Heuheu... kacipta, hui cilembu diparebutkeun ku mobil jeung ku nu tumpakna...
Masalah inovasi tehnologi, urang mindeng ngadenge yen bangsa urang ge
sabenerna mah mampuh nyiptakeun sarupaning nu kararitu. Geuning
kamari2 ge kabejakeun urang ITB (asana mah) nu oge geus manggihan
sumber bahan bakar alternatif tina siki jarak naon nya basa sundana,
poho deui). Eta anu nepi (bejana) ka masarakat, sigana loba keneh nu
sejenna. Tapi, geus kitu mah balik deui ka pamarentah. Pamarentah
ngarojong teu kana perkembangan inovasi ieu? Sabab lamun teu dirojong
kalawan nyata ku pamarentah, hasil kamotekaran bangsa urang teh bakal
teu kapake...

Enya, Kang Tan. Kuring mah hayang pisan nempo masarakat urang bisa
kalawan sugema nuturkeun kana program pamarentah: atikan dasar 9 taun
minimal. Tapi kanyataanana kumaha? Atuh da sakola teh butuh biaya. nu
teu mampuh mah tong boro keur mayar beaya sakola, keur dahar ge
koreh-koreh cok. Mani nyeredet kana hate, nempo wangunan sakola nu
lalangitna barolong, kentengna balocor, guruna saeutik...

Deudeuh teuing bangsa urang...


On Fri, 18 Mar 2005 06:36:10 -0000, sindang_asih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Numutkeun anjeuna, salian ti kalapa sawit, anu tiasa dianggo bahan
> baku teh nyaeta sampeu sareng hui boled. kabayang, mun hui boled biasa
> mah meureun kategorina premix tea. sedengkeun mun Hui Cilembu,
> kategorina Pertamax. he...he....
> terus, pom bensin ganti di tanjakan nagreg jeung sapanjang padalarang


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke