|
Ari Ceuk kuring mah urang sunda teh teu kitu kitu
teuing.
Nu pasti mah urang hirup teh ibarat cai ngalir ti hulu cai
dugi ka muara, sabab lamun urang ngalawan arus moal kuat....akibatna
cilaka.
sakitu bae
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dudi Sent: Thursday, April 21, 2005 2:25 PM To: [email protected]; [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] "Baiknya Orang Sunda" Haturan baraya,
Kang Tirta, Kang Cep, Kang Dede......
Ari geus kieu kudu kumaha
nulunganana... atuh? Nu matak hirup teh teu cukup ku "bener" wungkul, padahal
hirup bener bae hese. Sapertos kasus Kang Mulyana (cieeeh.....
nga-akangkeun padahal mah teu wawuh-waeuh acan, padah wae anjeuna lalaki da
upami istri mah di-tetehkeun...) ieu hirup geus "bener/idealis" hayoh
kapincut make miluan jadi kpu? naha salah kitu jadi kpu? henteu, teu salah upami
urang jadi anggo kpu tapi kudu ditambah ku "wasapada" jeung "elmu
teknisna" contona kumaha prak-prakanana nyakeun tender upami teu
pangalaman mah moal kuat euy, komo duitna nepi ka triliun rp mah
jurig jaringao ge mariluan jadi "peserta" tender ku kituna urang kudu nyaho
"elmu ngeletek jurig" sok sanajan elmu anu pikageuleuheun, rujit nga ulah
dipiara bisi nyaliara kana diri urang.
Kang De, "lurus teuing" ari ceuk
pamanggih kuring mah keur "lurus", "lempeng", "bener", "bageur",
"hade" jrrd anu positif mah teu aya "teuingna" da hirup mah kudu
kitu, lempeng sa lempengna, bener sa benerna ditambah ku, upamana
caringcing, waspada, elmuna jrrd, curiga mah ulah bisi asup kana goreng sangka
anu dipahing ku agama.
tos ah sakitu bae bisi loba teuing
salahna.
wassalam,
dudi_ss
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] "Baiknya Orang Sunda" Jalak Pakuan
- RE: [Urang Sunda] "Baiknya Orang Sunda" Cecep Wahyu
- Re: [Urang Sunda] "Baiknya Orang Sunda" Jatigede
- RE: [Urang Sunda] "Baiknya Orang Sunda"--hese ... Lukman Hakim

