mah
> rada diatur sering aya penggusuran,
> aya nu dialihkeun ka piayu atanapi ka tj. uncang,
> tapi tetep wae "tuan tanah" anu modalna tali sareng
> patok mah masih keneh seueur,
> Pasar Jodoh ayeuna tos teu menarik deui siga
> kapungkur, salian ti kirang kaamanana oge da ayeuna
> mah tos seueur Mall-mall anu hargina langkung
> marirah,
> sabangsaning Matahari di batamcenter sareng Lucky
> Plaza Nagoya, Ramayana sareng Robinson di jodoh,
> Panbil Mall di mukakuning, Pasar Aviari di batu aji
> ssjb,
> kamari oge nembe dibuka mall anu pangageungna di
> batam namina DC Mall, lokasina di jodoh caket sareng
> Hotel Novotel,
> saurna hargana sami sareng harga pasar pagi langkung
> marirah,
> Mangga atuh kang cecep iraha ka batam deui, urang
> kukurilingan di batam geura, ayeuna mah batam tos
> sanes siga kapungkur deui, malahan mah tos gaduh
> stadion, namina Stadion Temenggung Abdul Jamal di
> muka kuning,
> sigana kang cecep pami ka batam bakal olohok ningal
> pangwangunan di batam...
>
> tapi nu teu aya pangwangunan mah sigana mung di
> LOBAM tempatna kang ule, da asana teh tikapungkur
> taun 97-an dugi ka ayeuna taun 2004, kitu2 keneh teu
> aya parobihan...
> matakna nu ngumbara di LOBAM mah karuuleun siga kang
> ule hehehe...
>
> Panzi
> *Urangsunda nu nyasar di batam ti taun '94, hiks..
> hiks.. hiks..
> ----- Original Message -----
> From: cecep
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Wednesday, September 15, 2004 10:41 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] wargi enggal
>
>
> Haturan wilujeng linggih rayi ( rayi we nya da
> yaktos sahandapeun )
> Tos sabaraha lami linggih di Batam, sareng dimana
> di Batamna ? Akang ge kantos di batam kenging opat
> taunan. Tah ayeuna kumaha kaayaan di Batam, Rulina
> aya keneh. pasea antara suku masih aya henteu.
> Gingiapeun lah ari ras emut aya nu pasea antawis
> Batak sareng Plores kapungkur. Tapi anu pang mirahna
> mah tetep Jodoh sanes ? da ti BIP ka dinya teh mung
> 2 rebuan kan ???? Cag heula
>
>
> cecep
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/