Ieu salah sahiji kakayaan basa anu sifatna
"intangible" tea. Anu cenah mah matak kagok jeung
hoream dipraktekkeun ku sabagian Urang Sunda anu pola
pikirna praktis jeung pragmatis. Tapi anehna teh lamun
diajar basa deungeun dibelaan "tihothat" sok sanajan
tulisan, kekecapan jeung hartina beda.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Salahsawios seni Sunda anu parantos langka kapendak
> nyaeta Pantun, padahal basa Pantun teh hiji basa
> sastra anu luhung, anteub, teuleub, endah kadangkala
> sok murwakanti (sanggem pangemut sim abdi), dina
> ngagambarkeun hiji kajadian atanapi hiji kaayaan.
> Malih mah para satrawan (jaman kapungkur), para
> dalang sok nyutat basa juru Pantun, paribasa ; "Saur
> juru pantun..............", atanapi ; "Saur Ki
> Pantun................".
> > Ananging kitu sim abdi nyobian kokoreh dina emutan
> anu masih keneh aya, ma'lum parantos mangpuluh-puluh
> taun, kakituna punten kapara wargi panglereskeun
> dina lepatna pang nambihankeun dina kirangna.
>  
> Ngagambarkeun kegeulisan hiji istri
> (sabeuleugeunjeur) :
> Nya geulis kawanti-wanti,
> nya endah kabina-bina,
> ditilik tigigir lenggik
> ditingal ti tukang lenjang
> diteuteup ti hareup sieup
> ssjb..................................


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke