euleuh.... kang denny oge kantos di batam nya...??
taun 90 mah masih seueur keneh leuweung atuh nya,
bandarana oge masih bandara darurat, atanapi teu acan aya kitu...???
Ayeuna pami bade ngurilingan batam, pami teu ngalangkungan "Jembatan Barelang", kirang afdol,
tos terang panginten nya ayana jembatan barelang teh..?? Jambatan anu ngahubungkeun 6 pulau,
Teh Obeng mah tetep atuh kang minuman favorit abdi,
janten emut kamari basa di bdg, pun bojo mah da biasa sok nawiskeun teh obeng ka abdi,
tah kamari basa di bdg nawiskeun teh obeng ka abdi, kadangueun ku pun biang...
naon cenah teh obeng teh... maenya teh make aobeng kitu...?? hehehe...
nya ku abdi diterangkeun, teh obeng teh citeh manis nganggo es, pami TO citeh haneut nganggo gula...
 
Mangga kang denny... diantos ka batam deui, urang ngurilingan batam lahhhh... rame geura ayeuna mah,
 
Panzi
*Ku abdi di attach gbr jambatan barelang....
----- Original Message -----
Sent: Thursday, September 16, 2004 8:02 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] wargi enggal------kang cecep..

Simkuring oge kantos di Batam mung 6 sasih kapungkur
waktos taun 90 an, linggih teh di Nagoya persis
pagigir-gigir sareng Hotel Nagoya, ngan nyeta
kapungkur mah nuju rame-ramena perang urang Flores
sareng Padang tea. Damel teh ngan kukurilingan weh
kapungkur waktos di Batam mah da eta gening
angkutanana ngan ukur TAXI weh hungkul harita mah ojeg
oge masih can seu'eur sareng tukang ojeg teh di
dominasi kuurang Subang heuheu, da sadinten oge ka
ider nya...ti ngawitan Mukekuning, dugi ka tungtungna
Batu Merah, Nongsa, Batu ampar jsb. kadang simkuring
ge sok sono ka batam teh, teh obeng, es kosong aya
keneh hihihihhihi


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

<<attachment: Barelang.jpg>>

Kirim email ke