Waalaikumsalam wr. wb.
Cep Rafly si Uwa mah ti kamari oge parantos ngahapunten ka cep Rafly....!!, malih apan si Uwa oge parantos nyuhunkeun dihapunten ka cep Rafly, sanes ....??.
Syukur Alhamdulillah upami cep Rafly parantos kaduhung (menyesal) kana kalepatan anu kalangkung, insya Allah sadaya wargi oge parantos ngahapunten ka cep Rafly.
Ulah..ulah sedih..., cep Rafly pasti tiasa teras ngiringan di milis, upami ngiringan ieu milis duduluran (persaudaraan) anu di pilari (dicari).
Saleresna si Uwa oge ngaraos agul ku cep Rafly, tina kajadian anu tos kaliwat si Uwa mendakan tilu mutiara didiri cep Rafly;
1. Teu belikan (pundungan)
2. Panceg teu galideur (teguh)
3. Narima (rumasa) kana kasalahan.
Padahal eta sifat teu ngancik dina diri urang Sunda, ceuk stereotype ti etnis deungeun (mangga tinggali dina file postingan para wargi anu kalangkung).
Si Uwa amanat jagi (jaga) eta tilu mutiara teh tambihan ku mutiara-mutiara sanesna, insya Allah cep Rafly tiasa ngiring tandang makalangan.
 
Pidu'a
ssw
(aehhh... ieu teh ka sim abdi kitu......??? heuheuheu geer eung....)


Miih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Punten Uwa abdi Rafly nyuhunkeun dihapunteun sadaya kalepatan abdi anu tos membuat
kesalah besar, abdi teh anggota baru anu teu acan terang tata cara di ieu millist, sakali deui abdi nyuhunkeun di hapunten ka uwa.
Alhamdulillah, ayeuna abdi tos gaduh gambaran, anu tos diterangkeun ku Kang Nanang (Ndoell) abdi ayeuna tos kenal ka uwa, anu tos masihan pepeling anu sangat berarti jeng bermanfaat kanggo Rafly.
Uwa saya teh sedih jeng sangat menyesal atas perbuatan anu pernah saya perbuat di ieu millist, kanggo sadayana US di mana saja berada, melalui ieu millist abdi mohon dihapunten.....
Uwa, abdi teh ayeuna jadi sieun campur sedih, mungkin uwa bisa masihan pepeling deui kanggo abdi supaya abdi teh kiat ngalajengkeun persaudaraan di ieu millist.
Hatur nuhun Uwa mung sakieu anu bisa ku Rafly disampaikan, bilih aya tulisan anu tidak berkenan di hate abdi mohon maaf.
wassalam,
Rafly


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to