Waalaikum salam...

Pamadegan Kang Nana (atawa kang Tisna atawa kang
Salman, kumaha nya kuring nyalukan akang?) estu sarua
jeng pamadegan Kang Ayip (Prof. Dr. Ayip Rosidi),
budayawan anu geus kakoncara saalam dunya tea. Eta
sawala teh kungsi dipedar ku Mangle (geus lila pisan,
aya kana 20 taun ka tukang mah), tapi teu kapanggih
pamustunganana.

Aya hiji deui Kang anu kaliwat ku akang, cenah mah
aksara sunda oge asalnya teh ti wetan. Kumaha atuh?
Tapi, sababaraha waktu ka tukang, kuring kungsi
manggihan tulisan, di internet oge, nu netalakeun yen
para pangagung Sunda di Bandung anu diluluguan ku
Damas (mun teu salah mah) keur daria ngareka-reka
aksara Sunda, ngaganti aksara sunda anu siga aksara
urang wetan tea.

Perkara egaliterian, ras kuring inget ka mangsa
sawatara taun ka tukang... (ke ke ke... ke heula,
kuring teh ti Tasik, aya wetanan oge sabab aki ti
indung teh urang Solo jeung buyut awewe ti bapa urang
Pekalongan, tapi asa genah geuning nyarita kieu teh,
heuheuy deuh...). Basa kuring keur sakola keneh di
Bandung aya hiji paguneman jeung urang sabrang. Enya,
urang Sumatra, tegesna urang Padang. Manehnya nyarita
ka kuring yen di Padang mah euweuh tah nu disebut
undak-usuk basa teh, teu cara di Jawa (maksud manehna
mah tangtu sakabeh Jawa, kaasup Jawa Kulon). Ceuk
kuring harita, di Sunda oge aya anu egaliter siga
kitu, utamana di (harita mah kasebutna teh)
Karesidenan Banten.

Kitu bae heula nya. Hampura Kang, lain mere
bongbolongan, tapi malah nambahan karudet...

Eh, aya hiji deui... Almarhum Prof. Dr. Umar Khayam,
budayawan kakoncara oge, ti UGM, kungsi nyarita: "Ulah
dipake ceurik lamun nu ngarana budaya teh
saeutik-saeutik bakal muguran, laleungitan dihakan
jaman". Teuing atuh, naon atuh nu ngarana "jaman" teh.
Naha sabangsa sandekala atawa batara kala, geuning
karesepna teh ngahakanan budaya?

Cag heula...

