Assalamualaikum wr. wb.
 
Kumaha daramang para wargi..???, mugi-mugi bae sadayana nuju aya dina kasalametan sareng karahayuan.
Punten yeuh nembe tiasa ngalongok lembur, raraosan tos aya dua sasihna teu ka babakan, tisabarang wangsul tilembur.
Alatanana..., nyaeta kitu, pakepuk, wangsul cuti disampakkeun rapel koredeun, beres ngored disusul kuperkawis sanes, nya eta ditingkatkeunana Perwakilan R.I. Seoul tina D2 janten D1, anu katambih-tambih pusat ngayakeun parobihan struktur orhanisasi perwakilan-perwakilan RI disakuliah dunya.
Janten seueur masalah anu matak lieurrr...., hal eta ngahudang panyakit warisan nyaeta :"pangedulan", kedul nyerat hal-hal anu daria, kahoyongna teh eleg sareng ocon bae nu aya.
 
Tetela geuning dina waktos anu dua sasih teh seueur pisan wargi-wargi enggal, kukituna sim abdi leuir-leuir oge, kapara wargi enggal, ngahaturkeun ; "Wilujeng Sumping", "Wilujeng Ngariung Mungpulung" diieu Babakan, mugia sing betah kalawan tumaninah ngiringan diieu milis, mangga ulah asa-asa, insya Allah seueur pulunganeunana, seueur petikeunana kalayan seueur alaeunana, boh pangaweruh nyakitu deui tali silaturahmi.
 
Sanaos kaporotan, sim abdi teu hilap ka wargi anu nembe hatam lalajangan, ngiring ngahaturkeun ; "Wilujeng muka lambaran hirup enggal" mugia sing aya dina karuntut rautan dugika pakotrek iteuk, salawasna aya dina ginanjar kawilujengan.
 
Nyakitu deui kapara wargi anu dintenan milang kalana parantos kalangkung, neda agung nya tawakup, jembar hapuntenna sim abdi teu tiasa ngiberkeun milang kalana, kujalaran data-datana teu acan dianyarkeun deui, namung insya Allah saparantos teu pakepuk teuing, bade dikeureuyeuh deui nganyarkeun data milang kalana.
[Pesan Sponsor :] Kanggo wargi anu nembe sumping/enggal, disuhunkeun kalunturan manahna kanggo ngeusian "Data Base"na di http://www.urangsunda.or.id, supados engke dimana sim abdi nganyarkeun data milangkala sakantenan tiasa kalebetkeun.
Tangtos datana anu leres henteu bohong, margi upami bohong mah tandaning jalmi curaling.
 
Punten yeuh nuju rarusuh, abdi teu tiasa lami-lami nepangan parawargi, neda pidu'ana bae mugi-mugi sim abdi enggal dicageurkeun tina "panyakit warisan" tea.
Heuheuheu....
 
Wassalam
 
SSW
nuju ngahekok......
 
  
    



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke