Pan terang FPI nuju teu tiasa
diganggu
-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 24 Januari 2005 8:42
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda]
Pemurtadan dina beus umum
Urang percantenkeun we ka FPI kitu? Da nyanghareupan
nu kieu mah teu kudu handap asor. Naha aya kitu nu gaduh relasi ka FPI?
JP
Dhanny Kurnia
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari teh abi sakulawargi lebaran haji di Bogor,
keluarga besar teh ngariung di Baranangsiang.
Minggu pasosore mulang deui ka Bekasi tumpak beus duka
naon namina mah hilap deui. Palebah beus dugi ka Jalan Tol ceuleungkeung aya nu
ngadon pidato , mimiti namah teu pati dipalire da paling oge ceuk pikir teh nu
ngamen ngan make cara orasi, ari beuki lila geuning si nu pidato teh nyabit-nyabit
Asma Allah, tah mimiti ku abi rada diperhatikeun naon eusi orasina, da eta mah
baraya, matak pikareuwaseun, sabab manehna nyebutkeun yen nu ngaranna "
Tuhan " mah sarua bae , rek ngaranna Allah, atawa Yesus, atawa Dewa, cenah
sarua bae.Terus manehna maca sababaraha lafadz arab ( duka tina Qur`an duka
sanes da kirang jelas ) bari terus dijelaskan ku bahasa Indonesia pajarkeun
cenah teu kudu fanatik kana salahsahiji agama di alam dunya sabab kabeh agama
eta sarua.ari geus anggeus mah orasina manehna teh ngadon mundur ngadeukeutan
panto tukang, teu mentaan duit siga nu ngamen ieu mah.
Kasimpulan abi mah ieu teh aya upaya pemurtadan anu
terang-terangan di tempat publik , kahade ka baraya sadayana bilih aya
praktek-praktek sapertos tadi di sabudeureun baraya, wayahna sing waspada. Atuh
bilih aya baraya anu "berkompeten" dina menanggulangi masalah tadi
mangga atuh geura ditindak, eta jalmi nu orasi gondrong, beresih tur
kasep naek ti pintu Tol Baranangsiang ngan duka turunna dimana mah.
Yahoo! Messenger - Communicate
instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib
Jab's 'Second Term'
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|