Baheula keur zaman Mataram kumawasa di tatar Sunda (Iwal Banten) puseur dayeuh Sunda teh ayana di Priangan nyaeta Cianjur, Sumedang Larang, Ukur, Limbangan, Sukapura jeung Galuh. Waktu VOC ngaganti posisi Mataram puseur dayeuh Sunda masih keneh di Priangan (Priangan sentris masih keneh lumangsung nepi ka kiwari). Meureun anggapan Walanda harita basa urang Dayeuh pasti leuwih bener tinimbang basana urang pasisian saperti Karawang atawa Kuningan.
 
Sigana Walanda embung ngagunakeun basa Karawang atawa basa Kuningan teh kusabab dina jaman harita basa Jawa Cirebonan jadi lingua franca di dua daerah ieu. Walanda henteu bisa ngabedakeun mana basa Sunda, mana basa Jawa Cirebonan. Meureun eta oge.


durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saju pisan sareng kang nana. Di wewengkon jawa barat teu aya basa sunda nu ancur. Ayana oge keragaman dialek. Aya dialek bandung, karawang, banten, sukabumi, bogor, jrrd. Kabeh eta dialek teh alus. Nunjukeun kekayaan budaya sunda.
 
Tapi kunaon nu diajarkeun di sakola-sakola di jawabarat teh basa sunda "preanger" nu aya basa lemes, basa sedeng, jeung basa kasar? Etamah keputusan politik kolonial walanda (tahun 1840--an). Harita walanda menyadari di jawa barat aya sababaraha dialek basa sunda. Duka naon dasar pemikiranana ahirna walanda milih basa sunda dialek bandung pikeun diajarkeun di sakola-sakola di jawa barat (tingali buku judulna SEMANGAT BARU, karangan urang jepang, MIKIHIRO MORIYAMA)
 
wasalam,
durachman
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 09, 2005 12:54 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nuhun Uwa Sas

Kumaha cageur Kang Done
 
Rek cumarita mah prak - prak weh Kang, entong sieun disalahkeun.
Basa Sunda dialek Karawang memang beda ti basa dialek Bandung atawa Tasik, tapi lain hartina basa Karawang teh ancur malah akang kudu reueus ka basa Sunda dialek Karawang teh sabab basa Karawangan ieu leuwih saeutik campuran basa deungeunna jeung basana henteu titingkatan.
 
Ari kuring asal mah ti Subang Pantura anu basana sarua eujeung basa Karawangan
 
Salam
Nana Sutrisna


done al-abid <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >> > Punten Mun Basa sunda simkuring rada
> balepotan...ceuk
> > abdimah dikarawang, sakieu mah rada lumayan basa
> > sundana...da sebagian besar basa sundana urang
> > karawang mah rada ancur...(Sia Jeung Aing paling
> > Populer..malahan mun aya urang sunda Tasik Atawa
> > Bandung nu super lemes jeung halus teh jadi bahan
> > tontonan jeung tukang diheureuyan,,,heuehuehue...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to