AJ

--- nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamualaikum
>  
> Kumaha daramang Ki Sunda sadayana
> hatur nuhun upami damang mah eta anu dipiharep
> kuurang sadaya,
> oge salam keur sakabeh dulur urang anu kamusibatan
> hususna di Aceh umumna disakuliah dunya (ilok
> ngartieun basa sunda nya?) sok sanajan lain urang
> sunda tapi da masih keneh dulur ari di runut nepi ka
> Adam alaihissalam mah. kuring jeung tangtuna kisunda
> sakabeh ngarasa prihatin kuningali kanyataan model
> kieu teh, mudah-mudahan weh dulur-dulur urang anu
> keur kamusibatan dibere kasabaran dina ngayonan
> kasusahna eta. amin!
> Ki Sunda sakabeh !
> kuring ngarasa bagja bisa patepung lawung paamprok
> jonghok eujeung papada urang sunda ngaliwatan
> internet, puguh ge ieu teh kuring ngabogaan
> mangrupa-rupa karudet anu nyangkaruk dina pikiran
> kuring ngeunaan kumaha kahareupna nasib Sunda, Tatar
> Sunda, Urang Sunda, Budaya Sunda, Basa Sunda jeung
> Sunda-Sunda sejenna deui, meureun Ki Sunda boga
> bongbolongan atawa tambana keur kuring?
> anu jadi pasualan utama keur kuring teh ngeunaan
> basa Sunda,
> basa keur budak mah kuring nganggap basa Sunda anu
> bener teh tur asli nyaeta basa urang Bandung, Tasik
> atawa Cianjur anu kawentar basana lemes tur
> ngagunakeun undak usuk basa tapi saenggeus kuring
> rada gede tur rada mineng maca ngeunaan sajarah
> kasundaan geuningan basa-basa anu bieu disebut
> diluhur teh leuwih loba ninggalkeun adat kabiasaan
> cumarita urang sunda da sabab samodel basa lemes teh
> cenah pangaruh tina basa jawa kromo, lamun kitu
> kaayaannana kunaon urang Sunda teu ninggalkeun basa
> lemes wae, geus we cumarita make basa loma da
> rarasaan mah leuwih ngeunah ngomong make basa loma
> tibatan basa lemes (sunda kromo meureun).
> Saenggeus kukuring ditalungtik saeutik geuning bener
> basa Sunda lemes teh leuwih loba ngagunakeun basa
> anu asalna ti basa Jawa Kromo
> Saperti :  basa Jawa                             
> basa Sunda
>                 bade              kuduna            
>  arek
>                 wangsul          kuduna             
> balik
>                 wilujeng          kuduna            
>  salamet (kuring ge teu apal naon ari basa
>                                                     
>          asli Sundana salamet)
>                 enjing             kuduna           
>   isuk
>                 sonten            kuduna            
>  sore atawa burit
>                 siang              kuduna           
>   beurang
>                 wengi              kuduna           
>   peuting
>                 bojo               kuduna           
>    pamajikan
>                 garwa             kuduna            
>   pamajikan
>                 rencang          kuduna             
>  batur
>                 sanes             kuduna            
>   lain
>                 ngantos          kuduna             
>  nungguan, ngadagoan
>                 sing atos-atos kuduna              
> kudu ati - ati
>                 cobi               kuduna           
>    coba
>                 kedah            kuduna             
>   kudu weh atuh
>                 lami               kuduna           
>     lila
>                 sesah            kuduna             
>   hese
>                 girimis           kuduna            
>    miripis
>                 langkung       kuduna               
>  leuwih
>                 cacah            kuduna             
>   somah (meureun)
>                 sae                kuduna           
>     alus
>                 apik               kuduna           
>     hade
>                 kersa             kuduna            
>    daek
>                 abot               kuduna           
>     beurat
>                 alit                kuduna          
>        leutik
>                 ageng/ageung kuduna               
> gede/badag
>                 sakedik         kuduna              
>   saeutik
>                 kantun           kuduna             
>    ninggal
>                 sanaos           kuduna             
>    sanajan
>                 isin/lingsem    kuduna              
>   era
>                 wani/wantun    kuduna               
>  ludeung
>                 alas               kuduna           
>      leuweung jrrd
> malah sakapeung mah kuring ngarasa era lamun ningali
> kabudayaan Sunda geuning anu salila ieu dianggap
> budaya Sunda teh singhoreng lain, saperti mun dina
> wayang golek sok aya pambukaannana biasana teu make
> basa Sunda tapi make basa jawa kromo inggil
> (pedhalangan), lamun aya anu kawinan biasana sok
> meupeuskeun endog ieu ge asalna ti Solo, tuluy deui
> cacarakan ieu anu pieraeun pisan mah, terus bendo,
> kalender, keris, kakawihan dina Cianjuran osok make
> basa Jawa (naha hese ngawih make basa Sunda),
> saperti guru lagu salendro, kinanti, sinom,
> dangdanggula ieu sakabeh kiriman ti beh wetan jadi
> naon atuh anu nyesa ti Sunda teh lamun kitu mah.
> Ceuk pamanggih kuring mah anu disebut kabudayaan,
> basa jeung etika Sunda teh keur jaman kiwari mah
> geus bisa disebut leungit, naon da cumarita,
> ngawayang, kawin, papakean ngawih sakabehna geus
> Jawa abis bis bisss!!! jadi naon atuh anu nyesa ti
> Sunda? naon atuh anu diagung-agungkeun ku urang
> Sunda teh? mana atuh budayana jeung basana? jadi anu
> salila ieu kuurang mumule teh geuning bogana
> deungeun hiks..hiks..hiks....
> Sunda geus burakrakan ti beh kulon jeung ti beh
> wetanna. tulung dulur salembur baraya sakota pang
> nuduhkeun kuring mana sih anu di sebut Sunda teh
> kuring hayang nyaho jeung wanoh ka manehannana.
> Ngan meureun kudu ngagali deui budaya Sunda mah moal
> mungkin bisa deui da puguh ge geus leungit ngan
> kuring mah umajak ka sakumna urang Sunda hayu urang
> tinggalkeun basa lemes (basa lemes teh basa peodal
> jeung teu saluyu eujeung adat sunda anu egaliter tur
> teu saluyu jeung basa Sunda karuhun) ayeuna urang
> pake basa Sunda loma wae, basa loma teh basa Sunda
> anu dipake ku urang Sunda Baduy, Banten kidul,
> Jampang, Bogor, Karawang, Subang, Kuningan jeung
> pilemburan anu nyingkur jauh ka kota Bandung, Tasik,
> Garut, jeung Cianjur. ka para ahli basa Sunda cing
> pang nyusunkeun deui tata basa jeung kosakecap basa
> Sunda bila perlu entong make basa Sunda dialek
> priangan make weh basa Sunda Bogor (sabab Bogor
> leuwih boga hak disebut pusatna Sunda tibatan
> Bandung, Tasik atawa Cianjur) atawa Banten kidul.
> Tah ngan kitu pangajak ti kuring mah hampura lamun
> aya kekecapan anu kaliru utamana kaurang priangan
> lain kuring ijid atawa ngewa ka urang priangan tapi
> ngarasa kuring teh urang sunda anu prihatin ningali
> budayana jeung basana burakrakan kulantaran
> katalobehan urang Sundana keneh.
>  
> Wassalam
> kuring urang pantura Subang
>  
> Salman Ali Shalahuddin
>  
>                     
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  The all-new My Yahoo! – Get yours free!    



        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke