Punten yeuh sim kuring rek milu mairan:
 
"Zamhur \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
...da' ceuk mang ayat oge pakean adat sunda mah.. lain bendo
pakean adat sunda mah make totopong jeng iket barangbang semplak atawa make sarung ciga sicepot tea..
 
>>>>
Leres Kang Agus saur Mang Ayat oge pakean adat sunda mah lain beskap & bendo, da eta mah nyonto ti UJ. Ngan can ditalungtik nu kumaha pakean karaton (Tarumanagara - Padjadjaran), naha sarua make totopong, iket, jeung baju takwa? atawa kawas dina sinetron Saur Sepuh? Atawa urang disain we pakean US utamana keur acara kawin, kaagamaan jste.
-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

..... terus bendo, kalender, keris, kakawihan dina Cianjuran osok make basa Jawa (naha hese ngawih make basa Sunda), saperti guru lagu salendro, kinanti, sinom, dangdanggula ieu sakabeh kiriman ti beh wetan jadi naon atuh anu nyesa ti Sunda teh lamun kitu mah.
>>>>>
Kang Tisna, perkawis bendo/kalender mah akur lah. Nanging ari keris mah saleresna sanes budaya Jawa, tapi budaya Nusantara/Asteng. Ngan memang ngembangna di Jawa, jadi asa UJ nu bogana. Saleresna US sunda boga keris nu kawentar nyaeta keris Galuh (Segaluh ceuk UJ mah) jeung keris Padjadjaran (usiana geus 600-700 taun!). Aya oge keris Cirebon, tapi teu pati kawentar da meureun saeutik empuna jeung urang karaton di Cirebon kurang pisan nandangkeun kerisna. Hiji deui nu jadi hanjakal teh, US teh ngan diidentikeun teuing ka Kujang, mindingan keris US nu satanding jeung keris Majapahit. Sanes waktos urang bedel naon bentena keris jeung kujang jeung naon pangaruhna kana mental US.

Perkawis pupuh mah eta mah asa teu nanaon mun kuurang dipake da eta mah karya sastra. Kulantaran dianggap alus nya dipake (mun teu alus nya tinggalkeun).

------------------------------------------------------------------------------------

kuring mah umajak ka sakumna urang Sunda hayu urang tinggalkeun basa lemes (basa lemes teh basa peodal jeung teu saluyu eujeung adat sunda anu egaliter tur teu saluyu jeung basa Sunda karuhun)
 
>>>>>
Saur Mang Ayat kamari aslina mah US teh demokratis, egaliter meureun nya. Saluyu jeung saur Mang Ayat atuh mangga US di Kusnet nu dina atikan, pangalaman luhur tur lega ngareform, rekonstruksi, revitalisasi supaya boga basa sunda nu "visionary" nu dina danget ieu mah geuning balik deui nyeta nu demokratis tea.
 
------------------------------------------------------------------
...ayeuna urang pake basa Sunda loma wae, .... bila perlu entong make basa Sunda dialek priangan make weh basa Sunda Bogor (sabab Bogor leuwih boga hak disebut pusatna Sunda tibatan Bandung, Tasik atawa Cianjur) atawa Banten kidul.
 
>>>
Ah ulah dikaitkeun jeung saha nu leuwih boga hak, urang babarengan we ngadefinisikeun deui basa sunda nu "visionary" nu bisa ditarima tur dipake "fungsional" ku US di TS ti Lampung nepi ka TS eks Galuh (Enclave TS nu di Jawa Tengah).
 
Sakitu ti sim kuring, papanjangan pisan nya hapunten nu disuhun.
 
salam
jalak sumelang gandring
alias jalak pakuan
 
 


Do you Yahoo!?
Send holiday email and support a worthy cause. Do good.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke