*************************** ..... geus 4 bulanan nyobaan sundanisasi di kantor teh, kahayang siga kitu teh pedah harita basa keur cuti caritana mah nek meuli titipan keur babaturan di dieu, sabener na mah teu dihaja, kuring teh nanya ka awewe nu jaga toko (UJ/Urang Jawa sigana mah),"Teh ada jamu ..."anu"...", ceuk kuring teh, ari jikun bari nyiku kana beuteung teh ngomong, "ari ayah, siga urang sunda bae di teteh-teteh manehna", ceuk kuring,"naha ari baturmah sok nga'mbak"-keun ningan, bae eta teh awewe na urang batak oge, heheheh"... nga henen we jikun dikitukeun teh.
Tah!, ti dinya pisan, kuring teh sabalikna ti pasar (keur leleseon di diburuan imah), jadi aya pipikiran, nahanya ari UJ (urang jawa) mah ningan bae aya dimana-mendi oge sok siga nu biasa ngomong jawa kasasaha teh ... siga conto bae, salah sahiji babaturan kuring nu UJ, ka kuring teh sok satakerna ari menta tulung teh make bahasa jawa (bae kuring teu ngarti kabeh oge), tapi ari urang????, pedah hayang ngahormatan ka batur kituh? urang teh sok indonesiaan ari ngomong teh, malahan mah mun pas urang na nyaho basa manehna (siga misalna urang teh bisa basa padang), nya ku urang teh sok bari diladenan bae ku basa manehna! Aya ku hemeng sakapeung mah, naha urang teu bisa kitu siga UJ? ceunah hayang ngamumule BS (Basa Sunda). .... ti saprak harita balik deui ka pagawean, si kuring teh caritana mah nyobaan nyundanisasi di kantor (da di kantor teh ngeun kuring bae nu sunda na). Kuring teh mimitina mah nyobaan bae tinu cara nu teu sapira (siga nu disebut keun di luhur tadi), nu biasana kuring nyalukan 'mbak' ka awewe di kantor, ti saprak harita dicobaan bae nyebut na teh "teteh" atawa teh "...anu...." bae maneh na teh lain US oge, kitu oge ka lalakina jadi Kang "... anu...". ...... mimitina mah asa aneh, boh di kuring na kitu oge di manehna (nu calukan) .... tapi lila-lila mah ningan biasa bae, malahan ayeuna mah maranehanana nu kababawa ngabasa sundakeun mun ngomong jeung kuring teh (sok hayang seuri mun UJ nyoba2 ngomong BS teh, boh dina logat na boh dina salah ngartikeu BS-na), salah mah pasti aya di maranehanana tapi nya keun bae ateuh, da kapan niatna oge keur sundanisasi tea lin?, sakapeung mah ku kuring sok dibere nyaho nu benerna kucara heureuy atawa sarieus .... malahan mah ayeuna maranehanana teh nepi keun sok naranya,"Kang!, kalau "...anu..." bahasa sundanya apaan sech???" Heuheuehu.... ayeunamah kuring teh jadi kanyahoan mun US, beda siga harita keur mimitian asup digawe, nyangkana teh urang padang ka kuring (pedah bisa basa jeung logat padang). Asa bungah ayeuna mah mun di calukan Kang, atawa Akang teh, malahan mun di 'mas'-keun teh sok jadi teu puguh ngadanguna !.... hehhehe... Sigana mah ieu teh ceuk kuring mah, nu kudu urang biasa keun sa heulaanan mah, ... enya mimitian bae ti nu hal nu leuleutikan, siga ganti bae ayeuna mah nyalukan "mbak" teh jadi teteh (komo keur baraya nu aya di bandung mah, teu pati hese sigana mah, da kuduna seler sejen nu aya di bandung teh nu kudu ngahormatan ka US). Jadi inget kasauran AA gym tea .... mimiti ti nu leuleutikan, ti diri sorang, ti ayeuna bae pokona mah! Geusan, sakitu heula ah, tunuh yeuh.... hanca, -pun adi- ******************* __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

