Saju pisan sareng kang nana. Di wewengkon jawa barat teu aya basa sunda nu ancur. Ayana oge keragaman dialek. Aya dialek bandung, karawang, banten, sukabumi, bogor, jrrd. Kabeh eta dialek teh alus. Nunjukeun kekayaan budaya sunda.
 
Tapi kunaon nu diajarkeun di sakola-sakola di jawabarat teh basa sunda "preanger" nu aya basa lemes, basa sedeng, jeung basa kasar? Etamah keputusan politik kolonial walanda (tahun 1840--an). Harita walanda menyadari di jawa barat aya sababaraha dialek basa sunda. Duka naon dasar pemikiranana ahirna walanda milih basa sunda dialek bandung pikeun diajarkeun di sakola-sakola di jawa barat (tingali buku judulna SEMANGAT BARU, karangan urang jepang, MIKIHIRO MORIYAMA)
 
wasalam,
durachman
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 09, 2005 12:54 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nuhun Uwa Sas

Kumaha cageur Kang Done
 
Rek cumarita mah prak - prak weh Kang, entong sieun disalahkeun.
Basa Sunda dialek Karawang memang beda ti basa dialek Bandung atawa Tasik, tapi lain hartina basa Karawang teh ancur malah akang kudu reueus ka basa Sunda dialek Karawang teh sabab basa Karawangan ieu leuwih saeutik campuran basa deungeunna jeung basana henteu titingkatan.
 
Ari kuring asal mah ti Subang Pantura anu basana sarua eujeung basa Karawangan
 
Salam
Nana Sutrisna


done al-abid <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >> > Punten Mun Basa sunda simkuring rada
> balepotan...ceuk
> > abdimah dikarawang, sakieu mah rada lumayan basa
> > sundana...da sebagian besar basa sundana urang
> > karawang mah rada ancur...(Sia Jeung Aing paling
> > Populer..malahan mun aya urang sunda Tasik Atawa
> > Bandung nu super lemes jeung halus teh jadi bahan
> > tontonan jeung tukang diheureuyan,,,heuehuehue...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke