Sakaemut abdi ge teu aya Kang. Sareng na deui asa teu cocog kana lelembutan
Urang Sunda ngingu anjing. Minangka catetan : Urang Sunda nu digambarkeun
dina buku TP sapertos kahirupan Aman sadudulur estuning saujratna kahirupan
urang Sunda pasisian alias somahan kalayan kasang tukang masarakat tatanen
(agraris). Sok sanajan kulawarga Aman teh dianggap pangjegudna sakampung
eta, da bapana Aman jeneng mantri pasar, asa munasabah eta kulawarga
ngagaduhan inguan nu rada "teu parok" sareng kabiasaan masarakat, sok komo
dingaranan si Molly.
Dina buku TP jilid 3 dugi ka 5 aya sababaraha sub jejer nu ngagambarkeun
masarakat agraris, nyaeta (upami teu lepat) : "Megarkeun hayam", "Nyieun
pagupon (kandang japati)", "Ngabedahkeun", "Panen suuk", jst. Karasa waasna
maca eta jejer teh ku sabab dunya Taman Pamekar teh estuning dunya sim
kuring nuju budak.
Mung jalaran jaman tos robah, budaya agraris tos robih janten budaya
industri, rupina buku-buku sapertos TP peryogi diropea deui. Utamina mah
disaluyukeun sareng kaayaan masarakat urang Sunda ayeuna. Teu pamohalan
upami dina buku TP wedalan ayeuna  jejer "Aman ngabedahkeun balong" teh
digentos ku "Aman (budakna Aman meureun ayeuna mah) nyieun Website
Cicalengka" atanapi "Isah miluan mailing list", jst.

tansah,
zam

----- Original Message -----
From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, December 07, 2004 4:41 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Nelengnengkung


>
>
> Ke, asana dina "Taman Pamekar" mah teu aya jejer carita anu
> nyaritakeun, punten, anjing bogana Aman anu ngaranan si molly, duka
> tah bisi kuring poho deui. Manawi kang Zam emut keneh?. Ngan anu
> tetela, sadaya eusi buku "Taman Pamekar" anu-mun teu poho mah-aya
> kana 6 seri-na, pinuh ku pedaran ngeunaan kaayaan lingkungan.
> Khususna, lingkungan di Cicalengka jeung sabudeureunana. Kalan-
> kalan, kaayaan kota Bandung jeung Jakarta waktu harita ditaatan
> meneran lebah kulawarga Aman nganjang ka Bandung atawa ka Jakarta
> (upamana bae lebah nyaba ka kebon binatang atawa nyaba ka uana di
> jakarta).
>
> Leres, buku-buku sarupa "Taman Pamekar" geus hasil, di sagigireun
> nuwuhkeun kaparigelan migunakeun basa Sunda merenah sapopoe, oge
> kacinta jeung kanyaah ka lemah cai, bali geusan ngajadi, lebur matuh
> banjar karang pamidangan. Buktina, keur sabagean gede-upama heunteu
> sadayana oge-anu kungsi nyoo eta buku baheula, tangtuna matak
> nineung ka alam harita, sakumaha kailhaman ku anu dicaritakeun dina
> eta buku, tepi ka ayeuna.
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke