Assalamualaikum
 
Kumaha daramang Ki Sunda sadayana
hatur nuhun upami damang mah eta anu dipiharep kuurang sadaya,
oge salam keur sakabeh dulur urang anu kamusibatan hususna di Aceh umumna disakuliah dunya (ilok ngartieun basa sunda nya?) sok sanajan lain urang sunda tapi da masih keneh dulur ari di runut nepi ka Adam alaihissalam mah. kuring jeung tangtuna kisunda sakabeh ngarasa prihatin kuningali kanyataan model kieu teh, mudah-mudahan weh dulur-dulur urang anu keur kamusibatan dibere kasabaran dina ngayonan kasusahna eta. amin!
Ki Sunda sakabeh !
kuring ngarasa bagja bisa patepung lawung paamprok jonghok eujeung papada urang sunda ngaliwatan internet, puguh ge ieu teh kuring ngabogaan mangrupa-rupa karudet anu nyangkaruk dina pikiran kuring ngeunaan kumaha kahareupna nasib Sunda, Tatar Sunda, Urang Sunda, Budaya Sunda, Basa Sunda jeung Sunda-Sunda sejenna deui, meureun Ki Sunda boga bongbolongan atawa tambana keur kuring?
anu jadi pasualan utama keur kuring teh ngeunaan basa Sunda,
basa keur budak mah kuring nganggap basa Sunda anu bener teh tur asli nyaeta basa urang Bandung, Tasik atawa Cianjur anu kawentar basana lemes tur ngagunakeun undak usuk basa tapi saenggeus kuring rada gede tur rada mineng maca ngeunaan sajarah kasundaan geuningan basa-basa anu bieu disebut diluhur teh leuwih loba ninggalkeun adat kabiasaan cumarita urang sunda da sabab samodel basa lemes teh cenah pangaruh tina basa jawa kromo, lamun kitu kaayaannana kunaon urang Sunda teu ninggalkeun basa lemes wae, geus we cumarita make basa loma da rarasaan mah leuwih ngeunah ngomong make basa loma tibatan basa lemes (sunda kromo meureun).
Saenggeus kukuring ditalungtik saeutik geuning bener basa Sunda lemes teh leuwih loba ngagunakeun basa anu asalna ti basa Jawa Kromo
Saperti :  basa Jawa                              basa Sunda
                bade              kuduna              arek
                wangsul          kuduna              balik
                wilujeng          kuduna              salamet (kuring ge teu apal naon ari basa
                                                              asli Sundana salamet)
                enjing             kuduna              isuk
                sonten            kuduna              sore atawa burit
                siang              kuduna              beurang
                wengi              kuduna              peuting
                bojo               kuduna               pamajikan
                garwa             kuduna               pamajikan
                rencang          kuduna               batur
                sanes             kuduna               lain
                ngantos          kuduna               nungguan, ngadagoan
                sing atos-atos kuduna               kudu ati - ati
                cobi               kuduna               coba
                kedah            kuduna                kudu weh atuh
                lami               kuduna                lila
                sesah            kuduna                hese
                girimis           kuduna                miripis
                langkung       kuduna                 leuwih
                cacah            kuduna                somah (meureun)
                sae                kuduna                alus
                apik               kuduna                hade
                kersa             kuduna                daek
                abot               kuduna                beurat
                alit                kuduna                  leutik
                ageng/ageung kuduna                gede/badag
                sakedik         kuduna                 saeutik
                kantun           kuduna                 ninggal
                sanaos           kuduna                 sanajan
                isin/lingsem    kuduna                 era
                wani/wantun    kuduna                 ludeung
                alas               kuduna                 leuweung jrrd
malah sakapeung mah kuring ngarasa era lamun ningali kabudayaan Sunda geuning anu salila ieu dianggap budaya Sunda teh singhoreng lain, saperti mun dina wayang golek sok aya pambukaannana biasana teu make basa Sunda tapi make basa jawa kromo inggil (pedhalangan), lamun aya anu kawinan biasana sok meupeuskeun endog ieu ge asalna ti Solo, tuluy deui cacarakan ieu anu pieraeun pisan mah, terus bendo, kalender, keris, kakawihan dina Cianjuran osok make basa Jawa (naha hese ngawih make basa Sunda), saperti guru lagu salendro, kinanti, sinom, dangdanggula ieu sakabeh kiriman ti beh wetan jadi naon atuh anu nyesa ti Sunda teh lamun kitu mah.
Ceuk pamanggih kuring mah anu disebut kabudayaan, basa jeung etika Sunda teh keur jaman kiwari mah geus bisa disebut leungit, naon da cumarita, ngawayang, kawin, papakean ngawih sakabehna geus Jawa abis bis bisss!!! jadi naon atuh anu nyesa ti Sunda? naon atuh anu diagung-agungkeun ku urang Sunda teh? mana atuh budayana jeung basana? jadi anu salila ieu kuurang mumule teh geuning bogana deungeun hiks..hiks..hiks....
Sunda geus burakrakan ti beh kulon jeung ti beh wetanna. tulung dulur salembur baraya sakota pang nuduhkeun kuring mana sih anu di sebut Sunda teh kuring hayang nyaho jeung wanoh ka manehannana.
Ngan meureun kudu ngagali deui budaya Sunda mah moal mungkin bisa deui da puguh ge geus leungit ngan kuring mah umajak ka sakumna urang Sunda hayu urang tinggalkeun basa lemes (basa lemes teh basa peodal jeung teu saluyu eujeung adat sunda anu egaliter tur teu saluyu jeung basa Sunda karuhun) ayeuna urang pake basa Sunda loma wae, basa loma teh basa Sunda anu dipake ku urang Sunda Baduy, Banten kidul, Jampang, Bogor, Karawang, Subang, Kuningan jeung pilemburan anu nyingkur jauh ka kota Bandung, Tasik, Garut, jeung Cianjur. ka para ahli basa Sunda cing pang nyusunkeun deui tata basa jeung kosakecap basa Sunda bila perlu entong make basa Sunda dialek priangan make weh basa Sunda Bogor (sabab Bogor leuwih boga hak disebut pusatna Sunda tibatan Bandung, Tasik atawa Cianjur) atawa Banten kidul.
Tah ngan kitu pangajak ti kuring mah hampura lamun aya kekecapan anu kaliru utamana kaurang priangan lain kuring ijid atawa ngewa ka urang priangan tapi ngarasa kuring teh urang sunda anu prihatin ningali budayana jeung basana burakrakan kulantaran katalobehan urang Sundana keneh.
 
Wassalam
kuring urang pantura Subang
 
Salman Ali Shalahuddin
 
                   


Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! – Get yours free!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to