Alaikum salam,- punten yeuh kuring sanes ahli dina eta bidang, tapi hoyong ngiring ngadugikeun pamadegan dina eta hal; nyaeta dumasar kana logika hungkul. Ci dina awal tempat jigahna didasarkeun kana "sumber cai" di eta tempat. Sapertos Ciparay tadi, jigahna sumber cai di ciparay kaluar ti lebah anu aya tangkal kiparay, Tapi aya oge anu dumasar kana rupana cai di hiji tempat, sapertos Cibeureum, rupi cai teu bereum tapi tilas eta cai dina sumberna janten beuruem sapertos "taipeureu" kitu deui Cihideung jjrd.
Kitu tah logikana, pastina mah sae oge ditalungtik supados hipotesina tiasa kawaler, wilujeng mancen.wasalam 

Jalaksana Kertapati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamu'alaikum.

Ieu mah ngan ukur patarosan sim kuring kana diri nyalira, mugia tiasa aya nu ngawartosan ti kidulur anu sanesna. Duka teuing ieu hal teh parantos dibahas di lembur atanapi teu acan.

Naha leres ari ngaran pilemburan di tatar sunda teh seuseueurna tina tanagkalan, sasatoan atanapi tina ngaran kawit walungan. Ieu patarosan ujug-ujug aya dina emutan basa kuring penelitian di TN. Gunung Gede Pangrango. Di dinya sim kuring teh manggihan mangrupa-rupa tatangkalan anu asa kenal. Ari dipikir-pikir teh hal eta teh mangrupa ngaran hiji pilemburan. Contona, Kiparay, pan di Bandung aya ngaran Ciparay, jrrd. Ti dinya sim kuring ngaluarkeun hiji "hipotesis" meureun ari ngaran 'kerenna' mah yen baheula kolot-kolot urang teh ngaranan hiji lembur teh saluyu jeung karakteristik eta lembur. contona, baheula di ciparay teh loba tangkal kiparay......nya meureun kieu ari kolot urang ngomongna teh. Dimana si Anu teh, atawa di beulah mana neundeun anu teh........Jawababna tah eta anu beulah loba tangkal kiparay. Nya mashur eta tempat teh di ngaranan Ciparay. Kitu atanapi sanes nya.

Tah kumaha kana hal eta teh baraya?

Aya teu buku atanapi literatur sanes anu tiasa dinjantenkeun bahan rujukan. Sim kuring ngaraos panasaran pisan kana hal eta teh.


Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke